Saturday, December 31, 2016

(HUBUNGAN HUKUM ADAT JEUNG 'AQIDAH)

Didieu Seueur jalma anu salah nerapkeun, hukum adat dijadikeun hukum akal sahingga bisa nibakeun kana kakufuran atawa fasiq. 

Ari sabab adat saperti bedog sok ngaraheutkeun, kadaharan sok ngawaregkeun, obat sok nyageurkeun, seuneu sok nutungkeun jeung sabangsana. 
Tah omongan anu sarupa kitu teh, dina masalah iyeu mah timbul kabagi kana opat (4) golongan, nyaeta :

1. Jalma anu nekadkeun yen kadaharan teh bisa ngawaregkeun ku watekna eta kadaharan sarta Talazum 'aqli tegesna satiap-tiap dahar pasti wareg, atawa satiap-tiap kaduruk pasti tutung. 

Tah golongan anu kitu tekadna teh eta kufur kalayan mufakat para Ulama dina ngufurkeun nana kanu kitu, nyakitu dina seuneu bisa nutungkeun, bedog bisa ngaraheutkeun, obat bisa nyageurkeun ku thabi'atna/watekna, iyeu teh kacida salahna jeung nibakeun kana kakufuran.

Supaya ringkes, didieu bade dibantun conto hiji bae nyaeta : masalah kadaharan conto sejen mah ukurkeun bae kadinya.


2. Golongan jalma anu nekadkeun yen kadaharan bisa ngawaregkeun ku kakuatan, anu eta kakuatan teh didamel ku Alloh, disimpen dina eta kadaharan, bari Talazum 'adiy tegesna henteu misti tiap-tiap dahar aya wareg, teu misti tiap-tiap keuna ku seuneu tutung. 

Tah anu kitu mah ka asupna kana pamadegan/patekadan Mu'tazilah, anu dina Kufurna teh di ikhtilafkeun; numutkeun qoul Ulama anu Shohih mah henteu nepi ka pangkat Kufur mah tapi jadi Ahli bid'ah anu sasar(dlolalah).

3. Jalma anu nekadkeun yen kadaharan jeung bangsana, henteu bisa ngawaregkeun atawa ngajagjagkeun, anapon anu ngawaregkeun jeung anu nutungkeun, anu ngaraheutkeun jeung nyageurkeun mah ngan Alloh ta'ala wungkul, ngan manehna nekadkeun antara Sabab jeung Musabab Talazum 'aqli, tegesna nganggap teu sah sulayana, saperti conto : 
misti satiap-tiap aya sabab, kudu aya bukti Musabab, saperti : 
misti tiap-tiap aya dahar, aya wareg. Satiap ngadahar obat aya cageur, jeung sabangsana.

Tah anu kitu mah Sah sulayana, anu kitu patekadan nana teh tos dimufakatkeun ku ulama kana henteu Kufurna ngan pedah anu kitu mah kalebet kana golongan Jahlun(Bodo) tegesna henteu nyaho kana Haqiqatna hukum adat. 

Padahal lamun ningali kana bahasan nu tos kalangkung, hukum adat mah sah sulayana. 
Tapi kadang-kadang, eta kabodoan teh sok narik-narik oge kana kakufuran, saperti sok nampik kana ayana Karomah, Mu'jizat, Ba'ats
( dihudangkeun tina pakuburan) tah lamun ku kabodoan nana teh nepi ka nampik/nolak kana perkara anu kasebat biyeu, mangka eta manehna jadi Kufur.

4. Jalma anu nekadkeun yen anu boga tapak teh ngan Alloh ta'ala wungkul, saperti kadaharan henteu bisa ngawaregkeun, obat henteu bisa nyageurkeun, bedog henteu bisa ngaraheutkeun, bari manehna nekadkeun yen antara Sabab jeung Musabab teh eta Talazum 'adiy anu sah sulayana, jadi biasana dimana antel seuneu, Alloh sok ngadamel tutung, tapi henteu pasti. 

Da henteu naon-naon ari henteu dikersakeun mah ku Alloh, antel seuneu henteu tutung, atawa aya oge anu tutung bari henteu ka antelan seuneu, nyakitu deui dina kadaharan, bedog, jeung obat oge kabeh henteu ngabogaan tapak/henteu matak naon-naon lamun henteu dikersakeun ku Alloh ta'ala mah.

Tah iyeu anu nomer ka opat(4) eta patekadan anu salamet mungguh Alloh ta'ala, nyaeta patekadan nana Ahlis Sunnah wal Jama'ah.



[BABAGIAN HUKUM ADAT]

Dupi babagian Hukum Adat eta aya opat (4) bagian, nyaeta :

1. رَبْطُ وَجُوُدٍ بِوُجُوْدٍ  
( ROBTHU WUJUUDIN BIWUJUUDIN) Tegesna hubungan aya kana aya, contona saperti ayana wareg teh ku ayana dahar, atawa ayana kaduruk/tutung teh ku ayana seuneu.

