Sunday, March 12, 2017

SIFAT-SIFAT AQOID ILAAHIYYAT

Assalaamu'alaykum wa rohmatullohi wa barokaatuh...
Wilujeng patepang deui, wileujeng ngopi sinambi Nyufi sareng jisim abdi.
Meungpeung aya waktos rada senggang, sumangga ayeun urang lajengkeun deui bahasan anu katunda dina BAB AWWAL FIL-ILAAHIYYAT kumargi da sayaktosna teu acan beres namung sim kuring kabujeng tunduh.
Dina danget ayeuna urang coba dibuka hiji-hiji naon bae atuh anu ka asup kana Aqoid Ilahiyyat teh...? Cenah dugi ka Opat puluh Hiji sifat.
SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
Sumangga urang uningakeun heula anu pang payunna dina Aqoid Ilahiyyat nyaeta "Sifat anu wajib di Alloh" .
Dupi sifat anu wajib di Alloh, nyaeta :
  1. Sifat Wujud = Aya.
  2. Sifat Qidam = Tiheula, Teu aya Mimitian.
  3. Sifat Baqo = Langgeng, teu aya tungtungna.
  4. Sifat Mukholafatun Lil-Hawaditsi = Ngabedaan Alloh Ta'ala ka sakabeh anu anyar.
  5. Sifat Qiyamuhu Binafsihi = Sugih Alloh sabab Dzatna.
  6. Sifat Wahdaniyyat = Tunggal Dzatna, Tunggal Sifatna, Tunggal Af'alna.
  7. Sifat Qudrot = Kawasa.
  8. Sifat Irodat = Keresa.
  9. Sifat 'Ilmu = Uninga.
  10. Sifat Hayat = Hirup.
  11. Sifat Sama' = Ngarungu.
  12. Sifat Bashor = Ningali.
  13. Sifat Kalam = Ngadawuh.
  14. Sifat Kawnuhu Qodiiron = Buktina Alloh Kawasa.
  15. Sifat Kawnuhu Muriidan = Buktina Alloh Anu Keresa.
  16. Sifat Kawnuhu 'Aliiman = Buktina Alloh anu Uninga.
  17. Sifat Kawnuhu Hayyan = Buktina Alloh Anu Hirup.
  18. Sifat Kawnuhu Samii'an = Buktina Alloh anu Ngarungu.
  19. Sifat Kawnuhu Bashiiron = Buktina Alloh Anu Ningali.
  20. Sifat Kawnuhu Mutakalliman = Buktina Alloh Anu Ngadawuh.
Tah eta rincian tina sifat anu wajib di Alloh secara singkatna wungkul, anapon perincian sareng dalil-dalil hiji-hijina mah insya Alloh dina bahasan anu bakal dongkap.
Salajengna ayeuna urang nguningakeun lalawanan nana sifat anu Wajib di Alloh, nyaeta "Sifat Anu Mustahil di Alloh".
SIFAT-SIFAT ANU MUSTAHIL DI ALLOH
Dupi sifat-sifat anu Mustahil di Alloh oge, eta sami aya Dua puluh rupi. Wincikan Aqoid ilahiyat anu ka lingkup dina sifat-sifat anu Mustahi di Alloh teh nyaeta :
  1. 'Adam = Euweuh.
  2. Huduts = Anyar, Aya mimitian.
  3. Fana = Ruksak.
  4. Mumatsalatun Lil-Hawaaditsi = Nyarupaan kana perkara anu Anyar.
  5. Ihtiyaajuhu Ilaa Mahalin Aw Mukhosh-shoshin = Mikabutuh kana Dzat, atawa ka anu ngaya keun.
  6. Ta'addudun = Bingbilangan.
  7. 'Ajzu = Apes atawa Lemah.
  8. Karohah = Ka paksa.
  9. Jahlun = Bodo.
  10. Maut = Paeh.
  11. Shomamun = Torek, atawa Budeg.
  12. 'Umyun = Lolong atawa Buta.
  13. Bukmun = Pireu atawa Bisu.
  14. Kawnuhu 'Ajizan = Buktina anu Apes.
  15. Kawnuhu Kaarihan = Buktina anu Kapaksa.
  16. Kawnuhu Jaahilan = Buktina anu Bodo.
  17. Kawnuhu Maytan = Buktina anu Maot.
  18. Kawnuhu Ashomma = Buktina anu Torek.
  19. Kawnuhu A'maa = Buktina Anu Lolong.
  20. Kawnuhu Abkama = Buktina anu Pireu (Bisu).
Maha Suci Alloh tina Sifat-sifat anu Mustahil ka Anjeunna.
Sakitu tah wincikan nana sifat anu Mustahil di Alloh teh, anu iyeu oge insya Alloh kapayun baris ka bahas secara rinci.
Ayeuna kantun anu terakhir dina Aqoid Ilaahiyyat, nyaeta sifat-sifat anu Jaiz atanapi Wenang di Alloh.
SIFAT-SIFAT ANU JAIZ ATANAPI WENANG DI ALLOH
Saparantosna urang nguningakeun Aqoid Ilahiyyat perkawis sifat anu Wajib di Alloh sareng sifat anu Mustahil di Alloh, sumangga ayeuna suang di ulas sakedik naon atuh ari sifat anu Wenang di Alloh teh....??
Dupi sifat anu Wenang di Alloh, eta ngan aya Hiji nyaeta : 
فِعْلُ كُلِّ مُمْكِنٍ اَوْ تَرْكُهُ
FI'LU KULLI MUMKININ AW TARKUHUU
Hartosna : Ngadamel sagala Mumkin atawa henteu Ngadamelna.
Dupi anu di sebat Mumkin teh nyaeta sakur-sakur perkara anu sah Ayana jeung sah oge Euweuhna.
Tegesna anu aya jeung euweuhna teh eta dibenerkeun ku Akal.
Dupi ngaran Sifat  nyaeta :
اَلْاَمْرُ الثَّابِتُ لِلْمَوْصُوْفِ
AL-AMRUTS-TSAABITU LIL-MAWSHUUFI
Hartosna : Perkara anu tetep dina Dzat anu di sifatan nana.
#313
Tah sakitu nu kapihatur sakedik uraian dina medar Aqoid Ilaahiyyat mudah-mudahan ku ulasan anu sakedik iyeu ngajantenkeun langkung kandel tur pancegna ka Imanan urang sadaya.
Aamiin...
والله اعلم

