Showing posts with label Aqoidna Iman. Show all posts
Showing posts with label Aqoidna Iman. Show all posts

Sunday, March 12, 2017

SIFAT-SIFAT AQOID ILAAHIYYAT

Assalaamu'alaykum wa rohmatullohi wa barokaatuh...
Wilujeng patepang deui, wileujeng ngopi sinambi Nyufi sareng jisim abdi.
Meungpeung aya waktos rada senggang, sumangga ayeun urang lajengkeun deui bahasan anu katunda dina BAB AWWAL FIL-ILAAHIYYAT kumargi da sayaktosna teu acan beres namung sim kuring kabujeng tunduh.
Dina danget ayeuna urang coba dibuka hiji-hiji naon bae atuh anu ka asup kana Aqoid Ilahiyyat teh...? Cenah dugi ka Opat puluh Hiji sifat.
SIFAT ANU WAJIB DI ALLOH
Sumangga urang uningakeun heula anu pang payunna dina Aqoid Ilahiyyat nyaeta "Sifat anu wajib di Alloh" .
Dupi sifat anu wajib di Alloh, nyaeta :
  1. Sifat Wujud = Aya.
  2. Sifat Qidam = Tiheula, Teu aya Mimitian.
  3. Sifat Baqo = Langgeng, teu aya tungtungna.
  4. Sifat Mukholafatun Lil-Hawaditsi = Ngabedaan Alloh Ta'ala ka sakabeh anu anyar.
  5. Sifat Qiyamuhu Binafsihi = Sugih Alloh sabab Dzatna.
  6. Sifat Wahdaniyyat = Tunggal Dzatna, Tunggal Sifatna, Tunggal Af'alna.
  7. Sifat Qudrot = Kawasa.
  8. Sifat Irodat = Keresa.
  9. Sifat 'Ilmu = Uninga.
  10. Sifat Hayat = Hirup.
  11. Sifat Sama' = Ngarungu.
  12. Sifat Bashor = Ningali.
  13. Sifat Kalam = Ngadawuh.
  14. Sifat Kawnuhu Qodiiron = Buktina Alloh Kawasa.
  15. Sifat Kawnuhu Muriidan = Buktina Alloh Anu Keresa.
  16. Sifat Kawnuhu 'Aliiman = Buktina Alloh anu Uninga.
  17. Sifat Kawnuhu Hayyan = Buktina Alloh Anu Hirup.
  18. Sifat Kawnuhu Samii'an = Buktina Alloh anu Ngarungu.
  19. Sifat Kawnuhu Bashiiron = Buktina Alloh Anu Ningali.
  20. Sifat Kawnuhu Mutakalliman = Buktina Alloh Anu Ngadawuh.
Tah eta rincian tina sifat anu wajib di Alloh secara singkatna wungkul, anapon perincian sareng dalil-dalil hiji-hijina mah insya Alloh dina bahasan anu bakal dongkap.
Salajengna ayeuna urang nguningakeun lalawanan nana sifat anu Wajib di Alloh, nyaeta "Sifat Anu Mustahil di Alloh".
SIFAT-SIFAT ANU MUSTAHIL DI ALLOH
