Showing posts with label bahasa sunda. Show all posts
Showing posts with label bahasa sunda. Show all posts

Saturday, March 11, 2017

TA'RIFNA AHLUS SUNNAH WAL-JAMA'AH

Sumangga ayeuna urang lajengkeun deui ngaguar salasahiji kawajiban pikeun urang sadayana.
Ti salasawios kawajiban urang sadayana teh nyaeta, urang sadaya kudu ngagem pageuh kana patekadan Ahlus-sunnah wal-Jamaa'ah sabab ngan golongan iyeu anu bakal Salamet tina Naraka anu Lawas.

Wednesday, March 8, 2017

MASALAH-MASALAH ILMU TAUHID

Dupi anu pungkasan dina Bab Mabadi Ilmu Tauhid nyaeta ngahokeun naon wae anu jadi Masalah-masalah anu aya dina Ilmu tauhid.
Supaya urang apal, Masalah-Masalahna teh nyaeta :
وَمَسَائِلُهُ قَضَايَاهُ الْبَاحِثَةُ عَنِ الْوَاجِبَاتِ وَالْجَائِزَاتِ وَالْمُسْتَحِيْلَاتِ
WA MASAA_ILUHU QODLOOYAAHUL-BAAHITSATU 'ANIL-WAAJIBAATI WAL-JAAIZAATI WAL-MUSTAHIILAATI.
Hartosna : Ari masalah-masalahna Ilmu Tauhid teh nyaeta, Qadiyah-Qadiyah anu ngabahas kana sifat anu Wajib, Wenang jeung Mustahil di Alloh sarang para Rosulna.
Dicekapkeun sakieu bae dina ngababar Mabadi Ilmu Tauhid anu sapuluh anu karangkum dina Nadhom tipayun.
Insya Alloh guaran anu bakal dongkap urang coba ngulas sareng nguningakeun sakedik anu aya patalina sareng

TA'RIF AHLI SUNNAH WAL-JAMA'AH

SALAM 313

Friday, February 3, 2017

WADLI'na ILMU TAUHID

Salajengna guaran Mabadi dina ilmu tauhid anu nomer genep(6) Nyaeta : WADLI'na Ilmu tauhid.

Dupi anu disebat Wadli' ilmu tauhid teh nyaeta : 

وَوَاضِعُهُ اَبُو الْحَسَنْ اَلْاَشْعَرِيُّ وَمُتَابِعُهُ وَاَبُو مَنْصُوْر اَلْمَاتُرِدِيُّ وَمُتَابِعُهُ

WA WADLI'UHUU ABUL-HASAN AL-ASY'ARIYYU WA MUTAABI'UHUU WA ABU MANSHUR AL-MAATURIDIYYU WA MUTAABI'UHUU.

Hartosna : Ari anu pangheulana nyusun kana Ilmu tauhid teh nyaeta : Imam Abul-Hasan al-Asy'ary jeung para panganutna/pengikutna. Oge Imam Abul-Manshur al-Maturidiy jeung para pangikutna.

Tapi sabenerna eta Elmu Tauhid teh ti kawit zaman Nabi Adam 'alayhis-salaam oge dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'alayhi wa sallam parantos aya, da sadayana para Rusul pada nerangkeun elmu Tauhid, malah di utusna oge ku Alloh teh dipiwarang ngajak Tauhid.

Namung ku margi Abul-Hasan al-Asy'ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy anu pang masyhurna dina ngabuku_keun iyeu Elmu sareng ngadegkeun kana Dalil-dalilna pikeun nolak/nentang kana Aqidah-aqidah anu batal( sasar ).

Maka atuh Aranjeunna( Abul-Hasan al-Asy'ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy) anu katelah anu ngatur sareng nyusunna kana elmu Tauhid.

Dupi Abul-Hasan al-Asy'ariy lahirna teh taun : 260 Hijriyyah di Bashroh(Irak) sareng wafatna taun : 324.H.

Dupi Abul-Manshur al-Maturidiy lahir di Desa Maturid Samarqondi, kumargi teu aya qaul anu kuat anu ngajelaskeun kana waktos kelahiran nana, jadi didieu Sireum ateul oge teu wantun nyantumkeun nana. Dupi wafatna nyaeta taun 333 H.