الباب الأوّل فى الإلٰهيّات AL-BAABUL AWWAL FIL-ILAAHIYYAT

Bismillaahirrohmaanirrohiim...
Sateu acanna panjang-lebar ngabahas Bab per Bab anu aya dina iyeu seratan, sumangga urang uningakeun heula naon bae anu baris diwincik diwiji-wiji.
Anu bakal diguar teh nyaeta :
  1. "BAB AWAL FIL-ILAAHIYYAAT" Bab anu kahiji bakal mertelakeun 'Aqoid anu berhubungan sareng ka Pangeranan, anu eusina katerangan-katerangan Sifat-sifat anu Wajib, Sifat anu Mustahil, jeung Sifat anu Wenang di Alloh, jeung Asma_ul Husna.
  2. "BAB TSANI FIN-NUBUWWAT" Bab anu kadua mertelakeun 'Aqoid anu patali sareng Sifat para Rusul, anu eusina Sifat-sifat anu Wajib, Sifat anu Mustahil, sareng Sifat anu Jaiz (anu Wenang di para Rusul.
  3. "BAB TSALITS FIS-SAM'IYYAAT" Bab anu katilu mertelakeun 'Aqoid anu kaRungu ti Rosul Alloh, tina al-Qur'an atawa Hadits, anu eusina nerangkeun Iman ka para Malaikat, Kitab-kitab, Poe Qiyamah, jeung perkara anu kakurung ku Poe Qiyamah.
  4. "BAB AR-ROBI'U FII KALIMATISY-SYAHAADAT" Bab ka opat eta mertelakeun Kalimah Syahadat, anu di eusi ku hasil-hasil tina Bab-bab anu tadi kasebat.
  5. "BAB KHOMIS KHOTIMATUN" Bab kalima nyaeta panungtungan, anu bakal mertelakeun Wajibna ngaraksa tina sakur-sakur perkara anu nibakeun kana PaMurtadan. Tegesna anu matak ngaruksak kana ka Islaman.
Fa aquulu wa billaahi tawfiq wal hidayah wal 'inaayah :
الباب الأوّل فى الإلٰهيّات
AL-BAABUL AWWAL FIL-ILAAHIYYAT
Bab kahiji mertelakeun Sifat-sifat atawa masalah anu aya patalina jeung 'Aqidah anu berhubungan jeung Sifat-sifat Pangeran. Jeung bakal ngajelaskeun Sifat-sifat Pangeran .
Ku hal sakitu, mangka atuh Wajib pikeun sakabeh Jalma Mukalaf kudu Ma'rifat tegesna nyaho, apal, ngarti, jeung nekadkeun kana Sifat-sifat anu Wajib, anu Mustahil, jeung anu Wenang di Alloh sacara Ijmal jeung sacara Tafshil. 
Ari hartina Ijmal nyaeta garis gedena atawa globalna. Ari hartina Tafshil nyaeta perincian nana, atawa wincikan hiji-hijina, atawa mendetil.
Ari nganyahokeun secara Ijmal nyaeta Nekadkeun sa enyana Alloh Ta'ala teh eta Wajib ka sifatan ku sagala sifat ka Sampurnaan ( Kamaalat ) jeung Mustahil ka sifatan ku sifat-sifat ka kurangan ( Naqo_ish ) jeung nekadkeun yen Alloh Wenang ngadamel Mumkin atawa tinggal ngadamel Mumkin.
Ari Iman secara Tafshiil, nyaeta kudu Ma'rifat kana Hiji-hijina sifat anu Wajib, anu Mustahil, jeung anu Wenang di Alloh ta'ala.
Ari sifat Ka sampurnaan anu wajib di Alloh Ta'ala, eta henteu aya wates wangenna. Sabab Ka sampurnaan kacida pisan seueurna, saperti : Maha Pangasih, Maha 'Adil, Maha Bijaksana, jeung sa bangsana. 
Nya kitu deui sifat-sifat anh Mustahil ka Alloh ( Lalawanan sifat Ka Sampurnaan ) eta oge sami henteu aya watesan nana.
Jadi atuh guna na urang nganyahokeun secara Ijmal teh, nyaeta supaya Ngurung kana Nganyahokeun yen Alloh teh Wajib ka sifatan ku sagala sifat Ka sampurnaan, jeung Mustahil ka sifatan ku sagala sifat ka kurangan, anu ku urang moal bisa ka itung.
Dupi anu Wajib di kanyahokeun nana sacara Tafshiil ku sakur-sakur jalma anu mukalaf nyaeta :
Dua puluh (20) sifat anu Wajib di Alloh.
Dua puluh (20) sifat anu Mustahil di Alloh.
Jeung Hiji (1) sifat anu Wenang di Alloh.
Jadi jumlah sifat anu wajib dikanyahokeun nana supaya Ma'rifat ka Alloh teh eta aya Opat puluh Hiji (41) sifat.
Kangge pembabaran nana insya Alloh urang ngadamel judul enggal bae supados teu paburantak dina bahasan nana.
والله اعلم

AL-MA'RIFAT

Assalaamu'alaykum warohmatullohi wa barokaatuh...
Wilujeng wayah kiyeu saderek sadaya, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka palih dieu, mamanawian aya manfaat sinareng barokah kangge urang sadaya.
Sareng mudah-mudahan urang sadaya kabagean sakedik Elmu pikeun cacaang hirup, kangge nyukcruk laku tinu maha agung, ngalampahan qodrat tinu maha kawasa.
Ku hal sakitu sumangga ayeuna urang cobi nalungtik hiji kawajiban pikeun urang dina Masalah patekadan.
Dupi guaran anu bade dilarapkeun dina danget iyeu, nyaeta hiji bahasan tentang KA MA'RIFATAN.
Sabab  Ma'rifat teh hukumna wajib ka tiap-tiap jalma anu Mukalaf. 
Dupi anu di sebat Ma'rifat teh nyaeta Kenal atawa nyaho anu sabenerna ka Alloh Ta'ala. Karana Dawuhan Alloh :
فَاعْلَمْ أَنَّهُ لَااِلٰهَ إِلَّااللّٰه
FA'LAM ANNAHUU LAA_ILAAHA ILLALLOOH
Hartosna : Kudu nyaho anjeun yen sayaktosna henteu aya deui pangeran, anu wajib di ibadahan kalawan sabenerna anging Alloh Ta'ala. ( Surat: Muhammad : 19)
Ari Ma'rifat Hartina : Kenal,
Ari 'Ilmu Hartina : Nyaho.
Ari Ma'rifat jeung Ilmu dina iyeu Fan, ceuk Qaul anu Shohih mah eta sarua keneh, tegesna akur maknana nyaeta :
مُطَابِقٌ لِلْوَاقِعِ نَاشِئٌ عَنْ دَلِيْلٍ
MUTHOOBIQUN LIL-WAAQI'I, NAASYI_UN 'AN DALIILIN
Hartosna : Ari ngaran Ma'rifat teh, nyaeta kapengkuhan atawa patekadan anu kukuh anu akur jeung buktina sarta kanyaho eta teh cukul(muncul) tina Dalil atawa alesan.
Syaratna Ma'rifat
Walhasil, atuh ari anu disebut Ma'rifat teh, eta kudu kumpul atawa kudu aya anu Tilu (3) rupa.
Anu Tilu rupa teh nyaeta :
  1. Jazim tegesna Kayakinan anu jauh tina ragu-ragu anu moal ingkah balilahan.
  2. Eta kapengkuhan teh kudu Mufaqoh jeung Waaqi'na, tegesna akur jeung buktina anu aya dina Lawh Mahfudh, anu akur jeung Ilmu na Alloh Ta'ala.
  3. Timbulna ka yaqinan anu bener teh, tina Dalil anu Qoth'i, tegesna Dalil anu pasti benerna, nyaeta Dalil 'Aqli sareng Dalil Naqli Qur'an sinareng Hadits anu Shohih. 

