Saturday, March 11, 2017

TA'RIFNA AHLUS SUNNAH WAL-JAMA'AH

Sumangga ayeuna urang lajengkeun deui ngaguar salasahiji kawajiban pikeun urang sadayana.
Ti salasawios kawajiban urang sadayana teh nyaeta, urang sadaya kudu ngagem pageuh kana patekadan Ahlus-sunnah wal-Jamaa'ah sabab ngan golongan iyeu anu bakal Salamet tina Naraka anu Lawas.
Margi numutkeun kana Dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wasallam, anu unggelna :
فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ مِنْ بَعْدِيْ فَسَيَرٰى اخْتِلَافًا كَثِيْرًا، فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِيْ وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ الْمُهْدِيًِيْنَ الرًَاشِدِيْنَ تَمَسَّكُوْا بِهَا وَعَضُّوْا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ (رواه: أبو داود)
FA INNAHU MAN YA'ISY MINKUM MIN BA'DII FASAYAROO IKHTILAAFAN KATSIIRON, FA'ALAYKUM BISUNNATII WA SUNNATIL-KHULAFAA_IL-MUHDIYYIINAR-ROOSYIDIINA TAMASSAKUU BIHAA WA 'ADLDLUU 'ALAYHAA BIN-NAWAAJII ( H.R : Abu Dawud)
Hartosna : Mangka saenyana sing saha wae anu hirup ti antara Aranjeun sa enggeus Maot Kami, mangka bakal ningali kana perselisihan Faham anu loba. Dina nalika kitu, mangka kudu pada nyekel Aranjeun kana Sunnah Kami, jeung Sunnah Khulafaa_ur-roosyidin anu pada meunang Hidayah. Sing parageuh aranjeun nyekel eta sunnah, jeung gegel ku Careham. (Hadits Riwayat: Abu Dawud)
Jeung deui dawuhan kangjeng Nabi Muhammad Shollalloohu 'alayhi wasallam anu ka tampi ku Abu Hurayroh, Dawuhan nana :
تَفَرَّقَتِْ الْيَهُوْدُ عَلٰى إِحْدٰى وَسَبْعِيْنَ فِرْقَةً، وَالنَّصَارَى مِثْلَ ذَالِكَ، وَتَفَرَّقَتْ اُمَّتِيْ عَلٰى ثَلَاثٍ وَسَبْعِيْنَ فِرْقَةً. (رواه : الترميذي)
TAFARROQOTIL-YAHUUDU 'ALAA IHDAA WA SAB'IINA FIRQOTAN WAN-NASHOORO MITSLA DZAALIKA, WA TAFARROQOT UMMATII 'ALAA TSALAATSIN WA SAB'IINA FIRQOTAN.
Hartosna : Paburencay Yahudi kana Tujuh Puluh hiji golongan, Nasoro oge saperti kitu deui jadi Tujuh Puluh hiji. Jeung bakal paburencay umat Kami jadi Tujuh Puluh Tilu golongan. ( Hadits Riwayat : At-Turmudzi).
Jeung deui Dawuh Kangjeng Nabi Muhammad shollalloohu 'alayhi wasallam anu unggelna :
إِنَّ بَنِي إِسْرَائِيْلَ تَفَرَّقَتْ عَلٰى ثِنْتَيْنِ وَسَبْعِيْنَ مِلَّةً، وَتَفَرَّقَتْ اُمَّتِيْ عَلٰى ثَلَاثٍ وَسَبْعِيْنَ مِلَّةً، كُلُّهُمْ فِى النَّارِ إِلَّا مِلَّةً وَاحِدَةً. قَالُوْا : وَمَا هِيَ يَارَسُوْلَ اللّٰهْ..؟ قَالَ مَاأنَا عَلَيْهِ وَأَصْحَابِيْ (رواه: الترميذي).
INNA BANII ISROOIILA TAFARROQOT 'ALAA TSINTAYNI WA SAB'IINA MILLATAN, WA TAFARROQOT UMATII 'ALAA TSALAATSIN WA SAB'IINA MILLATAN, KULLUHUM FIN-NAARI ILLA MILLATAN WAAHIDATAN. QOOLUU : WA MAA HIYA YAA ROSUULALLOOH..??
QOOLA : MAA ANA 'ALAYHI WA ASH_HAABII.
Hartosna : Saenyana urang Bani Isroil eta paburencay kana Tujuh Puluh dua golongan(millah), jeung bakal paburencay Umat Kami kana Tujuh Puluh tilu golongan(millah) kabeh asup kana Naraka anging Hiji golongan. Mangka para Sahabat naroskeun, Hai Yaa Rosuulalloh, saha eta anu hiji golongan teh..?? Mangka waleran Kangjeng Rosul : Nyaeta Jalma - Jalma anu nyekel kana Sunnat Kami.