Dupi penerusna eta seueur pisan anu dugi ka urang samudayana, mung tina sapalihna penerus eta bade di cantumkeun dina iyeu guaran, diantawisna nyaeta :

1. Imam Abu Bakar al-Qoffal, wafat taun : 365  H.

2. Imam Abu Ishaq al-Asfaroyiin, wafat taun : 411 H.

3. Imam al-Hafidh al-Bayhaqqi, wafat taun : 458 H.

4. Al-Imam al-Haromayn al-Juwayni, wafat taun : 460 H.

5. Al-Imam al-Qosim al-Qusyayri, wafat taun : 465 H.

6. Al-Imam al-Baqilaani, wafat taun : 403 H.

7. Al-Imamul-Ghozaali, wafat taun : 505 H.

8. Al-Imam Fakhrud-diin ar-Roozii, wafat taun : 606 H.

9. Al-Imam 'Izzuddiin bin 'Abdus-salaam, wafat taun : 660 H.

Iyeu sadayana panerus perjuangan Abul-Hasan al-Asy'ariy, dina faham Ahlis-sunnah wal-jama'ah.

Teras ka ayeunakeun nana seueur deui panerus-panerusna, ti antawisna :

1. Asy-Syekh as-Sanuusi, pengarang kitab As-Sanuusiyyah sareng kitab-kitab anu sanesna.

2. Asy-Syekhul-Islaam Syekh 'Abdulloh asy-Syarqowwi, anu wafatna taun : 1227 H. Nyaeta pengarang kitab anu mashur nyaeta : Asy-Syarqowwi.

3. Asy-Syekh Ibroohim al-Bajuuriy, anu wafatna taun : 1272 H. Pengarang kitab syarah as-Sanusi anu mashur, kitab Tahqiiqul-Maqom syarah Kifayatul-'Awaam, kitab Tuhfatul-Muriid Syarah kitab Jawhar Tauhid, sareng kitab-kitab anu sanesna.

4. Al-'Alaamah asy-Syekh Muhamad an-Nawaawi Banten, nyaeta Ulama Indonesia anu wafatna taun : 1315 H. Pengarang kitab syarah Tijanud-Darooriy, Fathul-Majid, syarah ad-Durorul-Fariid, sareng seueur deui penerus anu sanesna.

Kumargi heureut pakeun pungsat bahan,

Sireum ateul mung ngdugikeun sakitu ayana. Mudah- mudahan urang samudayana tiasa nguningakeun salasawios penyusun dina babagan Mabadi Ilmu Tauhid bagian Wadli'na ilmu tauhid.


Insya Alloh kanggo salajengna urang bakal ngalengkah kana bagian WASMUHU( ngaran kitab ).

Wednesday, February 1, 2017

NISBATNA ILMU TAUHID

Salajengna dina bahasan Mabadi Ilmu Tauhid aya poin anu disebat NISBATNA ILMU TAUHID.
Tah dina ngaguar Nisbatna ilmu tauhid mah sireum ateul bade nyutat sa ayana dina kitabna wae.

Dupi palenggeran Nisbatna Ilmu Tauhid teh, nyaeta :

وَنِسْبَتُهُ اَنَّهُ اَصْلُ الْعُلُوْمِ وَمَا سِوَاهُ فَرْعٌ عَنْهُ

WA NISBATUHUU ANNAHUU ASHLUL-'ULUUMI WA MAA SIWAAHU FAR'UN 'ANHU.

Hartosna : Dupi Nisbatna ilmu tauhid di bandingkeun jeung elmu anu sejenna, eta elmu Tauhid teh lir ibarat tangkalna. Sedengkeun elmu anu sejenna mah lir ibarat dahan-dahanna anu matak ngaranna oge Ushuluddin anu hartina Pokokna agama atawa tangkalna agama.

Saolah-olah pandemen(pondasi) sedengkeun ari elmu anu sejenna mah kabeh oge numpang atawa nempel kadinya.

Tapi sanajan disebut pokok atawa pondasi, lain berarti elmu anu sejenna henteu penting....!!!

Ayeuna suang di ibaratkeun wae kana hiji bangungan imah, atuh tangtu ari bangunan imah teh aya Pondasi, adeg-adeg sapuratina, terus di cet mih beuki hade, tah eta kakara bisa disebut bangunan imah. 

Tah dina Agama oge kitu, teu cukup ayeuna ku ngulik atawa ngaji kana elmu Ushuluddin wungkul, da kudu aya ilmu fiqih jeung Tasawwufna supaya cocok dina Iman, Islam jeung Ihsan.

Sakitu nu kapihatur dina ngaguar Mabadi Ilmu tauhid dina bab Nisbatna Ilmu tauhid. Kirang langkungna nyuhunkeun agunging pangapunten.