Mangka atuh tiasa dikanyahokeun tina Ta'rif anu nembe, jadi aya genep (6) rupa anu anu kaluar tina Ma'rifat, anu genep eta anu henteu keuna kana harti Ma'rifat hiji-hijina anu genep teh nyaeta :
1. ظَنْ ( Dhon) = Sangkaan anu gede
2. شَكْ ( Syak ) = Mang-mang, akur kaditu kadieu (ragu-ragu ).
3. وَهْمٌ ( Wahmun ) = Sangka anu meueusan.
Iyeu anu Tilu (3) kaluar tina Jazim.
Contona :" Saperti aya hiji jalma ningali anu ngagunduk ti kajauhan, ceuk pikirna : Naha eta teh Batu atawa Munding?"  
Panyangkana anu gede nyaeta nyangka kana Batu, tah eta nu kitu teh namina Dhon, ari panyangkana anu saeutik (nyangka yen eta teh Munding), eta disebut Wahm, lamun tea mah sangkaan nana teh akur atawa sarua, antara batu jeung munding, eta anu kitu namina Syak (ragu-ragu).
4. تَقْلِيْد صَحِيْح (TAQLID SHOHIH)
 Nyaeta kapengkuhan anu mufaqat atawa akur jeung buktina(bener) tapi hanteu make alesan (dalil), ngan sakadar manehna teh Tuturuti kana kecap batur anu ngarti.
Saperti Jalma anu ngayaqinkeun kana ayana Alloh jeung Rosul-Rosulna, sarta nyaho kana sifat-sifatna tapi henteu nyaho kana Dalil-dalilna. Tah anu kitu teh disebutna Taqlid Shohih.
5. جَهْلٌ مُرَكَّبْ ( JAHLUN MUROKKAB )
Nyaeta anu kayaqinan jeung kapengkuhan nana teh henteu Mufaqat jeung buktina atawa sulaya jeung sabenerna, bari make Dalil alesan anu henteu bener.
Saperti Kaum Nashoro nekadkeun kana yen pangeran aya Tilu, jeung maranehan nana yaqin bari make Dalil, tapi salah sabab da ari pangeran mah Hiji.
6. تَقْلِيد بَاطِلْ ( TAQLID BAATHIL )
Nyaeta ka yaqinan anu salah, bari henteu make Dalil.
Saperti Musyrikin Jahiliyyah nyembah kana berhala bari sakadar tuturuti ka para Karuhunna, sarta hanteu make alesan naon-naon.
Tah iyeu anu genep (6) teh nyaeta :
  1. Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Shohih
  5. Jahlun Murokkab
  6. Taqlid Bathil

Eta kabeh oge henteu dingaranan Ma'rifat karana ari ngaran Ma'rifat mah
  1. Kudu Yaqin.
  2. Kudu Bener Mufaqat jeung buktina.
  3. Kudu timbul tina Dalil, ulah tuturuti.
Mangka sing saha bae jalma anu ka sifatan ku salasahijina anu lima (5)  nyaeta :
  1.  Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Bathil
  5. Jahlun Murokkab
Dina 'Aqidah anu Lima puluh (50), mangka eta jalma masih keneh Kufur , Kufur anu buat langgeng dina Naraka.
Anapon ari Taqlid Shohih, eta di Ikhtilafkeun (di pacek-cok keun) ku para Ulama. Ceuk sa Qaul : Kafir jeung ceuk sa Qaul deui mah : Mukmin bari doraka.
Tapi ceuk sa Qaul anu Shohih dina masalah 'Aqoid mah, eta Sah Iman na, tapi eta oge lamun seug manehna Ahli Mikir (Mampuh) kana mikir.
Terus manehna bakal nyandang Doraka lamun ninggalkeun mikir, tapi lamun manehna lain Ahli mikir mah eta kitu teh (Taqlid Shohih) mangka eta Sah Iman na bari hanteu Doraka.

PERKARA ANU WAJIB DI MA'RIFATKEUN
Salajengna dupi perkara anu wajib di Ma'rifatkeun ku sakur-sakur jalma Mukalaf (Urang sadaya) nyaeta :
  1. Sifat-sifat anu Wajib di Alloh 20, sifat anu Mustahil ka Alloh, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di Alloh.
  2. Opat (4) sifat anu Wajib di para Rosul, opat (4) sifat anu Mustahil di para Rosul, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di para Rosul. Jadi jumlah Lima puluh (50) sifat.
  3. 'Aqoid Sam'iyyat, nyaeta nekadkeun kana sagala perkara anu henteu bisa "nyorangan" dina nganyahokeun nana, kajaba nyaho nana teh ku katerangan anu di candak tina al-Qur'an sareng Hadits-hadits anu Shohih. Saperti Iman ka para Malaikat, para Rosul, Kitab-kitab, Poe Qiyamah, jeung anu ka kurung ku poe Qiyamah, jeung Iman kana Qodar jeung Qodlo.
Mangka atuh Wajib hukumna ka tiap-tiap jalma Mukalaf, kudu nganyahokeun atawa apal sarta ngarti kana 'Aqoid anu Lima puluh teh. Sarta di tafshil hiji-hijina jeung Dalil-dalilna. 
Mangka Insya Alloh dina iyeu seratan anu di cutat tina Kitab 
Bade di bagi kana Opat (4) BAB, sareng anapon BAB ka lima (5)na mah KHOTIMATUN.
والله اعلم.
Sakitu nu ka pihatur ti sim kuring anu ضعيف dina nyeratkeun Bab Ma'rifat secara garis gedena.
Wassalaamu 'alaykum warohmatullohi wabarokaatuh

Saturday, March 11, 2017

TA'RIFNA AHLUS SUNNAH WAL-JAMA'AH

Sumangga ayeuna urang lajengkeun deui ngaguar salasahiji kawajiban pikeun urang sadayana.
Ti salasawios kawajiban urang sadayana teh nyaeta, urang sadaya kudu ngagem pageuh kana patekadan Ahlus-sunnah wal-Jamaa'ah sabab ngan golongan iyeu anu bakal Salamet tina Naraka anu Lawas.

Wednesday, March 8, 2017

MASALAH-MASALAH ILMU TAUHID

Dupi anu pungkasan dina Bab Mabadi Ilmu Tauhid nyaeta ngahokeun naon wae anu jadi Masalah-masalah anu aya dina Ilmu tauhid.
Supaya urang apal, Masalah-Masalahna teh nyaeta :
وَمَسَائِلُهُ قَضَايَاهُ الْبَاحِثَةُ عَنِ الْوَاجِبَاتِ وَالْجَائِزَاتِ وَالْمُسْتَحِيْلَاتِ
WA MASAA_ILUHU QODLOOYAAHUL-BAAHITSATU 'ANIL-WAAJIBAATI WAL-JAAIZAATI WAL-MUSTAHIILAATI.
Hartosna : Ari masalah-masalahna Ilmu Tauhid teh nyaeta, Qadiyah-Qadiyah anu ngabahas kana sifat anu Wajib, Wenang jeung Mustahil di Alloh sarang para Rosulna.
Dicekapkeun sakieu bae dina ngababar Mabadi Ilmu Tauhid anu sapuluh anu karangkum dina Nadhom tipayun.
Insya Alloh guaran anu bakal dongkap urang coba ngulas sareng nguningakeun sakedik anu aya patalina sareng

TA'RIF AHLI SUNNAH WAL-JAMA'AH

SALAM 313

HUKMUHU

Ari anu nomer (9) tina bahasan Mabadi Imlu Tauhid nyaet HUKMUHU.

Ayeuna urang kanyahokeun kumaha atuh ari hukumna ngaji kana ilmu Tauhid teh...??
Ari hukumna ngaji kana Ilmu Tauhid teh nyaeta :

وَحُكْمُهُ اَلْوُجُوْبُ الْعَيْنِيُّ عَلٰى كُلِّ مُكَلَّفٍ مِنْ ذَكَرٍ وَاُنْثٰى 

WA HUKMUHU AL-WUJUUBU 'ALAA KULLI MUKALLAFIN MIN DZAKARIN WA UNTSAA.

Hartosna : Ari Hukum Syara'na ngaji jeung ngarti kana Ilmu Tauhid teh, eta Fardlu 'ayn (tegesna hentu pilih bulu) kudu nyaho tiap-tiap sirah pikeun jalma-jalma Mukallaf (baligh tur boga akal) rek ka lalaki atawa ka awewe.

Mangka atuh doraka lamun henteu nyaho nana teh,  malah bisa disebut masih keneh aya dina ka Kufuran nyaeta henteu sah Sholatna, shaumna, jeung sagalarupa amal ibadahna lamun seug acan Tauhid bari langgen deuih dina Narakana.

Tah iyeu pisan anu mantak Ilmu Tauhid teh eta anu kudu pangheulana di ajina ku tiap-tiap jalma Mukalaf, terus Ngaji Ilmu Fiqih, terus Nagji Ilmu Tashawwuf, tah anu tilu iyeu Fardu 'Ayn Di Ajina.

Ari anu disebat jalma Mukallaf teh nyaeta, jalma anu baligh tur boga akal oge salamet pancainderana, sok sanajan ngan ukur panon atawa pangdengena wungkul tur katepi ku salasahijina Rosul anu Da'wah, atawa ku jalma anu nepikeun kana syari'at anu di da'wahkeun ku Rosul ka manehna.

Jadi atuh hanteu ka sebut jalma anu Mukallaf lamun seug eta jalma teh : 
Budak leutik
Anu gelo
Anu lolong bari torek( budeg) lamun lolong jeung torek nana teh ti sateuacan baligh. 

Jeung teu ka asup kana golongan jamla Mukallaf jalma anu ahli Fatrah( tegesna jalma-jalma anu henteu ka tepi ku pangundang Rosul) sanajan manehna nyembah Berhala, karana dawuhan Alloj dina surat (Al-Isro : ayat 15 ) anu unggelna :

وَمَا كُنَّ مُعَذِّبِيْنَ حَتَّى نَبْعَثَ رَسُوْلاً


WAMAA KUNNA MU'ADZDZIBIINA HATTA NAB'ATSA ROSUULAN.
Hartosna : " Jeung moal nyiksa Kami ka kaum, sahingga Kami ngutus Rosul".
Malah Ibu Rama Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wasallam oge, kalebetkeun kana Ahli Fatrah.
Mangka Atuh kagolong ka Jalma anu salamet, malah mah ka lebetkeun kana Ahli Islam, margi aya Hadits anu nerangkeun yen saparantosna Nabi di utus, teras Anjeunna nyuhunkeun ka Alloh supados Ibu- Ramana di hirupkeun deui. 
Terus ku Alloh di hirupkeun deui, da gampil wae eta kitu teh pikeun Alloh mah. Komo iyeu mah enggal di Ijabah da Kakasihna, teras Ibu-Ramana IMAN. Geus kitu di Maotkeun deui. 
Iyeu Hadits sanajan dloif ahli dhohir, tapi numutkeun Ahli haqiqat mah SHOHIH.
Sabab ari Ahli dhohir mah ngan sakadar naliti Rawi na sedengkeun Ahli Haqiqat mah MUKASYAFAH (terbuka).
Sahingga nalika Mukasyafah tiasa langsung berhadapan sareng Rosululloh, teras ditaroskeun.
Jadi keur urang mah, karana ngamulyakeun ka Kangjeng Nabi Muhammad, mangka kudu nekadkeun yen " Ibu-Rama na" Kangjeng Nabi teh, eta kalebet kana golongan Anu Salamet. Boh make alesan yen "Aranjeunna"  kalebet Ahli Fatrah atawa numutkeun kana Hadits anu tadi kasebat.

Friday, March 3, 2017

ISTIMDADNA ILMU TAUHID

Saparantosna urang nguningakeu naon bae ngaran atanapi julukan nana iyeu seratan, anu parantos di guar dina WASMUHU, ayeuna Sireum ateul bade ngalajengkeun deui kana bahasan anu salajengna dina Bab Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer ka Dalapan (8) nyaeta ISTIMDADNA ILMU TAUHID.

Dupi Istimdadna Ilmu Tauhid teh nyaeta : 

وَاِسْتِمْدَادُهُ مِنَ الْاَدِلَّةِ الْعَقْلِيَّةِ وَالنَّقْلِيَّةِ

WA ISTIMDAADUHU MINAL-ADILLATIL-'AQLIYYATI WAN-NAQLIYYATI.

Hartosna : Dupi pangalapan atanapi Sumber panyokotan nana. Pusatna Ilmu Tauhid nyaeta, tina Dalil 'aqli jeung dalil Naqli ( Ari dalil Naqli tegesna dalil anu alap/dicandak tina Al-Qur'an sareng tina Hadits-Hadits anu Shohih.

Bilih para Maos kabingungan milarian materi hiji-hiji, simkuring nyayogikeun tempat anu ngamuat per BAB. Mangga tiasa di tingali di Didieu da anapon eusina mah sami keneh.

Wednesday, February 22, 2017

WASMUHU

Salajengna dina bahasan Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer Tujuh (7) nyaeta, nganyahokeun Ngaranna eta kitab/tulisan eta Fan( cabang ilmu) anu bade dibahas.

Dupi ngaranna iyeu seratan, eta seueur pisan, dugi ka aya dalapan (8) ngaran, anu dalapan teh nyaeta :
  1. Ilmu Ushuludin
  2. Ilmu Tauhid
  3. Ilmu Kalam
  4. Ilmu 'Aqoid
  5. Ilmu Shifat 20
  6. Ilmu Ilahiyyah
  7. Ilmu Ma'rifat
  8. Ilmu Haqiqat

Tah ku lobana ngaran teh ngajadi tanda jeung nuduhkeun kana yen Mulya_na anu dingarannan.

Tah dina ngaguar WASMUHU mah dialap cekap sakitu wae, da dipanjang-panjang oge kadinya keneh kadinya keneh.

Ngan insya Alloh, dina seratan anu bakal karandapan mah tangtos tina sajudul-judulna teh bakal rada panjang.


Guaran anu bakal dongkap, nyeaeta nguningakeun naon nu disebat 
 ISTIMDADna Ilmu Tauhid.

Anu langkung simpel mah kamuat enggal didieu SIREUM ATEUL

Friday, February 3, 2017

WADLI'na ILMU TAUHID

Salajengna guaran Mabadi dina ilmu tauhid anu nomer genep(6) Nyaeta : WADLI'na Ilmu tauhid.

Dupi anu disebat Wadli' ilmu tauhid teh nyaeta : 

وَوَاضِعُهُ اَبُو الْحَسَنْ اَلْاَشْعَرِيُّ وَمُتَابِعُهُ وَاَبُو مَنْصُوْر اَلْمَاتُرِدِيُّ وَمُتَابِعُهُ

WA WADLI'UHUU ABUL-HASAN AL-ASY'ARIYYU WA MUTAABI'UHUU WA ABU MANSHUR AL-MAATURIDIYYU WA MUTAABI'UHUU.

Hartosna : Ari anu pangheulana nyusun kana Ilmu tauhid teh nyaeta : Imam Abul-Hasan al-Asy'ary jeung para panganutna/pengikutna. Oge Imam Abul-Manshur al-Maturidiy jeung para pangikutna.

Tapi sabenerna eta Elmu Tauhid teh ti kawit zaman Nabi Adam 'alayhis-salaam oge dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wa sallam parantos aya, da sadayana para Rusul pada nerangkeun elmu Tauhid, malah di utusna oge ku Alloh teh dipiwarang ngajak Tauhid.

Namung ku margi Abul-Hasan al-Asy'ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy anu pang masyhurna dina ngabuku_keun iyeu Elmu sareng ngadegkeun kana Dalil-dalilna pikeun nolak/nentang kana Aqidah-aqidah anu batal( sasar ).

Maka atuh Aranjeunna( Abul-Hasan al-Asy'ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy) anu katelah anu ngatur sareng nyusunna kana elmu Tauhid.

Dupi Abul-Hasan al-Asy'ariy lahirna teh taun : 260 Hijriyyah di Bashroh(Irak) sareng wafatna taun : 324.H.

Dupi Abul-Manshur al-Maturidiy lahir di Desa Maturid Samarqondi, kumargi teu aya qaul anu kuat anu ngajelaskeun kana waktos kelahiran nana, jadi didieu Sireum ateul oge teu wantun nyantumkeun nana. Dupi wafatna nyaeta taun 333 H.

Dupi penerusna eta seueur pisan anu dugi ka urang samudayana, mung tina sapalihna penerus eta bade di cantumkeun dina iyeu guaran, diantawisna nyaeta :

1. Imam Abu Bakar al-Qoffal, wafat taun : 365  H.

2. Imam Abu Ishaq al-Asfaroyiin, wafat taun : 411 H.

3. Imam al-Hafidh al-Bayhaqqi, wafat taun : 458 H.

4. Al-Imam al-Haromayn al-Juwayni, wafat taun : 460 H.

5. Al-Imam al-Qosim al-Qusyayri, wafat taun : 465 H.

6. Al-Imam al-Baqilaani, wafat taun : 403 H.

7. Al-Imamul-Ghozaali, wafat taun : 505 H.

8. Al-Imam Fakhrud-diin ar-Roozii, wafat taun : 606 H.

9. Al-Imam 'Izzuddiin bin 'Abdus-salaam, wafat taun : 660 H.

Iyeu sadayana panerus perjuangan Abul-Hasan al-Asy'ariy, dina faham Ahlis-sunnah wal-jama'ah.

Teras ka ayeunakeun nana seueur deui panerus-panerusna, ti antawisna :

1. Asy-Syekh as-Sanuusi, pengarang kitab As-Sanuusiyyah sareng kitab-kitab anu sanesna.

2. Asy-Syekhul-Islaam Syekh 'Abdulloh asy-Syarqowwi, anu wafatna taun : 1227 H. Nyaeta pengarang kitab anu mashur nyaeta : Asy-Syarqowwi.

3. Asy-Syekh Ibroohim al-Bajuuriy, anu wafatna taun : 1272 H. Pengarang kitab syarah as-Sanusi anu mashur, kitab Tahqiiqul-Maqom syarah Kifayatul-'Awaam, kitab Tuhfatul-Muriid Syarah kitab Jawhar Tauhid, sareng kitab-kitab anu sanesna.

4. Al-'Alaamah asy-Syekh Muhamad an-Nawaawi Banten, nyaeta Ulama Indonesia anu wafatna taun : 1315 H. Pengarang kitab syarah Tijanud-Darooriy, Fathul-Majid, syarah ad-Durorul-Fariid, sareng seueur deui penerus anu sanesna.

Kumargi heureut pakeun pungsat bahan,

Sireum ateul mung ngdugikeun sakitu ayana. Mudah- mudahan urang samudayana tiasa nguningakeun salasawios penyusun dina babagan Mabadi Ilmu Tauhid bagian Wadli'na ilmu tauhid.


Insya Alloh kanggo salajengna urang bakal ngalengkah kana bagian WASMUHU( ngaran kitab ).

Wednesday, February 1, 2017

NISBATNA ILMU TAUHID

Salajengna dina bahasan Mabadi Ilmu Tauhid aya poin anu disebat NISBATNA ILMU TAUHID.
Tah dina ngaguar Nisbatna ilmu tauhid mah sireum ateul bade nyutat sa ayana dina kitabna wae.

Dupi palenggeran Nisbatna Ilmu Tauhid teh, nyaeta :

وَنِسْبَتُهُ اَنَّهُ اَصْلُ الْعُلُوْمِ وَمَا سِوَاهُ فَرْعٌ عَنْهُ

WA NISBATUHUU ANNAHUU ASHLUL-'ULUUMI WA MAA SIWAAHU FAR'UN 'ANHU.

Hartosna : Dupi Nisbatna ilmu tauhid di bandingkeun jeung elmu anu sejenna, eta elmu Tauhid teh lir ibarat tangkalna. Sedengkeun elmu anu sejenna mah lir ibarat dahan-dahanna anu matak ngaranna oge Ushuluddin anu hartina Pokokna agama atawa tangkalna agama.

Saolah-olah pandemen(pondasi) sedengkeun ari elmu anu sejenna mah kabeh oge numpang atawa nempel kadinya.

Tapi sanajan disebut pokok atawa pondasi, lain berarti elmu anu sejenna henteu penting....!!!

Ayeuna suang di ibaratkeun wae kana hiji bangungan imah, atuh tangtu ari bangunan imah teh aya Pondasi, adeg-adeg sapuratina, terus di cet mih beuki hade, tah eta kakara bisa disebut bangunan imah. 

Tah dina Agama oge kitu, teu cukup ayeuna ku ngulik atawa ngaji kana elmu Ushuluddin wungkul, da kudu aya ilmu fiqih jeung Tasawwufna supaya cocok dina Iman, Islam jeung Ihsan.

Sakitu nu kapihatur dina ngaguar Mabadi Ilmu tauhid dina bab Nisbatna Ilmu tauhid. Kirang langkungna nyuhunkeun agunging pangapunten.


Sireum ateul


Monday, January 30, 2017

FADLOL (KAUNGGULAN) ILMU TAUHID

Sireum ateul
Mangga suang lajengkeun deui dina ngaguar kana Mabadi Ilmu tauhid anu nomer opat(4) nyaeta Fadlol( ka unggulan) ilmu tauhid.

Dupi fadlol ilmu tauhid teh, nyaeta :

وَفَضْلُهُ اَنَّهُ اَشْرَفُ الْعُلُوْمِ

WA FADLLUHUU ANNAHUU ASYROFUL-'ULUUMI

Hartosna : Ari ka unggulan nana ilmu tauhid teh eta jadi pangutamana elmu, karana eta elmu teh hubungan nana jeung Dzat Alloh sarta hubungan nana jeung Dzat Rusul(utusan) nana.

Sedengkeun henteu aya anu leuwih mulya tinimbang Alloh oge para Rusul Alloh, eta kapan makhluk-makhluk anu di mulyakeun ku Alloh.

Atuh tangtu anu ngabahas sareng anu kersa ngaos kana sifat-sifatna oge bakal kabagean kaMulyaan nana. 

Ku hal sakitu hayu urang leuwih soson-soson dina diajarna sangkan mundel tur berlipet dina hasilna. Da Sireum ateul (pirbadi)mah can katepi.

Tah sakitu garis gede tina bab ka unggulan Ilmu tauhid, mudah-mudahan jadi beuki sumanget kana muka bahasan anu salajengna, nyaeta Nisbatna Ilmu Tauhid.

Saturday, January 28, 2017

TSAMROH ILMU TAUHID

Alhamdulillaah dina danget ayeuna tiasa pajonghok deui sareng Sireum Ateul, anu bade ngalajengkeun catetan anu teu acan rengse dina ngaguar Mabadi na ilmu Tauhid. 

Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer tilu (3) nyaeta TSAMAROH (BUAH) ILMU TAUHID.
Dupi anu disebat Tsamaroh dina elmu tauhid teh, nyaeta :

وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ صِفَاتِ اللّٰهِ تَعَالٰى وَرُسُلِهٖ بِالْبَرَاهِيْنِ 
الْقَطْعِيَّةِ وَالْفَوْزُ بِالسَّعَادَةِ الْاَبَدِيَّةِ.

WA TSAMROTUHUU MA'RIFAT 
SHIFAATILLAAHI TA'AALAA WA RUSULIHII BIL-BAROOHIINIL-QOTH'IYYATI WAL-FAWZU BIS-SA'AADATIL-ABADIYYATI.

Hartosna : Ari buahna atanapi faidahna ilmu tauhid teh nyaeta, ku ngaji na kana eta ilmu tauhid teh bisa nyaho kana sifat-sifatna Alloh sinareng Rosul-Rosulna, ku dalil-dalil anu pasti benerna.

Ka duana ku ngajina kana eta ilmu tauhid teh meunang ka bagjaan anu alus tur anu henteu aya tungtungna dipoe akherat.

Tah eta teh hasil (Tsamroh/buah) tina ngaji ilmu tauhid. Jadi atuh tos jelas ayeuna mah yen saupama urang hayang meunang ka bagajaan anu henteu aya tungtungna di akherat maka hayu atuh urang dileukeunan saeutik-saeutik ngaderes deui kana ngaji ilmu tauhid malah mandar leuwih kandel tur pageuhna patekadan urang sadayana

MAWDLU' ILMU TAUHID

Anu parantos kasebat tur kasabit ku sireum ateul dina bahasan Mabadi pikeun ilmu tauhid, mangga ayeuna urang lajengkeun deui kana guaran anu salajengna nyaeta bagian MAWDLU'na ilmu tauhid.

Nu disebat Mawdlu teh nyaeta :

وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللّٰهِ وَذَاتُ رُسُلِهٖ مِنْ حَيْثُ مَايَجِيْبُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَايَجُوْزُ وَالْمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ اَنَّهُ يُسْتَدَلُّ بِهٖ عَلٰى وُجُوْدِ صَانِعِهٖ، وَالسَّمْعِيَّاتُ مِنْ حَيْثُ اِعْتِقَادُهَا

WA MAWDLU'UHUU DZAATULLOOHI WA DZAATU RUSULIHII MIN HAYTSU MAA YAJIIBU WA MAA YASTAHIILU WA MAA YAJUUZU WAL-MUMKINU MIN HAYTSU ANNAHUU YUSTADALLU BIHII 'ALAA WUJUUDI SHOONI'IHII WAS-SAM'IYYAATU MIN HAYTSU I'TIQOODUHAA.

Hartosna : Ari mawdlu'na atawa anu diolah ku ilmu tauhid teh nyaeta Dzat Alloh jeung Dzat Rosul-rosulna, tina palebahan sifat-sifatna anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang, jeung mumkin atawa makhluk tina palebahan bisa dipake Dalil kana ayana anu ngadamelna. Jeung katerangan anu karungu (kakuping) ti Alloh jeung ti Rosulna anu wajib ditekadkeun nana.

Jadi atuh anu dibahas ku elmu Tauhid teh nyaeta :

1. Sifat-sifat anu wajib di Alloh, anu mustahil di Alloh, jeung anu wenang di Alloh.

2. Sifat anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang dipara Rosul.

3. Makhluk, pedah sok dipake dalil kana ayana anu ngadamelna.

4. Sam'iyyat, tegesna katerangan anu karungu atanapi ka tampi tina Al-Qur'an jeung Al-Hadits anu shohih anu aya patalina jeung patekadan.

Sakitu dialap-cekap dina ngabahas Mabadi Ilmu tauhid anu kadua, nyaeta Mawdlu'.
Sireum ateul

HAD ILMU TAUHID

Salajengna sakadang Sireum ateul bade ngawincik ngawiji-wiji Mabadi dina babagan ilmu Tauhid, kumargi kitu atuh pantes pisan dina ngabahasna teh kana Mabadina ilmu Tauhid anu sapuluh tea, nyaeta nomer kahijina HAD ilmu tauhid anu palenggeran nana teh nyaeta :

1. HAD na Ilmu Tauhid : 

فَحَدُّهُ لُغَةً : اَلْعِلْمُ بِأَنَّ الشَّيْئَ وَاحِدٌ
وَشَرْعًا : بِمَعْنٰى فَنِ الْمَدُّوْنِ عِلْمٌ يُبْحَثُ فِيْهِ عَنْ اِثْبَاتِ الْعَقَائِدِ الدِّيْنِيَّةِ الْمُكْتَسَبُ مِنْ اَدِلَّتِهَا الْيَقِيْنِيَّةِ، وَبِغَيْرِ مَعْنٰى الْفَنِّ الْمُدَوَّنِ : اِفْرَادُ الْمَعْبُوْدِ بِالْعِبَادَةِ مَعَ اعْتِقَادِ وَاحْدَتِهٖ ذَاتًا وَصِفَاتٍ وَاَفْعَالًا

FAHADDUHU LUGHOTAN, AL-'ILMU BI_ANNASY-SYAY_A WAAHIDUN.
WA SYAR'AN, BI MA'NAA FANIL-MUDAWWANI 'ILMUN YUBHATSU FIIHI 'AN ITSBAATIL-'AQOO_IDID-DIINIYYATIL-MUKTASABU MIN ADILLATIHAAL-YAQIINIYYATI.
WA BIGHOYRI MA'NAL-FANNIL-MUDAWWANI : IFROODUL-MA'BUUDI BIL-'IBAADATI MA'A'TIQOODI WAHDATIHII DZAATAN WA SHIFAATIN WA AF'AALAN.

Hartosna : Ari Tauhid ceuk lughot (bahasa) mah nyaeta, nyaho kana yen perkara teh sahiji.
Ari tauhid ceuk Syara' mah lamun bae nurutkeun Fan Mudawwan (tegesna elmu anu dibukukeun) nyaeta, hiji elmu anu ngabahas kana netepkeun patekadan agama anu diusahakeun elmuna tina dalil-dalil anu yaqin, saperti Dalil 'aqli( dalil ceuk akal) jeung dalil Naqli anu Qoth'iyyi tina Hadits jeung Qur'an.
Ari tauhid ceuk Syara' mah, lamun nurutkeun kana Fan anu henteu di bukukeun mah nyaeta, ngawungkulkeun kanu di sembah, tunggal dzatna, sifatna, jeung af'alna.

Sakitu anu ka pihatur ti sakdang Sireum ateul dina penjelasan Palenggeran Had Ilmu tauhid secara garis gedena.
Upami hoyong langkung jelasna mah kedah di Majlis pangaosan da dibahas didieu mah teu kauntup ngetikna.


Sireum ateul

Friday, January 27, 2017

MABADI ILMU TAUHID

Dina danget iyeu sakadang sireum ateul bade nyutatkeun naon anu aya dina moqoddimah tadi nyaeta ngadugikeun MABADI ILMU TAUHID.

Atuh peryogi ka uninga ka satiap-tiap jalma anu bade ngaos kana hiji Fan (cabang ilmu) naon bae, mangka kedah ngabahas heula kana mabadi na( dasar-dasar pokok jeung tujuan) tina eta elmu, malahmandar sangkan tambah teguh jeung semangat kana di ajarna.

Dupi Mabadi tina tiap-tiap elmu, eta aya sapuluh seueurna, sakumaha iyeu katerangan anu dikandung dina nadhom :


اِنَّ مَبَادِيَّ كُلِّ فَنٍ عَشَرَةٌ * اَلْحَدَّ وَالْمَوْضُوْعُ ثُمَّ ثَمَرَه
وَفَضْلُهُ وَنِسْبَةٌ وَالْوَاضِعُ * وَالْاِسْمُ الْاِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ
مَسَائِلُ وَالْبَعْضُ بِالْبَعْضِ اكْتَفٰى * وَمَنْ دَرٰى الْجَمِيْعَ حَازَا الشَّرَفا

Hartosna : Saenyana Mabadi tiap-tiap elmu (pirang-pirang anu peryogi diuningakeun dina mimiti ngaji tiap-tiap Fan warna elmu) eta aya sapuluh rupa.

1. Had na (ta'rifna/palenggeran nana/ definisi na.

2. Mawdlu' na tegesna anu diolahna atawa anu digarapna ku eta elmu (obyekna).

3. Tsamroh na tegesna buahna atawa hasilna tina eta elmu.

4. Fadlilah na atawa kaunggulan nana tina eta elmu.

5. Nisbat na hubungan nana jeung elmu-elmu anu sejenna.

6. Waadli' na tegesna saha anu ngaturna jeung merenahkeun nana eta elmu ( subjekna).

7. Ismuhu tegesna ngaranna/julukan nana eta elmu.

8. Istimdad na tegesna sumber panyokotan nana atawa asal-usulna eta elmu.

9. Hukum syara'na ngaji eta elmu.

10. Mas_alah-mas_alah anu dibahas ku eta elmu.

Mangka sing saha wae anu apal, sanajan ngan ukur sawareh tina mabadi, mangka eta geus cukup, jeung saha bae jalmana anu apal kabeh kana Mabadi tiap-tiap elmu, mangka tangtu eta jalma bakal meunang kamulyaan(karomah).
Sireum ateul

Kanggo bubuka di alap cekap insya Alloh kapayun bakal diguar hiji-hijina mabadi anu sapuluh tea.

MUQODDIMAH ILMU TAUHID

بسم الله الرحمن الرحيم

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمَوْجُوْدِ لِذَاتِهٖ. الْقَدِيْمِ الْبَاقِى الْمُخَالِفِ لِلْخَلْقِ الْغَنِيِّ لِذَاتِهٖ. الْوَاحِدِ الْقَادِرِ الْمُرِيْدِ الْعَالَيْمِ ذِى الْحَيَاةِ وَالسَّمْعِ وَالْبَصَرِ وَالْكَلَامِ الْقَدِيْمِ
وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى أَفْضَلِ الرُّسُلِ الصَّادِقِيْنَ فِي دَعْوَاهُم وَاَحْكَامِهِمْ اَلْمَعْصُوْمِيْنَ مِنْ مَنْهِيَاتِ الظَّاهِرِ وَالْبَاطِنِ الْمُبَلِّغِيْنَ لِمَا عَلَيْنَا تَصْدِيْقُهُ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَصَحْبِهٖ اَجْمَعِيْنَ ( اَمَّا بَعْدُ) فَهٰذِهٖ رِسَالَةُ فِى بَيَانِ الْعَقَائِدِ الَّتِيْ هِيَ اُصُوْلُ الدِّيْن

Mangka sateuacanna tumandang kana bahasan anu dimaksud, didieu simkuring (sireum ateul) bade ngamuat muqoddimah bahasan Ilmu Tauhid, sakumaha anu diserat ku Muallif.

Diantawis eusi dina bahasan iyeu nyaeta :

1. Mertelakeun Mabadi Ilmu Tauhid, nyaeta anu dimaksud supados urang anu maos kana iyeu kitab/tulisan tambih sumanget.

2. Mertelakeun ta'rif Ahlis-sunnah wal jamaa'ah jeung Luar ahlis-sunnah( selain ahlis-sunnah wal jamaa'ah ), mung sakadar pikeun ngabedakeun wungkul, jadi ngan garis gedena wungkul.

3. Mertelakeun Ma'rifat anu wajib diusahakeun nana ku tiap jalma Mukallaf ( baligh tur boga akal).
@sireum ateul

@sireum ateul

Wednesday, January 25, 2017

TANBIH

Dina danget iyeu Sireum Ateul ka papancenan ngadugikeun hiji Peringetan ti Muallif iyeu seratan/kitab, kumargi bilih aya kakaliruan pikeun awam, margi dina Hukum Akal aya ucapan atanapi bahasan Wajib jeung wenang atawa Jaiz.
Nya kitu deui dina

Hukum Syara' oge kapendak deui eta ucapan Wajib sareng Wenang atawa Ibaahah.


Tah didieu ulah nepi ka pahili.
Dupi ucapan Wajib dina hukum akal mah maksudna nyaeta, sakur-sakur perkara anu misti ayana (kudu aya) jeung Mustahil euweuhna, nyaeta sabalikna tina Mustahil,
Contona saperti ucapan/kecap : Alloh Wajib ka Sifatan ku Sifat Qudrot, ( Alloh Misti kawasana tur henteu kaharti ku Akal lamun henteu kawasa, jadi mustahi Apes/lemah.

Dupi kecap Wajib dina Hukum syara' mah nyaeta, anu misti di pigawena atawa dilaksanakeun nana sabalikna tinu Haram.
Saperti conto : Wajib Shalat, tah maksudna eta shalat teh nyaeta kudu di pigawe, mangka bakal disiksa lamun ditinggalkeun nana atawa teu di pigawena.

Dupi kecap Wenang dina hukum Akal, nyaeta anu kaharti ayana jeung euweuhna. 
Saperti ucapan : Wenang Alloh ngadamel iyeu Alam, tah didieu maksudna eta ucapan teh, Alloh ta'ala ngayakeun jeung ngeuwueuhkeun nana kana iyeu Alam teh eta kaharti jeung dibenerkeun ku Akal.

Dupi kecap Wenang dina hukum Syara' mah nyaeta, perkara anu di pigawena atawa henteu migawena, eta henteu jadi ganjaran jeung henteu ngajadikeun siksaan.
Contona saperti : Wenangna dahar, sare, sareng anu sanesna.

Jadi dimana anjeun/paramaos manggih kecap Wajib, Wenang( Jaiz) atawa Mustahil dina nyipatan Alloh atawa Rosulna, tah eta teh tangtu anu dimaksudna teh ceuk hukum Akal.
Jeung upama manggih kecap : Wajib ka sakabeh jalma Mukalaf kudu nganyahokeun Rukun Iman, atawa Wajib ka sakur-sakur jalma anu mukalaf, kudu ngalakonan shalat lima(5) waktu, tah tangtu eta mah anu dimaksud teh Wajib ceuk hukum syara', nyaeta lamun dipigawe diganjar, jeung lamun ditinggalkeun bakal disiksa.

Tah dugi ka dieu TAMMAT ( والله أعلم )
Tammat dina Muqoddimah iyeu kitab/ seratan. Tegesna tamat nerangkeun bahan-bahan pikeun nempuh dina nganyahokeun atawa ngambah kana ilmu Ushuluddin.

Salajengna bade ngabahas anu ngarupakeun pokokna anu di maksud, nyaeta ( Ilmu Ushuluddin) atawa ilmu Tauhid.

والله ولي الهداية والتوفيق 


Tuesday, January 24, 2017

KASIMPULAN

Kasimpulan hukum Syara' :

Wal hasil, ari anu disebut hukum Syara' teh nyaeta, kabagi kana dua (2) nyaeta : 

1. Khithob Taklif

2. Khithob Wadl'i 

Anu dua (2) iyeu, eta masing- masing aya lima cabang, sarta hiji-hijina Khithob Taklif, eta di aturna ku khithob Wadl'i anu lima.

Jadi jumlah hukum syara' teh aya duapuluh lima(25), nyaeta hasil tina nikelkeun (ngali keun) lima khitob taklif (×) lima khithob wadl'i.

Supados kahartos iyeu dihandap kangge gambaran nana :
٥×٥=٢٥
Gambaran hukum syara'


FASAD

Khithob Wadl'i anu ka lima (5) nyaeta FASAD atawa BUTHLAN.

Ari ta'rifna Fasad atawa Buthlan teh nyaeta :

وَالْفَسَادُ اَوِ الْبُطْلَانُ هُوَ مُخَالَفَةُ ذِى الْوَجْهَيْنِ الشَّرْعَ

WAL-FASAADU AWIL-BUTHLAANU HUWA MUKHOLAFATU DZIL-WAJHAYNISY-SYAR'I.

Hartosna : Ari fasad atanapi buthlan teh nyaeta, nyulayaan nana pagawean anu ngabogaan dua jalan kana syara' dina tumibana.

Tegesna henteu nyumponan syarat rukun, ngan aya Maani' (anu ngahalang/nyegah).

Jadi tiap-tiap ibadah atawa mu'amalah anu henteu nyumponan, atawa aya Maani' mangka eta ibadah atawa muamalah teh disebut Faasid atawa Buthlan/ Batal.

SHIHAH

Khithob Wadl'i anu ka opat (4) nyaeta SHIHAH( SAH ).

Ari ta'rifna Shihah nyaeta :

وَالصِّحَةُ هِيَ مُوَاقَفَةُ ذِى الْوَجْهَيْنِ الشَّرْعَ

WASH-SHIHATU HIYA MUWAAQOFATU DZIL-WAJHAYNISY-SAR'A.

Hartosna : Ari shihah teh nyaeta anu shohih, nyaeta ngamufakatan pagawean anu boga dua jalan kana aturan syara'. 

Tegesna eta pagawean teh nyumponan syarat jeung rukunna, ngajauhan anu ngabatalkeun.

Jadi tiap-tiap ibadah saperti Sholat, zakat jeung liyanna anu nyumponan sarat jeung rukunna jeung bari aya Sabab tur euweuh Maani'( ngahalang/nyegah), mangka eta ibadah atawa mu'amalah teh di ngaranan Shihah (Sah) /Shohih.

Monday, January 23, 2017

MAANI'

Khithob Wadl'i anu ka tilu nyaeta MAANI'.

Dupi ta'rifna Maani' teh nyaeta : 

وَالْمَانِعُ هُوَ وَصْفٌ وُجُوْدِيٌّ ظَاهِرٌ مُنْضَبِطٌ مُعَرٍّفٌ نَقِيْضَ حُكْمِ السَّبَبِ 

WAL-MAANI'U HUWA WASHFUN WUJUUDIYYUN DHOOHIRUN MUNDLOBITHUN MU'ARRIFUN NAQIDLO HUKMIS-SABABI.

Hartosna : Ari ngaran Maani' teh nyaeta, sifat anu bangsa aya, tur dohir. Anu ka palenggeran sarta mere nyaho kana lalawanan hukum sabab. 

Contona saperti Haid jadi Maani' ( Ngahalangan ) kana hukum wajib sholat, sanajan aya bukti saban. Atawa contona saperti Lingsirna panonpoe(matahari) dina waktu lohor.

Tah conto anu kitu teh disebatna Maani'( nyegah/ngahalangan).

Sunday, January 22, 2017

SYARAT

Khithob Wadl'i anu kadua (2) nyaeta SYARAT. 

Ari anu disebat Syarat teh nyaeta :

وَالشَّرْطُ هُوَ مَايَلْزَمُ مِنْ عَدَمِهٖ الْعَدَمْ وَلَايَلْزَمُ مِنْ وُجُوْدِهٖ وُجُوْدٌ وَلَا عَدَمٌ لِذَاتِهٖ 

WASY-SYARTHU HUWA MAA YALZAMU MIN 'ADAMIHIL-'ADAM, WA LAA YALZAMU MIN WUJUUDIHI WUJUUDUN WA LAA 'ADAMUN LIDZATIHI 

Hartosna : Ari ngaran syarat teh nyaeta perkara anu misti tina euweuhna eta perkara teh euweuhna Masyruth ( anu disyaratan nana), ngan henteu misti tina buktina eta syarat teh kudu buktina anu di syaratan nana ( henteu buktina).

Contona saperti Wudu, tah eta wudu teh ngajadi syarat kana sholat ( kana sah na sholat) jadi lamun euweuh wudu, atuh tangtu euweh sah (teu sah sholatna), tapi can tangtu ku ayana wudu teh ayana sholat (kadang wudu teh karana rek maca Qur'an, atawa rek thowwaf sareng nu sanesna).

Dupi syarat teh eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta :

1. Syarat ceuk akal, saperti HIRUP JADI SYARAT KANA AYANA 'ILMU.

2. Syarat ceuk syara', saperti susuci (wudu, tayamum, adus) eta jadi syarat kana sah na sholat.

3. Syarat ceuk adat, saperti nangtungna sigay(taraje/tangga) eta jadi syarat kana gampangna naek kana tangkal kawung (aren).

Saturday, January 21, 2017

SABAB

Ayeuna urang ta'rifan(kanyahokeun) hiji-hijina Khithob Wadl'i anu lima (5) tea, nyaeta anu nomer hiji SABAB.

Ari ta'rifna Sabab nyaeta :

جَعْلُ وَصْفٍ ظَاهِرٍ مُنْضَبَطٍ مَنَاطًا لِوُجُوْدِ الْحُكْمِ اَيْ مَا يَسْتَلْزِمُ وُجُوْدُهُ وُجُدَ الْحُكْمِ

JA'LU WASHFIN DHOOHIRIN MUNDLOBATHIN MANAATHON LI WUJUUDIL-HUKMI AY MAA YASTALZIMU WUJUUDUHUU WUJUUDAL-HUKMI.

Hartosna : Ari ngaran sabab teh nyaeta, ngajadikeun shifat anu dohir, tur ka palenggeran/ ka cangreud jadi percantelan kana eta hukum.

Penjelasan nana, saperti jalma Zina. Alloh ta'ala ngajadieun dua hukum dina eta zina, nyaeta : 

1. Hukum Taklif, nyaeta wajib Had.

2. Wadl'i, nyaeta zina teh jadi sabab kana wajibna Had.

Karana ari Dzatna zina mah henteu ngawajibkeun kana Had, tapi di jadieun Had mah ku hukum syara', atawa hukum taklif.

Jeung ari sabab, eta oge kabagi kana dua(2) bagian, nyaeta :

1.  SABAB WAQTIYYAH, tegesna sabab anu patali jeung waktu, contona saperti : Ari lingsirna panonpoe teh eta ngajadi sabab kana wajibna sholat Dzuhur.

2. SABAB MA'NAWIYYAH, tegesna sabab anu patali jeung makna, contona saperti : Weureu( mabok), eta jadi sabab kana haramna anu matak ngaweureukeun( memabukkan).

Oge maksiat jadi sabab kana siksaan, jeung sabangsana.