Saturday, December 10, 2016

[ MAKHLUK- مَخْلُوق ]

Ari ta'rifna Makhluk teh nyaeta :

وَالْمَخْلُوقُ هُوَ مَا يُوْجَدُ بِإِبْدَاعِ الصَّانِعِ  

-WAL MAKHLUUQU HUWA MAA YUUJADU BI-IBDAA'ISH-SHOONI'I.

Hartosna : Ari Makhluk teh nyaeta perkara anu di damel kalawan panghayangkeun nana anu ngadamel nyaeta Alloh ta'ala anu ( henteu kapiheulaan ku conto). 

Ari anu matak dingaranan makhluk, margi ayana teh aya anu ngadamelna nyaeta Alloh ta'ala. Mangka atuh sakabeh anu aya, boh bumi atawa langit, atawa anu dimana bae ayana, eta disebut makhluk, tegesna di damel ku Alloh ta'ala.

Dupi sadaya anu dalapan(8) nyaeta : MUMKIN, JAWHAR, JIRIM, JISIM 'ARODL, 'AALAM, MUHDATS, jeung MAKHLUK. Tah eta sadayana oge makhluk keneh (ANYAR) salian ti Alloh ta'ala. 

Beda ngaran soteh pedah beda Ijiran, menurut bahasa arab :

إِخْتِلَافُ الْعِبَارَاتِ بِاخْتِلَافِ الْإِعْتِبَارَاتِ  

- IKHTILAAFUL-'IBAAROOTI BIKH-TILAAFIL-I'TIBAAROOTI
Hartosna : Beda-bedana ngaran sabab beda-bedana Ijiran. 
Contona kiyeu : Zaed, pinter pedah loba elmuna, disebutna MUMKIN pedah ka harti ayana jeung euweuhna. 


Disebut Zaed teh Jirim pedah ngabutuhkeun kana tempat, disebut Jawhar pedah henteu ngabutuhkeun dzat saperti 'Arodl. Disebut Jisim pedah bisa dibagi-bagi, sifat pinterna Zaed disebut 'Arodl, disebut 'Aalam pedah salian ti Alloh. Disebut Muhdats pedah aya mimitina. Disebut makhluk, pedah didamel ku Alloh, da buktina mah eta-eta keneh nyaeta Zaed tea.

Friday, December 9, 2016

[ AL-MUHDATS-اَلْمُحْدَثْ ]

Ari ta'rifna Muhdats nyaeta :

مَا سَبَقَهُ الْعَدَمُ  

MAA SABAQOHUL-'ADAMU.
Hartosna : Ari muhdats teh nyaeta anu ayana teh ka piheulaan ku euweuh, jadi ayana teh aya mimitina.

Anu matak di ngaranan Muhdats, karana aya anu nganyarkeun, nyaeta di anayarkeun ku Alloh ta'ala. 
Jadi, sagala anu parantos di caritakeun nyaeta : 

MUMKIN, JAWHAR, 'ARODL, JISIM, 'AALAM, eta kabeh oge disebat Muhdats, da tadina mah henteu aya. Teras aya, anu ayana teh ka piheulaan ku euweuh tah eta anyar ngaranna, tegesna Muhdats tea.

Thursday, December 8, 2016

[AL-'AALAM- اَلْعَالَم ]

Ari ta'rifna Al-'aalam nyaeta :

اَلْعَالَمُ هُوَ مَا تَغَيَّرَ بِمُرُوْرِ الزَّمَانِ  
AL-'AALAMU HUWA MAA TAGHOYYARO BIMURUURIZ-ZAMAAN.

Hartosna : Ari 'aalam teh eta perkara anu sok robah-robahan ku sabab ngaliwatan nana zaman/waktu. Atawa ta'rifna 'aalam teh nyaeta :
 كُلُّ مَا سِوَى اللّٰه. 
KULLU MAA SIWALLLOH. 
Hartosna : Sagala perkara salian Alloh ta'ala.