Sireum ateul


Monday, January 30, 2017

FADLOL (KAUNGGULAN) ILMU TAUHID

Sireum ateul
Mangga suang lajengkeun deui dina ngaguar kana Mabadi Ilmu tauhid anu nomer opat(4) nyaeta Fadlol( ka unggulan) ilmu tauhid.

Dupi fadlol ilmu tauhid teh, nyaeta :

وَفَضْلُهُ اَنَّهُ اَشْرَفُ الْعُلُوْمِ

WA FADLLUHUU ANNAHUU ASYROFUL-'ULUUMI

Hartosna : Ari ka unggulan nana ilmu tauhid teh eta jadi pangutamana elmu, karana eta elmu teh hubungan nana jeung Dzat Alloh sarta hubungan nana jeung Dzat Rusul(utusan) nana.

Sedengkeun henteu aya anu leuwih mulya tinimbang Alloh oge para Rusul Alloh, eta kapan makhluk-makhluk anu di mulyakeun ku Alloh.

Atuh tangtu anu ngabahas sareng anu kersa ngaos kana sifat-sifatna oge bakal kabagean kaMulyaan nana. 

Ku hal sakitu hayu urang leuwih soson-soson dina diajarna sangkan mundel tur berlipet dina hasilna. Da Sireum ateul (pirbadi)mah can katepi.

Tah sakitu garis gede tina bab ka unggulan Ilmu tauhid, mudah-mudahan jadi beuki sumanget kana muka bahasan anu salajengna, nyaeta Nisbatna Ilmu Tauhid.

Saturday, January 28, 2017

TSAMROH ILMU TAUHID

Alhamdulillaah dina danget ayeuna tiasa pajonghok deui sareng Sireum Ateul, anu bade ngalajengkeun catetan anu teu acan rengse dina ngaguar Mabadi na ilmu Tauhid. 

Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer tilu (3) nyaeta TSAMAROH (BUAH) ILMU TAUHID.
Dupi anu disebat Tsamaroh dina elmu tauhid teh, nyaeta :

وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ صِفَاتِ اللّٰهِ تَعَالٰى وَرُسُلِهٖ بِالْبَرَاهِيْنِ 
الْقَطْعِيَّةِ وَالْفَوْزُ بِالسَّعَادَةِ الْاَبَدِيَّةِ.

WA TSAMROTUHUU MA'RIFAT 
SHIFAATILLAAHI TA'AALAA WA RUSULIHII BIL-BAROOHIINIL-QOTH'IYYATI WAL-FAWZU BIS-SA'AADATIL-ABADIYYATI.

Hartosna : Ari buahna atanapi faidahna ilmu tauhid teh nyaeta, ku ngaji na kana eta ilmu tauhid teh bisa nyaho kana sifat-sifatna Alloh sinareng Rosul-Rosulna, ku dalil-dalil anu pasti benerna.

Ka duana ku ngajina kana eta ilmu tauhid teh meunang ka bagjaan anu alus tur anu henteu aya tungtungna dipoe akherat.

Tah eta teh hasil (Tsamroh/buah) tina ngaji ilmu tauhid. Jadi atuh tos jelas ayeuna mah yen saupama urang hayang meunang ka bagajaan anu henteu aya tungtungna di akherat maka hayu atuh urang dileukeunan saeutik-saeutik ngaderes deui kana ngaji ilmu tauhid malah mandar leuwih kandel tur pageuhna patekadan urang sadayana

MAWDLU' ILMU TAUHID

Anu parantos kasebat tur kasabit ku sireum ateul dina bahasan Mabadi pikeun ilmu tauhid, mangga ayeuna urang lajengkeun deui kana guaran anu salajengna nyaeta bagian MAWDLU'na ilmu tauhid.

Nu disebat Mawdlu teh nyaeta :

وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللّٰهِ وَذَاتُ رُسُلِهٖ مِنْ حَيْثُ مَايَجِيْبُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَايَجُوْزُ وَالْمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ اَنَّهُ يُسْتَدَلُّ بِهٖ عَلٰى وُجُوْدِ صَانِعِهٖ، وَالسَّمْعِيَّاتُ مِنْ حَيْثُ اِعْتِقَادُهَا

WA MAWDLU'UHUU DZAATULLOOHI WA DZAATU RUSULIHII MIN HAYTSU MAA YAJIIBU WA MAA YASTAHIILU WA MAA YAJUUZU WAL-MUMKINU MIN HAYTSU ANNAHUU YUSTADALLU BIHII 'ALAA WUJUUDI SHOONI'IHII WAS-SAM'IYYAATU MIN HAYTSU I'TIQOODUHAA.

Hartosna : Ari mawdlu'na atawa anu diolah ku ilmu tauhid teh nyaeta Dzat Alloh jeung Dzat Rosul-rosulna, tina palebahan sifat-sifatna anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang, jeung mumkin atawa makhluk tina palebahan bisa dipake Dalil kana ayana anu ngadamelna. Jeung katerangan anu karungu (kakuping) ti Alloh jeung ti Rosulna anu wajib ditekadkeun nana.

Jadi atuh anu dibahas ku elmu Tauhid teh nyaeta :

1. Sifat-sifat anu wajib di Alloh, anu mustahil di Alloh, jeung anu wenang di Alloh.

2. Sifat anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang dipara Rosul.

3. Makhluk, pedah sok dipake dalil kana ayana anu ngadamelna.

4. Sam'iyyat, tegesna katerangan anu karungu atanapi ka tampi tina Al-Qur'an jeung Al-Hadits anu shohih anu aya patalina jeung patekadan.

Sakitu dialap-cekap dina ngabahas Mabadi Ilmu tauhid anu kadua, nyaeta Mawdlu'.
Sireum ateul

HAD ILMU TAUHID

Salajengna sakadang Sireum ateul bade ngawincik ngawiji-wiji Mabadi dina babagan ilmu Tauhid, kumargi kitu atuh pantes pisan dina ngabahasna teh kana Mabadina ilmu Tauhid anu sapuluh tea, nyaeta nomer kahijina HAD ilmu tauhid anu palenggeran nana teh nyaeta :

1. HAD na Ilmu Tauhid : 

فَحَدُّهُ لُغَةً : اَلْعِلْمُ بِأَنَّ الشَّيْئَ وَاحِدٌ
وَشَرْعًا : بِمَعْنٰى فَنِ الْمَدُّوْنِ عِلْمٌ يُبْحَثُ فِيْهِ عَنْ اِثْبَاتِ الْعَقَائِدِ الدِّيْنِيَّةِ الْمُكْتَسَبُ مِنْ اَدِلَّتِهَا الْيَقِيْنِيَّةِ، وَبِغَيْرِ مَعْنٰى الْفَنِّ الْمُدَوَّنِ : اِفْرَادُ الْمَعْبُوْدِ بِالْعِبَادَةِ مَعَ اعْتِقَادِ وَاحْدَتِهٖ ذَاتًا وَصِفَاتٍ وَاَفْعَالًا

FAHADDUHU LUGHOTAN, AL-'ILMU BI_ANNASY-SYAY_A WAAHIDUN.
WA SYAR'AN, BI MA'NAA FANIL-MUDAWWANI 'ILMUN YUBHATSU FIIHI 'AN ITSBAATIL-'AQOO_IDID-DIINIYYATIL-MUKTASABU MIN ADILLATIHAAL-YAQIINIYYATI.
WA BIGHOYRI MA'NAL-FANNIL-MUDAWWANI : IFROODUL-MA'BUUDI BIL-'IBAADATI MA'A'TIQOODI WAHDATIHII DZAATAN WA SHIFAATIN WA AF'AALAN.

Hartosna : Ari Tauhid ceuk lughot (bahasa) mah nyaeta, nyaho kana yen perkara teh sahiji.
Ari tauhid ceuk Syara' mah lamun bae nurutkeun Fan Mudawwan (tegesna elmu anu dibukukeun) nyaeta, hiji elmu anu ngabahas kana netepkeun patekadan agama anu diusahakeun elmuna tina dalil-dalil anu yaqin, saperti Dalil 'aqli( dalil ceuk akal) jeung dalil Naqli anu Qoth'iyyi tina Hadits jeung Qur'an.
Ari tauhid ceuk Syara' mah, lamun nurutkeun kana Fan anu henteu di bukukeun mah nyaeta, ngawungkulkeun kanu di sembah, tunggal dzatna, sifatna, jeung af'alna.

Sakitu anu ka pihatur ti sakdang Sireum ateul dina penjelasan Palenggeran Had Ilmu tauhid secara garis gedena.
Upami hoyong langkung jelasna mah kedah di Majlis pangaosan da dibahas didieu mah teu kauntup ngetikna.


Sireum ateul

Friday, January 27, 2017

MABADI ILMU TAUHID

Dina danget iyeu sakadang sireum ateul bade nyutatkeun naon anu aya dina moqoddimah tadi nyaeta ngadugikeun MABADI ILMU TAUHID.

Atuh peryogi ka uninga ka satiap-tiap jalma anu bade ngaos kana hiji Fan (cabang ilmu) naon bae, mangka kedah ngabahas heula kana mabadi na( dasar-dasar pokok jeung tujuan) tina eta elmu, malahmandar sangkan tambah teguh jeung semangat kana di ajarna.

Dupi Mabadi tina tiap-tiap elmu, eta aya sapuluh seueurna, sakumaha iyeu katerangan anu dikandung dina nadhom :


اِنَّ مَبَادِيَّ كُلِّ فَنٍ عَشَرَةٌ * اَلْحَدَّ وَالْمَوْضُوْعُ ثُمَّ ثَمَرَه
وَفَضْلُهُ وَنِسْبَةٌ وَالْوَاضِعُ * وَالْاِسْمُ الْاِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ
مَسَائِلُ وَالْبَعْضُ بِالْبَعْضِ اكْتَفٰى * وَمَنْ دَرٰى الْجَمِيْعَ حَازَا الشَّرَفا

Hartosna : Saenyana Mabadi tiap-tiap elmu (pirang-pirang anu peryogi diuningakeun dina mimiti ngaji tiap-tiap Fan warna elmu) eta aya sapuluh rupa.

1. Had na (ta'rifna/palenggeran nana/ definisi na.

2. Mawdlu' na tegesna anu diolahna atawa anu digarapna ku eta elmu (obyekna).

3. Tsamroh na tegesna buahna atawa hasilna tina eta elmu.

4. Fadlilah na atawa kaunggulan nana tina eta elmu.

5. Nisbat na hubungan nana jeung elmu-elmu anu sejenna.

6. Waadli' na tegesna saha anu ngaturna jeung merenahkeun nana eta elmu ( subjekna).

7. Ismuhu tegesna ngaranna/julukan nana eta elmu.

8. Istimdad na tegesna sumber panyokotan nana atawa asal-usulna eta elmu.

9. Hukum syara'na ngaji eta elmu.

10. Mas_alah-mas_alah anu dibahas ku eta elmu.

Mangka sing saha wae anu apal, sanajan ngan ukur sawareh tina mabadi, mangka eta geus cukup, jeung saha bae jalmana anu apal kabeh kana Mabadi tiap-tiap elmu, mangka tangtu eta jalma bakal meunang kamulyaan(karomah).
Sireum ateul

Kanggo bubuka di alap cekap insya Alloh kapayun bakal diguar hiji-hijina mabadi anu sapuluh tea.

MUQODDIMAH ILMU TAUHID

بسم الله الرحمن الرحيم

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمَوْجُوْدِ لِذَاتِهٖ. الْقَدِيْمِ الْبَاقِى الْمُخَالِفِ لِلْخَلْقِ الْغَنِيِّ لِذَاتِهٖ. الْوَاحِدِ الْقَادِرِ الْمُرِيْدِ الْعَالَيْمِ ذِى الْحَيَاةِ وَالسَّمْعِ وَالْبَصَرِ وَالْكَلَامِ الْقَدِيْمِ
وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى أَفْضَلِ الرُّسُلِ الصَّادِقِيْنَ فِي دَعْوَاهُم وَاَحْكَامِهِمْ اَلْمَعْصُوْمِيْنَ مِنْ مَنْهِيَاتِ الظَّاهِرِ وَالْبَاطِنِ الْمُبَلِّغِيْنَ لِمَا عَلَيْنَا تَصْدِيْقُهُ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَصَحْبِهٖ اَجْمَعِيْنَ ( اَمَّا بَعْدُ) فَهٰذِهٖ رِسَالَةُ فِى بَيَانِ الْعَقَائِدِ الَّتِيْ هِيَ اُصُوْلُ الدِّيْن

Mangka sateuacanna tumandang kana bahasan anu dimaksud, didieu simkuring (sireum ateul) bade ngamuat muqoddimah bahasan Ilmu Tauhid, sakumaha anu diserat ku Muallif.

Diantawis eusi dina bahasan iyeu nyaeta :

1. Mertelakeun Mabadi Ilmu Tauhid, nyaeta anu dimaksud supados urang anu maos kana iyeu kitab/tulisan tambih sumanget.

2. Mertelakeun ta'rif Ahlis-sunnah wal jamaa'ah jeung Luar ahlis-sunnah( selain ahlis-sunnah wal jamaa'ah ), mung sakadar pikeun ngabedakeun wungkul, jadi ngan garis gedena wungkul.

3. Mertelakeun Ma'rifat anu wajib diusahakeun nana ku tiap jalma Mukallaf ( baligh tur boga akal).
@sireum ateul

@sireum ateul