Dupi sifat-sifat anu Mustahil di Alloh oge, eta sami aya Dua puluh rupi. Wincikan Aqoid ilahiyat anu ka lingkup dina sifat-sifat anu Mustahi di Alloh teh nyaeta :
  1. 'Adam = Euweuh.
  2. Huduts = Anyar, Aya mimitian.
  3. Fana = Ruksak.
  4. Mumatsalatun Lil-Hawaaditsi = Nyarupaan kana perkara anu Anyar.
  5. Ihtiyaajuhu Ilaa Mahalin Aw Mukhosh-shoshin = Mikabutuh kana Dzat, atawa ka anu ngaya keun.
  6. Ta'addudun = Bingbilangan.
  7. 'Ajzu = Apes atawa Lemah.
  8. Karohah = Ka paksa.
  9. Jahlun = Bodo.
  10. Maut = Paeh.
  11. Shomamun = Torek, atawa Budeg.
  12. 'Umyun = Lolong atawa Buta.
  13. Bukmun = Pireu atawa Bisu.
  14. Kawnuhu 'Ajizan = Buktina anu Apes.
  15. Kawnuhu Kaarihan = Buktina anu Kapaksa.
  16. Kawnuhu Jaahilan = Buktina anu Bodo.
  17. Kawnuhu Maytan = Buktina anu Maot.
  18. Kawnuhu Ashomma = Buktina anu Torek.
  19. Kawnuhu A'maa = Buktina Anu Lolong.
  20. Kawnuhu Abkama = Buktina anu Pireu (Bisu).
Maha Suci Alloh tina Sifat-sifat anu Mustahil ka Anjeunna.
Sakitu tah wincikan nana sifat anu Mustahil di Alloh teh, anu iyeu oge insya Alloh kapayun baris ka bahas secara rinci.
Ayeuna kantun anu terakhir dina Aqoid Ilaahiyyat, nyaeta sifat-sifat anu Jaiz atanapi Wenang di Alloh.
SIFAT-SIFAT ANU JAIZ ATANAPI WENANG DI ALLOH
Saparantosna urang nguningakeun Aqoid Ilahiyyat perkawis sifat anu Wajib di Alloh sareng sifat anu Mustahil di Alloh, sumangga ayeuna suang di ulas sakedik naon atuh ari sifat anu Wenang di Alloh teh....??
Dupi sifat anu Wenang di Alloh, eta ngan aya Hiji nyaeta : 
فِعْلُ كُلِّ مُمْكِنٍ اَوْ تَرْكُهُ
FI'LU KULLI MUMKININ AW TARKUHUU
Hartosna : Ngadamel sagala Mumkin atawa henteu Ngadamelna.
Dupi anu di sebat Mumkin teh nyaeta sakur-sakur perkara anu sah Ayana jeung sah oge Euweuhna.
Tegesna anu aya jeung euweuhna teh eta dibenerkeun ku Akal.
Dupi ngaran Sifat  nyaeta :
اَلْاَمْرُ الثَّابِتُ لِلْمَوْصُوْفِ
AL-AMRUTS-TSAABITU LIL-MAWSHUUFI
Hartosna : Perkara anu tetep dina Dzat anu di sifatan nana.
#313
Tah sakitu nu kapihatur sakedik uraian dina medar Aqoid Ilaahiyyat mudah-mudahan ku ulasan anu sakedik iyeu ngajantenkeun langkung kandel tur pancegna ka Imanan urang sadaya.
Aamiin...
والله اعلم