2. رَبْطُ عَدَمٍ بِعَدَمٍ  
(ROBTHU 'ADAMIN BI'ADAMIN) Tegesna hubungan euweuh kana euweuh, contona saperti euweuhna wareg ku euweuhna dahar atawa euweuhna tutung ku euweuhna seuneu.

3. رَبْطُ وُجُوْدٍ بِعَدَمٍ  
(ROBTHU WUJUUDIN BI'ADAMIN) Tegesna hubungan aya kana euweuh, contona saperti ayana ku euweuhna dahar, atawa ayana tiris ku eweuhna simbut dll.

4. رَبْطَ عَدَمٍ بِوُجَوْدٍ  
(ROBTHU 'ADAMIN BIWUJUUDIN) Tegesna Hubungan euweuh kana aya, contona saperti euweuhna lapar ku ayana dahar, atawa saperti euweuhna tutung ku ayana cai anu nyegah kana eta seuneu.

Friday, December 30, 2016

GURU

Ti sapalih Guru anu kantos ngajarkeun kana ilmu Ushuluddin ka pribados, teu aya sanes Pun Bapa
Abah Rahman
Teras dilajeng ku pun Raka,
Pun Raka

Anu akhirna dugi ka simkuring, 
Sireum ateul
tikawit pelajaran 'Aqoidna Iman, Rukun Islam, Rukun Iman, sareng anu sanesna.
Mudah-mudahan iyeu tutulisan nyandak manfaat ka sadayana, sareng anu janten tujuan nu utamana pisan mah malah mandar isukan kabuka ku pun anak
Kulawargi

Pun anak
Ku hal sakitu teu weleh simkuring nyuhunkeun dorong du'a ti samudayana mudah-mudahan teu aya pamengan dina ngalajengkeun iyeu seratan simkuring.





Wednesday, December 28, 2016

{PASAL KADUA MERTELAKEUN HUKUM ADAT}

Aqidatun najin
@sireum ateul

Ta'rif hukum Adat nyaeta : 

وَالْحُكْمُ الْعَادِيُّ هُوَ اِثْبَاتُ اَمْرٍ لِاَمْرٍ اٰخَرَ اَوْ نَفْيُهُ عَنْهُ بِوَاسِطَةِ التَّكْرِيْرِ اَيْ وَاسِطَةِ الْقِراٰنِ بَيٍنَهُمَا

WAL-HUKMUL 'AADIYU HUWA ITSBAATU AMRIN LI AMRIN AAKHORO, AW NAFYUHU 'ANHU BI WAA SITHOTIT-TAKRIIRI AY WAASITHOTIL-QIROONI BAYNAHUMAA.

Hartosna : Ari Palenggeran hukum adat nyaeta netepkeun hiji perkara kana perkara sejenna, atawa henteu netepkeun nana hiji perkara kana perkara sejenna kalawan perantaraan bolak-balik, tegesna babarengan antara atawa sababaraha kalu kajadian.

Tapi hukum adat mah eta sah sulayana, saperti tiap-tiap tas dahar sok aya wareg atawa jag-jag. 
Eta jadi hukum dina adat mah, sabab lain sakali duakali sok kitu bae, tapi sah sulayana. 

Henteu naon-naon masing tas dahar henteu aya wareg atawa jag-jag malah masing lumpuh oge. 
Atawa aya wareg jeung jag-jag tapi teu dahar.

TATIMMATUN

PUNGKASAN
Aqidatun najin
Bahasa sunda
By #sireum_ateul

Ari Wajib eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta :

1. WAJIB DZATIL MUTHLAQ = Nyaeta dzat Alloh jeung sifatna, sabab salawasna misti aya, mutlaq henteu diqoyyidan ku naon-naon.

2. WAJIB DZATIL MUQOYYAD = Nyaeta saperti ngalap tempatna jirim saukuran nana, sabab misti tiap-tiap jirim salawasna kudu boga tempat, tapi qoyyid kitu teh salagi jirim aya.

3. WAJIB 'ARIDLIYYU = Sacara ayana urang ayeuna henteu wajib tapi wenang asalna mah, ngan pedah kaTa'aluqkan ku Ilmuna Alloh kana ayana urang, mangka atuh wajib ayana urang, jadi wajibna teh anyar-anyaran.

Ari Mustahil oge eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta : 

1. MUSTAHIL DZATI MUTHLAQI = Cara mustahilna aya deui pangeran salian Alloh ta'ala. Eta misti salawasna kudu euweuh.

2. MUSTAHIL DZATIL MUQOYYAD = Nyaeta saperti Mustahilna aya jirim tapi hanteu boga tempat, atawa aya jirim henteu usik oge henteu cicing dina hiji waktu.
 Eta mah qoyyid mustahil salagi aya eta jirim, da ari jirim anu euweuh mah kaharti masing henteu boga tempat oge.

3. MUSTAHIL 'ARIDIYY = