Sunday, March 12, 2017

AL-MA'RIFAT

Assalaamu'alaykum warohmatullohi wa barokaatuh...
Wilujeng wayah kiyeu saderek sadaya, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka palih dieu, mamanawian aya manfaat sinareng barokah kangge urang sadaya.
Sareng mudah-mudahan urang sadaya kabagean sakedik Elmu pikeun cacaang hirup, kangge nyukcruk laku tinu maha agung, ngalampahan qodrat tinu maha kawasa.
Ku hal sakitu sumangga ayeuna urang cobi nalungtik hiji kawajiban pikeun urang dina Masalah patekadan.
Dupi guaran anu bade dilarapkeun dina danget iyeu, nyaeta hiji bahasan tentang KA MA'RIFATAN.
Sabab  Ma'rifat teh hukumna wajib ka tiap-tiap jalma anu Mukalaf. 
Dupi anu di sebat Ma'rifat teh nyaeta Kenal atawa nyaho anu sabenerna ka Alloh Ta'ala. Karana Dawuhan Alloh :
فَاعْلَمْ أَنَّهُ لَااِلٰهَ إِلَّااللّٰه
FA'LAM ANNAHUU LAA_ILAAHA ILLALLOOH
Hartosna : Kudu nyaho anjeun yen sayaktosna henteu aya deui pangeran, anu wajib di ibadahan kalawan sabenerna anging Alloh Ta'ala. ( Surat: Muhammad : 19)
Ari Ma'rifat Hartina : Kenal,
Ari 'Ilmu Hartina : Nyaho.
Ari Ma'rifat jeung Ilmu dina iyeu Fan, ceuk Qaul anu Shohih mah eta sarua keneh, tegesna akur maknana nyaeta :
مُطَابِقٌ لِلْوَاقِعِ نَاشِئٌ عَنْ دَلِيْلٍ
MUTHOOBIQUN LIL-WAAQI'I, NAASYI_UN 'AN DALIILIN
Hartosna : Ari ngaran Ma'rifat teh, nyaeta kapengkuhan atawa patekadan anu kukuh anu akur jeung buktina sarta kanyaho eta teh cukul(muncul) tina Dalil atawa alesan.
Syaratna Ma'rifat
Walhasil, atuh ari anu disebut Ma'rifat teh, eta kudu kumpul atawa kudu aya anu Tilu (3) rupa.
Anu Tilu rupa teh nyaeta :
  1. Jazim tegesna Kayakinan anu jauh tina ragu-ragu anu moal ingkah balilahan.
  2. Eta kapengkuhan teh kudu Mufaqoh jeung Waaqi'na, tegesna akur jeung buktina anu aya dina Lawh Mahfudh, anu akur jeung Ilmu na Alloh Ta'ala.
  3. Timbulna ka yaqinan anu bener teh, tina Dalil anu Qoth'i, tegesna Dalil anu pasti benerna, nyaeta Dalil 'Aqli sareng Dalil Naqli Qur'an sinareng Hadits anu Shohih. 

Mangka atuh tiasa dikanyahokeun tina Ta'rif anu nembe, jadi aya genep (6) rupa anu anu kaluar tina Ma'rifat, anu genep eta anu henteu keuna kana harti Ma'rifat hiji-hijina anu genep teh nyaeta :
1. ظَنْ ( Dhon) = Sangkaan anu gede
2. شَكْ ( Syak ) = Mang-mang, akur kaditu kadieu (ragu-ragu ).
3. وَهْمٌ ( Wahmun ) = Sangka anu meueusan.
Iyeu anu Tilu (3) kaluar tina Jazim.
Contona :" Saperti aya hiji jalma ningali anu ngagunduk ti kajauhan, ceuk pikirna : Naha eta teh Batu atawa Munding?"  
Panyangkana anu gede nyaeta nyangka kana Batu, tah eta nu kitu teh namina Dhon, ari panyangkana anu saeutik (nyangka yen eta teh Munding), eta disebut Wahm, lamun tea mah sangkaan nana teh akur atawa sarua, antara batu jeung munding, eta anu kitu namina Syak (ragu-ragu).
4. تَقْلِيْد صَحِيْح (TAQLID SHOHIH)
 Nyaeta kapengkuhan anu mufaqat atawa akur jeung buktina(bener) tapi hanteu make alesan (dalil), ngan sakadar manehna teh Tuturuti kana kecap batur anu ngarti.
Saperti Jalma anu ngayaqinkeun kana ayana Alloh jeung Rosul-Rosulna, sarta nyaho kana sifat-sifatna tapi henteu nyaho kana Dalil-dalilna. Tah anu kitu teh disebutna Taqlid Shohih.
5. جَهْلٌ مُرَكَّبْ ( JAHLUN MUROKKAB )
Nyaeta anu kayaqinan jeung kapengkuhan nana teh henteu Mufaqat jeung buktina atawa sulaya jeung sabenerna, bari make Dalil alesan anu henteu bener.
Saperti Kaum Nashoro nekadkeun kana yen pangeran aya Tilu, jeung maranehan nana yaqin bari make Dalil, tapi salah sabab da ari pangeran mah Hiji.
6. تَقْلِيد بَاطِلْ ( TAQLID BAATHIL )
Nyaeta ka yaqinan anu salah, bari henteu make Dalil.
Saperti Musyrikin Jahiliyyah nyembah kana berhala bari sakadar tuturuti ka para Karuhunna, sarta hanteu make alesan naon-naon.
Tah iyeu anu genep (6) teh nyaeta :
  1. Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Shohih
  5. Jahlun Murokkab
  6. Taqlid Bathil

Eta kabeh oge henteu dingaranan Ma'rifat karana ari ngaran Ma'rifat mah
  1. Kudu Yaqin.
  2. Kudu Bener Mufaqat jeung buktina.
  3. Kudu timbul tina Dalil, ulah tuturuti.
Mangka sing saha bae jalma anu ka sifatan ku salasahijina anu lima (5)  nyaeta :
  1.  Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Bathil
  5. Jahlun Murokkab
Dina 'Aqidah anu Lima puluh (50), mangka eta jalma masih keneh Kufur , Kufur anu buat langgeng dina Naraka.
Anapon ari Taqlid Shohih, eta di Ikhtilafkeun (di pacek-cok keun) ku para Ulama. Ceuk sa Qaul : Kafir jeung ceuk sa Qaul deui mah : Mukmin bari doraka.
Tapi ceuk sa Qaul anu Shohih dina masalah 'Aqoid mah, eta Sah Iman na, tapi eta oge lamun seug manehna Ahli Mikir (Mampuh) kana mikir.
Terus manehna bakal nyandang Doraka lamun ninggalkeun mikir, tapi lamun manehna lain Ahli mikir mah eta kitu teh (Taqlid Shohih) mangka eta Sah Iman na bari hanteu Doraka.

PERKARA ANU WAJIB DI MA'RIFATKEUN
Salajengna dupi perkara anu wajib di Ma'rifatkeun ku sakur-sakur jalma Mukalaf (Urang sadaya) nyaeta :
  1. Sifat-sifat anu Wajib di Alloh 20, sifat anu Mustahil ka Alloh, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di Alloh.
  2. Opat (4) sifat anu Wajib di para Rosul, opat (4) sifat anu Mustahil di para Rosul, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di para Rosul. Jadi jumlah Lima puluh (50) sifat.
  3. 'Aqoid Sam'iyyat, nyaeta nekadkeun kana sagala perkara anu henteu bisa "nyorangan" dina nganyahokeun nana, kajaba nyaho nana teh ku katerangan anu di candak tina al-Qur'an sareng Hadits-hadits anu Shohih. Saperti Iman ka para Malaikat, para Rosul, Kitab-kitab, Poe Qiyamah, jeung anu ka kurung ku poe Qiyamah, jeung Iman kana Qodar jeung Qodlo.
Mangka atuh Wajib hukumna ka tiap-tiap jalma Mukalaf, kudu nganyahokeun atawa apal sarta ngarti kana 'Aqoid anu Lima puluh teh. Sarta di tafshil hiji-hijina jeung Dalil-dalilna. 
Mangka Insya Alloh dina iyeu seratan anu di cutat tina Kitab 
Bade di bagi kana Opat (4) BAB, sareng anapon BAB ka lima (5)na mah KHOTIMATUN.
والله اعلم.
Sakitu nu ka pihatur ti sim kuring anu ضعيف dina nyeratkeun Bab Ma'rifat secara garis gedena.
Wassalaamu 'alaykum warohmatullohi wabarokaatuh

No comments:

Post a Comment

Dipersilahkan untuk meninggalkan jejak walau satu atau duapatah kata.
Terima kasih atas kunjungannya...