الباب الأوّل فى الإلٰهيّات AL-BAABUL AWWAL FIL-ILAAHIYYAT

Bismillaahirrohmaanirrohiim...
Sateu acanna panjang-lebar ngabahas Bab per Bab anu aya dina iyeu seratan, sumangga urang uningakeun heula naon bae anu baris diwincik diwiji-wiji.
Anu bakal diguar teh nyaeta :
  1. "BAB AWAL FIL-ILAAHIYYAAT" Bab anu kahiji bakal mertelakeun 'Aqoid anu berhubungan sareng ka Pangeranan, anu eusina katerangan-katerangan Sifat-sifat anu Wajib, Sifat anu Mustahil, jeung Sifat anu Wenang di Alloh, jeung Asma_ul Husna.
  2. "BAB TSANI FIN-NUBUWWAT" Bab anu kadua mertelakeun 'Aqoid anu patali sareng Sifat para Rusul, anu eusina Sifat-sifat anu Wajib, Sifat anu Mustahil, sareng Sifat anu Jaiz (anu Wenang di para Rusul.
  3. "BAB TSALITS FIS-SAM'IYYAAT" Bab anu katilu mertelakeun 'Aqoid anu kaRungu ti Rosul Alloh, tina al-Qur'an atawa Hadits, anu eusina nerangkeun Iman ka para Malaikat, Kitab-kitab, Poe Qiyamah, jeung perkara anu kakurung ku Poe Qiyamah.
  4. "BAB AR-ROBI'U FII KALIMATISY-SYAHAADAT" Bab ka opat eta mertelakeun Kalimah Syahadat, anu di eusi ku hasil-hasil tina Bab-bab anu tadi kasebat.
  5. "BAB KHOMIS KHOTIMATUN" Bab kalima nyaeta panungtungan, anu bakal mertelakeun Wajibna ngaraksa tina sakur-sakur perkara anu nibakeun kana PaMurtadan. Tegesna anu matak ngaruksak kana ka Islaman.
Fa aquulu wa billaahi tawfiq wal hidayah wal 'inaayah :
الباب الأوّل فى الإلٰهيّات
AL-BAABUL AWWAL FIL-ILAAHIYYAT
Bab kahiji mertelakeun Sifat-sifat atawa masalah anu aya patalina jeung 'Aqidah anu berhubungan jeung Sifat-sifat Pangeran. Jeung bakal ngajelaskeun Sifat-sifat Pangeran .
Ku hal sakitu, mangka atuh Wajib pikeun sakabeh Jalma Mukalaf kudu Ma'rifat tegesna nyaho, apal, ngarti, jeung nekadkeun kana Sifat-sifat anu Wajib, anu Mustahil, jeung anu Wenang di Alloh sacara Ijmal jeung sacara Tafshil. 
Ari hartina Ijmal nyaeta garis gedena atawa globalna. Ari hartina Tafshil nyaeta perincian nana, atawa wincikan hiji-hijina, atawa mendetil.
Ari nganyahokeun secara Ijmal nyaeta Nekadkeun sa enyana Alloh Ta'ala teh eta Wajib ka sifatan ku sagala sifat ka Sampurnaan ( Kamaalat ) jeung Mustahil ka sifatan ku sifat-sifat ka kurangan ( Naqo_ish ) jeung nekadkeun yen Alloh Wenang ngadamel Mumkin atawa tinggal ngadamel Mumkin.
Ari Iman secara Tafshiil, nyaeta kudu Ma'rifat kana Hiji-hijina sifat anu Wajib, anu Mustahil, jeung anu Wenang di Alloh ta'ala.
Ari sifat Ka sampurnaan anu wajib di Alloh Ta'ala, eta henteu aya wates wangenna. Sabab Ka sampurnaan kacida pisan seueurna, saperti : Maha Pangasih, Maha 'Adil, Maha Bijaksana, jeung sa bangsana. 
Nya kitu deui sifat-sifat anh Mustahil ka Alloh ( Lalawanan sifat Ka Sampurnaan ) eta oge sami henteu aya watesan nana.
Jadi atuh guna na urang nganyahokeun secara Ijmal teh, nyaeta supaya Ngurung kana Nganyahokeun yen Alloh teh Wajib ka sifatan ku sagala sifat Ka sampurnaan, jeung Mustahil ka sifatan ku sagala sifat ka kurangan, anu ku urang moal bisa ka itung.
Dupi anu Wajib di kanyahokeun nana sacara Tafshiil ku sakur-sakur jalma anu mukalaf nyaeta :
Dua puluh (20) sifat anu Wajib di Alloh.
Dua puluh (20) sifat anu Mustahil di Alloh.
Jeung Hiji (1) sifat anu Wenang di Alloh.
Jadi jumlah sifat anu wajib dikanyahokeun nana supaya Ma'rifat ka Alloh teh eta aya Opat puluh Hiji (41) sifat.
Kangge pembabaran nana insya Alloh urang ngadamel judul enggal bae supados teu paburantak dina bahasan nana.
والله اعلم