Jeung deui dina Hadits riwayat Imam Ath-Thabroniy mah kiyeu unggelna teh :
مَنْ هُمْ يَارَسُوْلَ اللًٰه..؟ قَالَ : أَهْلُ السُّنَّةِ وَالْجَمَاعَةِ
MAN HUM YAA ROSUULALLOOH..?
QOOLA : AHLUS-SUNNATI WAL-JAMAA'ATI
Hartosna : Saha Aranjeunna teh Ya  Rosulalloh..? Rosul ngawaler : Nyaeta Ahlus-Sunnah wal-Jamaa'ah.
Jadi kasimpulan nana, lamun seug difaham tina Hadits-hadits eta teh : Yen aya firqoh (golongan² ) sa ba'da Kangjeng Nabi Pupus, sarta kabeh pada cilaka iwal anu hiji golongan nyaeta Ahlus-sunnah wal-jamaa'ah, nyaeta Jalma-Jalma anu patekadan nana akur nganut kana patekadan nana Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wasallam. Jeung patekadan para Sohabat nyaeta, anu di agem ku Imam Abul-Hasan al-Asy'ariy jeung Abu Manshur al-Maturidiy.
Katerangan nana dina Kitab Ittihaafu saadiyyatil-Muttaqiin, syarah Ihyaa 'uluumuddiin. Juz 2 Shahifah 6 :
إِذَا اُطْلِقَ أَهْلُ السُّنَّةِ، فَالْمُرَادُ بِهٖ اَلْاَشَاعِرَةُ وَالْمَاتُرِدِيَّةُ
IDZAA UTHLIQO AHLUS-SUNNATI FAL-MUROODU BIHII AL-'ASYAA_'IROTU WAL-MAATURIDIYYATU.
Hartosna : Upama disebut Ahli sunnah, mangka anu di maksud ku eta ucapan(Ahli sunnah) teh nyaeta, Faham jeung Fatwa Imam Al-Asy'ari sareng Imam Al-Maturidi.
Jeung Golongan Ahli sunnah Wal-Jama'ah teh eta bakal langgeng ayana nepi ka Poe Qiyamah.
Nganut kana Dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wasallam, anu unggelna :
لَاتَزَالُ طَائِفَةٌ مِنْ اُمًَتِيْ ظَاهِرِيْنَ عَلٰى الْحَقِّ حَتّٰى يَأْتِيَهُمْ أَمْرُ اللّٰهِ وَهُمْ ظَاهِرُوْنَ. (رواه البخاري(
LAA TAZAALU THOOIFATUN MIN UMMATII DHOOHIRIINA 'ALAAL-HAQQI HATTA YA_TIYAHUM AMRULLOOHI WA HUM DHOOHIRUUN.
Hartosna : " Moal eureun-eureun sagolongan ti Ummat Kami, aya dina kaMeunangan atawa Bener. Sahingga datang Poe Qiyamah, bari maranehan nana aya dina Bener.
#KAUM-KAUM ANU CILAKA
Ari anu Tujuh puluh dua deui, anu kaluar tina tekad Ahli Sunnah wal-Jama'ah, eta diringkes dina Tujuh (7) Golongan.
Anu Tujuh (7) golongan teh nyaeta : 
1. Kaum Syi'ah 
Kaum syi'ah teh nyaeta, hiji Kaum anu leuleuwiheun muja ka Sayyidina 'Ali Karromallohu Wahjah, nepi ka maranehna henteu ngaku kana ka Kholifahan nana Sohabat anu tilu deui, nyaeta : Sayyidina Abu Bakar, Sayyidina Umar bin Khotob, jeung Sayyidina Utsman bin 'Affan Rodliyalloohu 'anhum.
Sedengkeun Ahli Sunnah wal-Jama'ah mah Shohabat anu opat teh di aku sebagai Kholifah sa ba'da Rosululloh Pupus, ti kawit Sayyidina Abu Bakar nepi ka Sayyidina 'Ali bergantian.
Tah eta Kaum syi'ah teh kapecah jadi 22 aliran.
2. Kaum Khowarij
Anu disebut kaum Khowarij nyaeta Kaum anu kacida ngewa na ka Sayyidina 'Ali Karromallohu Wajhah (Sabalikna tina kaum Syi'ah) malah sawarehna mah aya anu ngufurkeun ka Sayyidina 'Ali.
Firqoh anu iyeu mah ngabogaan tekad yen jalma anu ngalakukeun dosa gede, eta jadi Kufur.
Sayyidina 'Ali dina danget harita di bunuh ku Kaum Khowarij, jalma anu ngabunuhna ngaranna teh 'Abdul Rohman bin Muljam waktu Sayyidina 'Ali bade shalat Subuh, kaleresan ninggang kana Kaping 17 Romadon 40 Hijriyyah, teras dipendem di NAJAF BAGHDAD (IRAK).
Tah iyeu golongan Khowarij oge pecah nepi ka Dua puluh(20) aliran.

3. Kaum Mu'taziilah
Anu disebut Kaum Mu'tazilah mah nyaeta, hiji Kaum anu ngabogaan tekad yen Alloh henteu ngabogaan Sifat, Manusa nyieun pagawean sorangan, henteu di damel ku Alloh amalna, jeung jalma Mu'min anu di Surga moal ningali ka Alloh, jeung deui nekadkeun yen jalma anu migawe dosa gede, eta ditetepkeun dina hiji tempat di antara Surga jeung Naraka. Jeung maranehna nekadkeun yen kangjeng Nabi, Mi'roj na teh ku Ruh_na wungkul.
Tah iyeu kaum Mu'tazilah kabagi/pecah jadi Dua puluh (20) aliran.

4. Kaum Murji'ah
Ari anu disebut kaum Murji'ah nyaeta hiji kaum anu boga patekadan (nekadkeun) yen pagawean maksiat, eta henteu nanaon jeung henteu madarat asal geus Iman.
Seperti anu Kafir, henteu aya manfaat naon-naon dina pada migawe ka alusan.
Tah ari kaum Murji'ah mah eta pecahna teh ngan jadi Lima (5) aliran.

5. Kaum Najjaariyyah
Ari kaum Najjaariyyah mah nyaeta Hiji kaum anu ngabogaan patekadan yen Amal perbuatan manusa, eta didamel ku Alloh. Akur jeung pamadegan (ageman) Ahlus-sunnah wal Jama'ah.
Tapi maranehan nana ngabogaan tekad yen Alloh hanteu ngagaduhan Sifat Qodiim, oge cenah Kalm Alloh teh Hadits(anyar). Akur jeung pendapatna Mu'tazilah.
Iyeu kaum Najjariyyah oge pecah jadi Tilu (3) aliran.

6. Kaum Jabbaariyyah
Ari kaum Jabbariyyah mah, nyaeta hiji kaum anu nekadkeun yen Manusa teh Majbur tegesna kapaksa tur henteu boga ikhtiyar atawa pamilih naon-naon. Rek ibadah atawa henteu, kumaha Pangeran bae.
Tah golongan anu iyeu mah ngan ukur aya Sagolongan.

7. Kaum Musyabbihah.
Ari kaum Musyabbihah nyaeta Kaum anu boga patekadan yen Alloh teh seperti Makhluk, nyaeta ngagaduhan Jisim, sok diuk, sok turun, sok unggah(naek), boga leungeun, boga suku, boga beungeut, jeung bangsana nu aya di makhluk.
Tah Kaum anu kasebat iyeu sok disebut oge Kaum Mujasimah, sarta Kaum Musyabbihah/Mujasimah eta ngan aya Sagolongan.

Jadi anu kagolongkeun kana Ahli Bid'ah, tegesna anu lain Ahli Sunnah wal-Jama'ah, eta jumlahna aya Tujuh puluh Dua golongan ( Firqoh )


  1. Kaum Syi'ah jadi 22 aliran
  2. Kaum Khawarij jadi 20 aliran
  3. Kaum Murji'ah jadi 5 aliran
  4. Kaum Mu'tazilah jadi 20 aliran
  5. Kaum Najjariyyah jadi 3 aliran
  6. Kaum Jabbariyyah 1 aliran
  7. Kaum Musyabbihah/Mujassimah 1 aliran.
Tah eta anu Tujuh kelompok,
( كُلُّهُم فِى النَّارِ، كَمَا فِي الْحَدِيْثِ الْمَذْكُرْ ) (Kabehan nana kana Naraka)
Jumlah sadayana aya 72 golongan.
Jadi lamun di tambah sa Firqoh nyaeta Ahlu Sunnah wal-Jama'ah, jadi jumlahna teh 73 golongan sakumaha anu aya dina Hadits Imam at-Turmudzi.

  • Anapon Kaum Qodariyyah, eta ka asup kana golongan (kelompok) Kaum Mu'tazilah.
     
  • Kaum Baha_iyyah jeung Ahmadiyyah, eta ka asup kana golongan Syi'ah.
  • Kaum Ibnu Taymiyyah, eta ka asup kana golongan Musyabbihah.
  • Kaum Wahabiyah/Wahabi, eta ka asup kana golongan anu nganut tur pelaksanaan tina fahamna Ibnu Taymiyyah.

KASIMPULAN NANA
Wal hasil, ari anu di sebat Ahlus-Sunnah wal-Jama'ah dina patekadan ( keyakinan ) nyaeta Jalma-Jalma anu nganut kana Madzhab Imam al-Asy'ariy sareng Imam Al-Maturidiy.
Anapon lamun dina Masalah Furu'iyyah / Fiqih
mah nyaeta anu nganut atanapi nga-Madzhab ka salasahijina Madzhab anu Opat (4), nyaeta :
  1. Imam Abu Hanifah, Lahir Tahun 80 H. Di Kuffah. Wafat tahun 150 H. Di pendemna di Baghdad, yuswa_na ± 70 tahun.
  2. Imam Maliki, Lahir tahun 93 H. Di Madinah. Wafatna tahun 179 H. Di pendemna di Baqi', Madinah. Yuswana 89 tahun.
  3. Imam Asy-Syafi'i, lahir tahun 150 H. Di Ghozzah / Syam. Lajeng wafatna tahun 204 H. Di pendemna di Mishri, yuswana 54 tahun.
  4. Imam Ahmad bin Hambal, lahir tahun 164 H. Di Baghdad, wafatna tahun 241 H. Di pendemna di Baghdad, yuswana 77 tahun.
Pikeun urang sadaya eta henteu meunang kaluar tina salasahijina Madzhab anu Opat (4), sabab Madzhab anu sejenna mah geus pareum alias henteu aya Catetan nana. Karana tos teu aya penerusna.
Ku hal sakitu, mangka atuh Wajib pakeun anu lain Ahli Ijtihad (urang sadaya) kudu Taqlid (ngikuti) ka salasahijina Madzhab anu Opat (4) dina masalah Furu'iyyah. Sabab henteu mampuh kana ngagali sorangan.
Anapon lamun dina Ilmu Tasawwuf mah, urang kudu turut kana tingkah-lakuna Abul-Qosim al-Junaydi anu make Syari'at, Thoriqot, sareng Haqiqat.
Karana dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wasallam :
فَعَلَيْكُم بِسُنَّتِيْ (اَيْ قَوْلًا وَفِعْلًا وَتَقْرِيْرًا) وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ ( اَيْ فِي الْعَقَائِدِ )الدِّيْنِيَّةِ وَالْاَعْمَالِ الْبَدَنِيَّةِ وَالْاَخْلَاقِ الْقَلْبِيَّةِ
FA'ALAYKUM BISUNNATII (AY QOWLAN WA FI'LAN WA TAQRIIRON) WA SUNNATIL-KHULAFAA_IR-ROOSYIDIINA (AY FIL-'AQOOIDID-DIINIYYATI WAL-A'MAALIL-BADAANIYYATI WAL-AKHLAAQIL-QOLBIYYATI.
Hartosna : Aranjeun kudu turut atawa nyekel kana Sunnah Kami, (dina ucapan, pagawean, pangucap) jeung Sunnahna Khulafa_ir Rosyidiin (dina patekadan agama, dina Amal badan jeung Akhlak sarta Hatena).
Di alap cekap sakitu wae dina ngaguar garis gede na babagan Ahli Sunnah Wal-Jama'ah, sareng simkuring teu tiasa ngawincik ngawiji-wiji dina golongan-golongan anu kaluar tina Ahli Sunnah wal-Jama'ah.
Kumargi anu bade dibahas dina iyeu seratan mah bade ngaguarkeun babagan Ilmu Tauhid, sanes aliran-aliran eta.
Namung di cantumkeun soteh, pedah aya sangkut pautna sareng kayakinan, tur kangge nguningakeun wungkul. Sangkan urang sadaya henteu salah dina ngalengkah.IMG_20161014_091637

No comments:

Post a Comment

Dipersilahkan untuk meninggalkan jejak walau satu atau duapatah kata.
Terima kasih atas kunjungannya...