Jadi Manusa, jin, sasatoan, bumi, langit, Malaikat, panonpoe, bulan, bentang, surga, naraka, Qolam, lauh mahfudz, Kursyi, 'Arasy, sakabeh eusi langit jeung bumi jeung sakirana anu kasebat, eta disebut 'Aalam, sabab kabeh oge osok robah-robahan(teu angger) dupi babagian 'aalam eta pohara seueurna, sahingga moal tiasa ka carioskeun didieu.

BABAGIAN 'ARODL

Dupi babagian 'ARODL eta aya opat (4) nyaeta :

1. 'Arodl Laazimah (عرض لازمه ) saperti beureumna Emas.


2. 'Arodl Nuurooniyyah ( عرض نورانيّه ) saperti Caang.


3. 'Arodl Mutafaariqoh ( عرض مُتفارقه ) saperti Pangangen sore, isuk.


4. 'Arodl Basyariyyah ( عرض بَشَرِيَّه ) tegesna sifat ka manusaan seperti Gering, Cageur, Faqir, Beunghar, Bungah, Susah, Hirup, Paeh, jeung sabangsana.

[ 'ARODL- عَرَضْ ]

Ari ta'rifna 'Arodl nyaeta :
اَلْعَرَضُ هُوَ مَايَقُوْمُ بِالْغَيْرِ  
AL-'ARODLU HUWA MA YAQUUMU BIL-GHOYRI.
Hartosna : Ari 'arodl teh eta perkara anu sok ngancik atawa cicing di anu sejen. 

Tegesna 'Arodl mah henteu bisa gular-goler sorangan contona seperti sifat beureum, bodas, hideung jeung sabangsana, usik jeung cicing, Kapan ayana dinu sejen. Iyeu anu kabeh moal bisa cicing sorangan seperti kcap beureum, tangtu aya perkara anu ka sifatan ku eta beureum kaya beureumna Cet, beureumna kopeah, jeung conto nu sanesna. 

Piraku aya kcap beureum wungkul, nyakitu deui kcap usik atawa kcap cicing, atuh tangtu aya perkara anu kasifatn nana ku eta usik jeung cicing. 

Anu matak disebat 'arodl, karana sok robah-robah alias henteu angger. Da 'arodl mah tara cicing dina dua(2) waktu. 
Insya Alloh penjelasan nana engke dina sifat Wujud.

[JISIM- جِسِمْ ]

Ari ta'rifna Jisim nyaeta :
اَلْجِسْمُ هُوَ مَا تَرَكَبَ مِنَ الْمَحَلِ وَالصُّوْرَةِ 
AL-JISMU HUWA MAA TAROKABA MINAL-MAHAALI WASH-SHUUROTI

Hartosna : Ari Jisim teh nyaeta perkara anu kasusun tina dzat jeung bentuk/rupa, nyaeta : 
مَا يُدْرَكُ بِالْخَوَاسِ الْخَمْسِ  
MAA YUDROKU BIL KHOWAASIL-KHOMSI, tegesna perkara anu kapanggih ku panca indera ( lima anggaota) nyaeta : 
Panon, Panangan, Cepil, Pangambung, sareng Lisan.

Jadi atuh anu ngaran Jisim teh, khusus kanu aya bentuk bungkeuleukna. 

Beda jeung Jirim da ari Jirim mah eta Umum boh anu ngabungkeuleuk atawa henteu. 

Jadi atuh, Jalma, Batu, hawa, malaikat, eta disebut oge Jirim.
Da ari Jisim mah eta ngabogaan juz atawa bagian tur bisa dibagi-bagi.

Anu matak di ngaranan Jisim oge karana pedah bisa dibagi-bagi.

Dupi Jisim eta aya dua(2) warna, nyaeta : 

- Jisim Murookab (مُرَاكَبْ ) secara badan, batu jeung bangsana.

- Jisim Ta'limiy ( تَعْلِمِيّ ) secara jero, rubak/lebar jeung panjang.

JAWHAR [ جَوْهَرْ ]


Dupi ta'rifna Jawhar nyaeta :
وَالْجَوْهَرُ هُوَ اَلْغَنِيُّ عَنِ الْمَحَلِ اَوْ مَاقَامَ بِنَفْسِهِ 
WAL-JAWHARU HUWA AL-GHONIYYU 'ANIL-MAHALU AW MAA QOOMA  BINAFSIHI.
Hartosna : Ari Jawhar teh nyaeta perkara anu sugih atawa heteu butuh kana Dzat, atawa perkara anu ngadeg sorangan, henteu butuh kana Dzat, ngan butuh kanu ngadamel.
Upama Jawhar mah henteu butuh kana Dzat, Mangka ari 'Arodl (عَرَضْ )mah eta sifat, cara beureum, bodas, usik cicing, jangkung, pendek. 
Jadi 'arodl mah butuh kana dzat pikeun ngancikna. Da 'arodl mah tara gular-goler sorangan, tapi sok cicing dibatur.

Dupi contona perbedaan antara JIRIM, JAWHAR jeung 'ARODL nyaeta saperti ucapan : Aya jalma Jangkung hideung keur nangtung. 
Tah ari bungkeuleukna eta Jalma, disebut JAWHAR, Ari Jangkung hideungna eta disebut 'Arodl, ari sakumplitna Jawhar jeung 'Arodl eta disebut JIRIM.

Dupi Jawhar eta aya genep(6) warna, nyaeta : 

1. Jawhar Mujarrod ( جوهر مجرد ) secara Kilat.

2. Jawhar Khuyuuli ( جوهر خيولى ) secara dzat anyar.

3. Jawhar Shuuroh ( جوهر صوره ) secara sifat anyar.

4. Jawhar Tashriifii ( جوهر تصريفي ) secara nafas.

5. Jawhar Taqwiim ( جوهر تقويم ) secara akal.

6. Jawhar Fardun/ Firid ( جوهر فردٌ/ فِرِد ) secara seuneu dina batu.

BAGIAN JIRIM

Dupi Jirim eta aya dua(2) warna, nyaeta : 

1. Jirim lathif hartina anu lemes/halus cara hawa(angin).

2. Jirim Tajassud tegesna anu ngajasad kasar cara batu, kayu, cai, hayawan, jalma jeung sabangsana.

Dupi kawajiban Jirim, atawa ciri khosna(khususna) Jirim eta aya opat (4) nyaeta :

- Jirim kudu ngalap tempat.
- Jirim kudu usik jeung cicing piligenti.
- Jirim kudu ngabogaan sifat warna, seperti : bodas, hideung jeung bangsana, pendek jangkung, leutik, gede.
- Jirim kudu kabungkus ku Arah ( jihat) anu genep : Luhur, handap, hareup, tukang, kenca jeung katuhu.

Dupi ka Mustahilan Jirim, eta aya opat(4) nyaeta :
- Mustahil tegesna henteu ka harti ku akal upama jirim henteu ngabogaan tempat.
- Mustahil Jirim henteu usik, henteu cicing, babarengan dina dina hiji Jirim, dina hiji waktu
- Mustahil Jirim henteu boga sifat.
- Mustahil Jirim henteu kabungkus kua arah anu genep (6).

Dupi ka wenangan Jirim eta aya opat (4) nyaeta : 
- wenang Jirim rek diditu rek didieu.
- wenang Jirim rek bodas, hideung jeung bangsana.
- wenang Jirim rek diluhur atawa dihandap.
- wenang Jirim usik atawa cicing.

Dupi katerangan Jirim eta aya opat(4) nyaeta :
- اَيْن = Ayna= dimana
- مَتَى = Mataa= iraha
- كَيْف = Kayfa = kumaha
- كَمْ = Kam=Sabaraha.

Jadi Jirim mah bisa ditangtukeun ku anu opat pertanyaan tadi.
Beda jeung Alloh, Alloh mah henteu bisa ditanyakeun ku pertanyaan anu opat(4) tadi, da Alloh mah lain Jirim, beda jeung sakabeh Makhlukna.

Dupi kabogana Jirim eta aya sapuluh perkara nyaeta :
- Cageur
- Gering
- Beunghar
- Malarat
- Bungah
- Susah
- Jagjag
- Ripuh
- Hirup
- Paeh.

Wednesday, December 7, 2016

JIRIM

Ari ta'rifna Jirim nyaeta :

مَا يَتَحَيَّزُ قَدْرًا مِنَ الْفِرَاغِ


MAA YATAHAYYAZU QODRON MINAL-FIROOGHI

Hartosna : Ari Jirim teh nyaeta sakur-sakur perkara anu sok ngalap tempat, tegesna anu sok ngabutuhkeun kana tempat kalawan saukuran eta Jirim, tina kokosong. 


Sakur-sakur benda anu ka tingali oge henteu katingali, tah eta disebat Jirim. 
Ari anu matak disebat jirim teh, karana pedah ngalap tempat.

Tuesday, December 6, 2016

BABAGIAN MUMKIN

Ari babagian Mumkin eta aya opat (4)


1. Al-Mumkinul wujudu ba'dal 'adam ( الممكن وجود بعد العدم ) 
Al Mumkinul wujudu ba'dal 'adam teh nyaeta mumkin anu ayana teh saba'da euweuh.
Saperti urang jeung makhluk-Makhluk liyanna, kapan asalna teu aya.

2. Al-Mumkinul ma'dumu ba'dal mawjud 
( الممكن المعدوم بعد الموجود)
Al-Mumkinul ma'dumu ba'dal mawjud teh nyaeta mumkin anu geus euweuh saba'da aya,nyaeta saperti jalma-jalma anu ayeuna parantos maraot.

3. Mumkinun Sayuujadu ( ممكن سيوجد )
Mumkinun Sayuujadun teh nyaeta Mumkin anu bakal aya(can aya) tapi dikersakeun ku Alloh buat diayakeun.

4. Mumkinun 'alimalloh annahu laa yuujadu ( ممكن علِمَ اللّه انه لايوجد ) 

Ari Mumkinun 'alimalloh annahu laa yuujadu teh tegesna mumkin anu ka uninga ku Alloh yen eta mumkin moal di ayakeun, contona saperti : Tanduk dina hulu ucing. 
Tah eta wenang ayana, henteu mustahil ceuk akal, da Alloh maha kawasa. 
Tapi henteu didamel ku Alloh tanduk dina hulu ucing.

MUMKIN ممكن

Ari ta'rifna Mumkin atawa jaiz teh nyaeta :

اَلْمُمْكِنُ هُوَ مَا يَصِحُ وُجُوْدُهُ وَعَدَمُهُ 
AL-MUMKINU HUWA MAA YASHIIHU WUJUUDUHU WA 'ADAMUHU.

Hartosna : Ari ngaran mumkin teh nyaeta anu Sah ayana jeung euweuhna. 
Tegesna sakur-sakur perkara anu ayana ka harti ku akal, oge nyakitu euweuhna kaharti ku akal, tapi piligenti. 

Saperti urang jeung makhluk anu sakabehna eta disebut Mumkin. Anu matak di ngaranan Mumkin sabab kaharti ayana jeung euweuhna.

TANBIH

[ IYEU HIJI PENERANGAN]

Pikeun jalma anu ngaji Ilmu Akal,mangka penting pikeun anu rek nganyahokeun Ilmu akal, nganyahokeun heula sakabeh perkara anu kapanggih ku akal salian Alloh ta'ala jeung sifatna, nyaeta anu dalapan (8) nyaeta : 

- MUMKIN ( ممكن  )
- JIRIM( جرم )
- JAWHAR ( جوهر )
- JISIM (جسم )
- 'ARODL (عرض )
- 'ALAM ( عالم )
- AL MUHDATS ( محدث )
MAKHLUK ( مخلق )

Iyeu anu kabeh teh anyar jeung tangtu makhluk, da asalna mah euweuh, ayana di ayakeun atanapi didamel ku Alloh ta'ala.

PENJELASAN BAGIAN ANU KATILU

Dupi bagian anu katilu tadi anu disebat MUDRIK MUTA'ARIF eta aya sapuluh(10) perkara, anu lima perkara aya dina anggaota lahir, ari anu lima deui aya dina anggaota bathin.

Dupi anu lima (5) anu aya dina anggaota lahir nyaeta :


1. Paningali anu aya dina panon, Ta'alukna atawa larapna kana sabelas perkara, nyaeta:
Caang
Poek
Rupa jisim
Latarna
Bangunna
Sifatna
Anggangna
Deukeutna
Gerakna
Cicingna
Jeung bilangan nana.


2. Pangdenge anu aya dina ceuli, ari ta'allukna kana dua perkara nyaeta :
Suara tarik
Suara alon.


3. Pangambeu anu aya dina irung Ta'alukna kana dua perkara, nyaeta :
Bau
Seungit/wangi.


4. Pangrasa anu aya dina letah, ta'alukna kana tujuh perkara, 

nyaeta :
Amis
Haseum
Pait
Asin
Kesed(sepet)
Keutar
Tiis.


5. Panyabak/pangraba anu aya dina dampal leungeun jeung baturna, ta'alukna kana sapuluh perkara, nyaeta :
Panas
Tiis
Baseuh
Garing
Lemes
Kasar
Teuas
Hipu
Beurat
Hampang.


Dupi anu lima deui eta aya dina anggaota Bathin, nyaeta :

HISSUL MUSYTAROK

Hissul Musytarok nyaeta anu ngabuktikeun nangkep sagala gambaran-gambaran bangsa Hisi tegesna anu bisa kapanggih ku panca indera anu kasebat tadi. Tah eta Hissul musytarok teh eta anu aya dina gurat polo/otak beulah hareup.

AL-QUWWATUL KHOYYAALI

Al-quwwatul khoyyaali nyaeta gudangna hissul musytarok, tempatna dina tukangeun hissul musytarok.

AL-QUWWATUL WAHIMMAH

Al-quwwatul wahimmah nyaeta anu ngabuktikeun kana rupa-rupa perkara anu bangsa ma'aniy 'aqliyyi nyaeta anu henteu bisa kapanggih ku salasahiji panca indera ( lain bangsa hissi) dupi tempatna dina gurat anu tengah.

AL-QUWQATUL HAAFIDHOH

Al-quwwatul Haafidhoh nyaeta anu jadi gudangna Al-quwwatul wahimmah, tempatna dina gurat anu pang tukangna.

AL-QUWWATUL MUTASHIRRIFAH


Al-quwqatul mutashirrifah nyaeta anu ngatur, ngarobah, nyusun, misahkeun ngumpulkeun, nepungkeun, jeung sabangsana. Tempatna anu ngalintang ditengah.

Iyeu Gambaran nana :
1. Tempat Hissu Musytarok
2. Tempat Khoyyali
3.Tempat Al-Wahimmah
4. Tempat Al-Mutashorrifah ( anu malintang)

5. Tempat Al-Hafidhoh



BALADNA AKAL

Dupi baladna Akal eta aya opat(4) nyaeta :

1. Baa'its Mustahats ( باعث مستحث )


Baaits mustahats nyaeta tukang ngabangunkeun, ngajurung kalawan narik sagala perkara anu dipikabutuh anu manfaat  nyaeta syahwat, jeung ngajurung nolak kana sagala perkara anu matak ngaruksak jeung matak madarat, nyaeta Ghodlob tegesna ambek. Ari anu kahiji eta disebut IRODAH HADITSAH, tegesna pasejaan anu anyar.

2. MUHARRIK ( محرك )


Muharrik nyaeta anu ngagerakkeun kana sakabeh anggaota supaya ngahasilkeun kana sagala perkara anu dimaksud nyaeta anu disebut QODAR HADITSAH, tegesna kakawasaan anyar, anu aya dina sakabeh anggaota badan.

3. MUDRIK MUTA'ARRIF ( مدرك متعارف )


Mudrik muta'arif nyaeta anu mapay nganyahokeun jeung ngabuktikeun kana sagala perkara, iyeu bagian (mudrik muta'arif) aya sapuluh (10) perkara engke dipayun.

4. DALIL ( دليل )


Dalil nyaeta anu anu tukang nuduhkeun kana jalan, nyaeta (Ilmu) jeung Musyir tukang ngadfis ngabimbing nyaeta pikiran.


BAGIAN AKAL

Dupi bagia akal eta aya lima(5) nyaeta : 

1. Akal GHARIZIY

Akal gharizi nyaeta anu dicawiskeun buat ngabuktikeun ilmu-ilmu anu bangsa Nadhori.

2. Akal KASBIY

Akal kasbiy nyaeta akal anu dipake milih mana perkara hade.

3. Akal 'ATHOI

Akal 'athoi nyaeta akal HIDAYAH TAUWFIQ kana Iman Islam.

4. Akal ZUHAD

Akal zuhad nyaeta akal anu dipake tapa( henteu ka sengsrem) kana haliah dunia.

5. Akal SYAROFI

Akal syarofi nyaeta akal Nubuwwah/akal ka Nabiyan, saperti akal anu dipapatinkeun ka Nabi Muhammad shollalloohu 'alayhi wa sallam.
Dupi ka ayaan akal dina badan jalma eta saperti ka ayaan Raja diluhur bumi, tur ngabutuhkeun kana balad.

KA UTAMAAN AQAL

Dupi ka utamaan Akal, nyaeta Akal teh anu jadi asal kana urusan dunia jeung urusan agama, kana rupa-rupa  adab kasopanan.

Dupi martabatna Akal eta aya opat(4), nyaeta :


1. AKAL HUYUULAAII ( عقل هيولائي  )


Akal huyuulaaii nyaeta akalna budak anu acan bisa mikir.

2. AKAL  MALAKATUN (  عقل ملكة )


Akal malakatun nyaeta akalna jalma anu geus bisa mikir.

3. AKAL BIL-FA'LI ( بالفعل  )

Akal bil-fa'li nyaeta akalna jalma anu geus faham tur ngarti.


4. AKAL MUSTAFAD ( عقل مستفاد )


Akal mustafad nyaeta akalna jalma anu geus pinter( anu nyata-nyata buah fikiran nana di alaf faidah ku balarea.

العقل/ AKAL

Ari ta'rifna akal nyaeta :

اَلْعَقْلُ هُوَ لَطِيْفَةٌ رَبَّانِيَّةٌ رُوُحَانِيَّةٌ وَهِيَ حَقِيْقَةُ الْإِنْسَانِ وَهُوَ اَلْمُدْرِكُ اَلْعَالِمُ اَلْعَارِفُ مِنَ الْإِنْسَانِ وَهُوَ اَلْمُخَاطَبُ وَالْمُعَاقَبُ وَالْمُعَاتَبُ وَالْمُطَا لَبُ.

AL-'AQLU HUWA LATHIIFATUN ROBBAANIYYATUN RUUHAANIYYATUN WA HIYA HAQIIQOTU AL-INSAANI WA HUWA AL-MUDRIKU AL-'AALIMU AL-'AARIFU MINAL-INSAANI WA HUWA AL-MUKHOOTHOBU WA AL-MU'AAQOBU WA AL-MU'AATABU WA AL-MUTHOOLABU.

Hartosna: 
Ari akal eta JISMUN LATHIIFUN ( lembut/halus) bangsa Ruh anu moal aya anu uninga kana sajatina anging Alloh ta'ala, akal teh eta haqiqatna jalma anu jadi sabab bisa ngabuktikeun jeung ngarti, anu nyaho jeung Ma'rifat ti eta jalma, anu jadi sabab diparentahna jeung dipenta pertanggungan jawabna, jeung anu dipangloh(di nahakeun)nana jeung anu di tagihna ti eta jalma.

Monday, December 5, 2016

NAFSU


[ اَلنَّفْسُ  ]


Ari nafsu eta aya dua warna nyaeta : 

1. ( نَفْسُ غَرِيْزِيٌ ) NAFSU GHORIZIYYUN,  Tegesna nafsu anu manceb ngengket di eta jalma disatiap jalma anu hirup, dicawiskeun pikeun ngabuktikeun, misalna dahar, nginum, birahi, ngabela diri jeung bangsana. Malah disato oge aya nafsu ghorizi iyeu, lamun dijalma sok dipake alat ku Setan, sok diarahkeun kana rupa-rupa ka jahatan.

2. ( نَفْسُ لَطْفَةٌ مُدْرِكَةٌ  ) NAFSU LATHIIFATUN MUDRIKATUN, Nyaeta perkara anu kacida lemesna(lembutna)  anu jadi sabab ngabuktikeun kana papanggihan nana. Tah nafsu anu iyeu kabagi deui kana sapuluh (10) bagian, nyaeta : 

1. Nafsu AMARAH

Nafsu amarah teh nyaeta nafsuna jalma anu masih LIAR, anu hanteu dipager ku pager-pager watesan ka Islaman.

2. Nafsu LAWWAAMAH

Nafsu Lawwamah teh nyaeta Nafsuna jalma anu sok Tobat jeung nyela kana dirina diman tiba kana kamaksiatan.

3. Nafsu ASSAASAH

Nafsu Assaasah teh nyeta Nafsuna jalma anu masih kotor ku rupa-rupa maksiat.

4. Nafsu MUTHMAINNAH

Nafu Muthmainnah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus anteng dina Imanna tur jongjon, sarta tenang dina Ma'rifat jeung ibadah ka Alloh ta'ala.

5. Nafsu MUSYTAROH

Nafsu Musytaroh teh nyaeta nafsuna Jalma anu dijual ka Alloh ta'ala kana ka ridoan jeung ni'matna lantaran sampurna Iman Tho'at jeung ibadahna.

6. Nafsu SAWWAALAH

Nafsu Sawwalaah teh nyaeta nafsuna jalma anu tukang nyieun jalan-jalan kajahatan jeung macem-macem kagorengan.

7. Nafsu ZAKIYYAH

Nafsu Zakiyyah teh nyaeta nafsuna jalma tukang beberesih, anu geus beresih lahir bathin tina sagala kokotor anu ngahijab.

8. Nafsu DzAKIRAH

Nafsu Dzakirah teh nyaeta nafsuna jalma anu geua tara poho ka Alloh ta'ala.

9. Nafsu MAMLUUKAH

Nafsu Mamluukah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus menyerah ka Alloh Dhohir batin dina sagala hal, geus Fana ka Alloh ta'ala.

10. Nafsu 'ILMIYYAH

Nafsu 'Ilmiyyah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus pinuh ku ilmu Kamaalat nyaeta ku ilmu anu nepikeun kana sagala kasampurnaan.

BAHASAN KADUA MERTELAKEUN BATHIN MANUSA

Dupi anu di sebat batin manusa dina iyeu Fan nyaeta lain anu dimaksud ku Dokter badan, bagian jero badan bangsa Hisi, tapi didieu rek nerangkeun batin manusa bangsa ma'nawi. Margina tangtos aya perbedaan misalna : 
Menurut hasil pemeriksaan, iyeu si Fulan Ati na sehat tegesna henteu aya panyakitan, tapu ceuk jalma anu mariksa bagian Ma'nawi mah, iyeu si Fulan teh gering Atina tur aya panyakitan lantaran iyeu si Fulan teh ka batur sok Hasud, Takabur, ibadahna henteu ikhlas (hayang pamuji makhluk) malah aqidahna oge nyaliwang. Ku iyeu conto, jelas bedana manusa dina bagia Hisi jeung bagian Ma'nawi.

Salajengna ku margi anu dimaksud ku iyeu kitab/tulisan teh rek mertelakeun USHULUDDIN, anu iyeu ilmu teh patali jeung hukum akal, mangka langkung tipayun perlu ngabahas heula ngeunaan : 
Akal, Nafsu, jeung Ruh sangkan bisa ngabeda-bedakeun hiji-hijina.

(فاعلم  ) 

Mangka kedah di uningakeun yen dina badan manusa teh aya tilu (3) perkara: 

1. Ruh (nyawa) anu jadi sabab hirupna badan, anu jadi syarat kana sagala perkara. Tah iyeu mah moal bisa dipertelakeun, sabab haqiqatna Ruh mah rahasiah, uruseun Pangeran, sakumaha dawuh Alloh dina surat Isro' ayat 85 anu uni na
 ( قُلِ الرُّحُ مِنْ أَمْرِ رَبِّيْ  ) 
Hartosna : Caritakeun, ari Ruh mah eta urusan Pangeran kami.

2. Nafsu, anu jadi tetepna hirup.

3. Akal, Nyaeta Haqiqatna manusa anu jadi nyaho jeung ma'rifat tina eta jalma, ku eta akal bisa ngabedakeun antara sato jeung manusa.

Sunday, December 4, 2016

IHSAN

Ari ta'rifna IHSAN nyaeta :

اَلْإِحْسَانُ هُوَ اَنْ تَعْبُدَ رَبَّكَ كَأَنَّكَ تَرَاهُ، فَإِنْ لَمْ تَكُنْ تَرَاهُ فَإِنَّهُ يَرَاكَ 

AL IHSAANU HUWA ANTA'BUDA ROBBAKA KA-ANNAK TAROOHU, FA IN-LAM TAKUN TAROOHU, FA INNAHU YAROOKA.

Hartosna : Ari ngaran Ihsan teh nyaeta : Ibadah( nyembah jeung Nauhidkeun ) anjeun ka Pangeran anjeun sing cara anjeun ningali ka Pangeran, lamun anjeun henteu bisa sacara ningali, mangka sing alus bae amal anjeun, Da ari Pangeran mah ningali ka anjeun. Atuh anjeun sing boga rasa ditingali ku pangeran.

Dupi anu awal nyaeta lafadz : KA-ANNAKA TAROOH, Eta isyarah kana maqom Musyahadah nyaeta Haqqul Yaqin, anu tadi dina Martabat atanapi tingkatan Iman. Karana ari jalma anu atina ningali ka pangeran mah tangtu khusu'na, ikhlas, sareng isin moal ngalirik anu sejenna, tah iyeu lebet kana maqom SHIDDIQIN

Dupi anu kadua nyaeta lafadz : FA-IN LAM TAKUN TAROOHU FA-INNAHUU YAROOKA, eta isyarah kana kana iman 'Iyan, anu disebat maqom MUROQOBAHtea. 

Dupi Muroqqobah aya dua puluh ngan berhubung teu kaserat didieu. Mangka tasa dipilari dina kitab 'Umdatus saalik karya Asy-Syekh Mushlih al-Muroqiy ti halaman 86 dugi ka halaman 141, didinya tiasa jelas hiji-hijina.