AL-MA'RIFAT

Assalaamu'alaykum warohmatullohi wa barokaatuh...
Wilujeng wayah kiyeu saderek sadaya, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka palih dieu, mamanawian aya manfaat sinareng barokah kangge urang sadaya.
Sareng mudah-mudahan urang sadaya kabagean sakedik Elmu pikeun cacaang hirup, kangge nyukcruk laku tinu maha agung, ngalampahan qodrat tinu maha kawasa.
Ku hal sakitu sumangga ayeuna urang cobi nalungtik hiji kawajiban pikeun urang dina Masalah patekadan.
Dupi guaran anu bade dilarapkeun dina danget iyeu, nyaeta hiji bahasan tentang KA MA'RIFATAN.
Sabab  Ma'rifat teh hukumna wajib ka tiap-tiap jalma anu Mukalaf. 
Dupi anu di sebat Ma'rifat teh nyaeta Kenal atawa nyaho anu sabenerna ka Alloh Ta'ala. Karana Dawuhan Alloh :
فَاعْلَمْ أَنَّهُ لَااِلٰهَ إِلَّااللّٰه
FA'LAM ANNAHUU LAA_ILAAHA ILLALLOOH
Hartosna : Kudu nyaho anjeun yen sayaktosna henteu aya deui pangeran, anu wajib di ibadahan kalawan sabenerna anging Alloh Ta'ala. ( Surat: Muhammad : 19)
Ari Ma'rifat Hartina : Kenal,
Ari 'Ilmu Hartina : Nyaho.
Ari Ma'rifat jeung Ilmu dina iyeu Fan, ceuk Qaul anu Shohih mah eta sarua keneh, tegesna akur maknana nyaeta :
مُطَابِقٌ لِلْوَاقِعِ نَاشِئٌ عَنْ دَلِيْلٍ
MUTHOOBIQUN LIL-WAAQI'I, NAASYI_UN 'AN DALIILIN
Hartosna : Ari ngaran Ma'rifat teh, nyaeta kapengkuhan atawa patekadan anu kukuh anu akur jeung buktina sarta kanyaho eta teh cukul(muncul) tina Dalil atawa alesan.
Syaratna Ma'rifat
Walhasil, atuh ari anu disebut Ma'rifat teh, eta kudu kumpul atawa kudu aya anu Tilu (3) rupa.
Anu Tilu rupa teh nyaeta :
  1. Jazim tegesna Kayakinan anu jauh tina ragu-ragu anu moal ingkah balilahan.
  2. Eta kapengkuhan teh kudu Mufaqoh jeung Waaqi'na, tegesna akur jeung buktina anu aya dina Lawh Mahfudh, anu akur jeung Ilmu na Alloh Ta'ala.
  3. Timbulna ka yaqinan anu bener teh, tina Dalil anu Qoth'i, tegesna Dalil anu pasti benerna, nyaeta Dalil 'Aqli sareng Dalil Naqli Qur'an sinareng Hadits anu Shohih. 

Mangka atuh tiasa dikanyahokeun tina Ta'rif anu nembe, jadi aya genep (6) rupa anu anu kaluar tina Ma'rifat, anu genep eta anu henteu keuna kana harti Ma'rifat hiji-hijina anu genep teh nyaeta :
1. ظَنْ ( Dhon) = Sangkaan anu gede
2. شَكْ ( Syak ) = Mang-mang, akur kaditu kadieu (ragu-ragu ).
3. وَهْمٌ ( Wahmun ) = Sangka anu meueusan.
Iyeu anu Tilu (3) kaluar tina Jazim.
Contona :" Saperti aya hiji jalma ningali anu ngagunduk ti kajauhan, ceuk pikirna : Naha eta teh Batu atawa Munding?"  
Panyangkana anu gede nyaeta nyangka kana Batu, tah eta nu kitu teh namina Dhon, ari panyangkana anu saeutik (nyangka yen eta teh Munding), eta disebut Wahm, lamun tea mah sangkaan nana teh akur atawa sarua, antara batu jeung munding, eta anu kitu namina Syak (ragu-ragu).
4. تَقْلِيْد صَحِيْح (TAQLID SHOHIH)
 Nyaeta kapengkuhan anu mufaqat atawa akur jeung buktina(bener) tapi hanteu make alesan (dalil), ngan sakadar manehna teh Tuturuti kana kecap batur anu ngarti.
Saperti Jalma anu ngayaqinkeun kana ayana Alloh jeung Rosul-Rosulna, sarta nyaho kana sifat-sifatna tapi henteu nyaho kana Dalil-dalilna. Tah anu kitu teh disebutna Taqlid Shohih.
5. جَهْلٌ مُرَكَّبْ ( JAHLUN MUROKKAB )
Nyaeta anu kayaqinan jeung kapengkuhan nana teh henteu Mufaqat jeung buktina atawa sulaya jeung sabenerna, bari make Dalil alesan anu henteu bener.
Saperti Kaum Nashoro nekadkeun kana yen pangeran aya Tilu, jeung maranehan nana yaqin bari make Dalil, tapi salah sabab da ari pangeran mah Hiji.
6. تَقْلِيد بَاطِلْ ( TAQLID BAATHIL )
Nyaeta ka yaqinan anu salah, bari henteu make Dalil.
Saperti Musyrikin Jahiliyyah nyembah kana berhala bari sakadar tuturuti ka para Karuhunna, sarta hanteu make alesan naon-naon.
Tah iyeu anu genep (6) teh nyaeta :
  1. Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Shohih
  5. Jahlun Murokkab
  6. Taqlid Bathil

Eta kabeh oge henteu dingaranan Ma'rifat karana ari ngaran Ma'rifat mah
  1. Kudu Yaqin.
  2. Kudu Bener Mufaqat jeung buktina.
  3. Kudu timbul tina Dalil, ulah tuturuti.
Mangka sing saha bae jalma anu ka sifatan ku salasahijina anu lima (5)  nyaeta :
  1.  Dhon
  2. Syak
  3. Wahm
  4. Taqlid Bathil
  5. Jahlun Murokkab
Dina 'Aqidah anu Lima puluh (50), mangka eta jalma masih keneh Kufur , Kufur anu buat langgeng dina Naraka.
Anapon ari Taqlid Shohih, eta di Ikhtilafkeun (di pacek-cok keun) ku para Ulama. Ceuk sa Qaul : Kafir jeung ceuk sa Qaul deui mah : Mukmin bari doraka.
Tapi ceuk sa Qaul anu Shohih dina masalah 'Aqoid mah, eta Sah Iman na, tapi eta oge lamun seug manehna Ahli Mikir (Mampuh) kana mikir.
Terus manehna bakal nyandang Doraka lamun ninggalkeun mikir, tapi lamun manehna lain Ahli mikir mah eta kitu teh (Taqlid Shohih) mangka eta Sah Iman na bari hanteu Doraka.

PERKARA ANU WAJIB DI MA'RIFATKEUN
Salajengna dupi perkara anu wajib di Ma'rifatkeun ku sakur-sakur jalma Mukalaf (Urang sadaya) nyaeta :
  1. Sifat-sifat anu Wajib di Alloh 20, sifat anu Mustahil ka Alloh, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di Alloh.
  2. Opat (4) sifat anu Wajib di para Rosul, opat (4) sifat anu Mustahil di para Rosul, jeung hiji (1) sifat anu Wenang di para Rosul. Jadi jumlah Lima puluh (50) sifat.
  3. 'Aqoid Sam'iyyat, nyaeta nekadkeun kana sagala perkara anu henteu bisa "nyorangan" dina nganyahokeun nana, kajaba nyaho nana teh ku katerangan anu di candak tina al-Qur'an sareng Hadits-hadits anu Shohih. Saperti Iman ka para Malaikat, para Rosul, Kitab-kitab, Poe Qiyamah, jeung anu ka kurung ku poe Qiyamah, jeung Iman kana Qodar jeung Qodlo.
Mangka atuh Wajib hukumna ka tiap-tiap jalma Mukalaf, kudu nganyahokeun atawa apal sarta ngarti kana 'Aqoid anu Lima puluh teh. Sarta di tafshil hiji-hijina jeung Dalil-dalilna. 
Mangka Insya Alloh dina iyeu seratan anu di cutat tina Kitab 
Bade di bagi kana Opat (4) BAB, sareng anapon BAB ka lima (5)na mah KHOTIMATUN.
والله اعلم.
Sakitu nu ka pihatur ti sim kuring anu ضعيف dina nyeratkeun Bab Ma'rifat secara garis gedena.
Wassalaamu 'alaykum warohmatullohi wabarokaatuh