Wednesday, December 21, 2016

BABAGIAN JAIZ( WENANG)

Salajengna, Jaiz ceuk akal teh eta kabagi kana dua bagian, nyaeta : 

1. Jaiz 'akli Dloruri

2. Jaiz 'akli nadhori.

Ari Jaiz akli dloruri nyaeta :Sakur-sakur perkara anu Sah ayana atawa euweuhna bari langsung henteu merlukeun kana mikir jeung Dalil, nyaeta saperti conto anu tadi nyaeta : Aya Jirim Usik atawa cicing piligenti, atawa kiyeu Ku Zaed boga anak.

Dupi Jaiz aqli Nadhori nyaeta : 
Tiap-tiap perkara anu kaharti ayana jeung euweuhna, bari kahartina teh saba'da dipikir heula Dalil-dalilna tegesna henteu langsung kaharti sanalika. 

Contona saperti, Ceuk Akal mah wenang Alloh ngaganjar jalma anu kafir tur nyiksa kajalma anu tho'at tur tara ngalakukeun dosa, jeung wenang ngaganjar jalma anu kafir atawa jalma tukang ngalakonan doraka. 

Tah anu kitu teh, moal ujug-ujug kaharti ku akal. 
Kajaba kudu nganyahokeun heula dalilna sifat Wahdaniyyatna Alloh ta'ala. 
Sahingga nepi ka kanyaho yen Sakabeh Alam teh kagungan Alloh ta'ala, Tegesna ari salian Alloh mah henteu aya anu bisa mere tapak sama sakali.

Jadi lazimna; ku ayana akal nyaho, ngarti kana dalil-dalil sifat Wahdaniyyat, tangtu ngarti yen ari kufur, Iman, Tho'at, jeung Maksiat sarua bae mungguh akal mah, sarta hiji-hijina beunang dipake ciri kanu sejenna. 

Saperti Iman, eta ciri kana ka salametan, Kufur jadi ciri kana cilaka, atawa sabalikna oge bisa bae. 

Jeung tangtu akal teh ngartieun kana yen sayaktosna Alloh ta'ala teh Mustahil ka sifatan ku dholim, sanajan ngadamel nanaon bae oge, atawa kumaha bae oge. 

Da anu disebut dholim mah nyaeta : Ngajalankeun hiji perkara anu sulaya jeung parentahan atawa larangan, sedengkeun kapanan Alloh ta'ala mah tukang marentah jeung ngalarang (Henteu aya nu Ngalarang jeung nu marentah ka Alloh mah, da Alloh mah Ratu ning Ratu ), jadi Mustahil Alloh dholim. 

Atawa anu jadi sabab dholim teh nyaeta : 
Nempatkeun hiji perkara lain dina tempatna, atawa ngajalankeun hiji perkara lain dina haqna( dina hak batur) / lain dina mistina, sedengkeun kapan kabeh makhluk oge milk Alloh nyalira, damel Alloh nyalira, jadi Mustahil Aya Dholim di Alloh ta'ala.

Jadi beubeunangan akal mah eta Wenang (Jaiz) Aya Ganjaran atawa siksaan ka unggal mu'min anu Tho'at, ari siksa naraka eta ditangtukeun ka jalma kafir jeung anu doraka, eta mah lain panetepkeu akal, tapi samata-mata kurnia atawa Nugraha Alloh ta'ala jeung ka Adilan nana, nyaeta : 

Anu ditetepkeun ku Syara' kalawan jangjina Alloh ta'ala jeung ancaman nana. 
Alloh milih netepkeun Ganjaran pakeun jalma anu Mu'min anu Tho'at, kalawan sifat fadlolna, kalawan Nugraha.

Alloh netepkeun siksa naraka pakeun jalma anu Kafir jeung Maksiat, kalawan sifat 'Adilna, tah eta anu kitu disebut Wenang(Jaiz) akal Nadhori, karana ka hartina ku akal boh ayana atawa euweuhna teh saba'da dipikir heula jeung dipapay Dalilna.

No comments:

Post a Comment

Dipersilahkan untuk meninggalkan jejak walau satu atau duapatah kata.
Terima kasih atas kunjungannya...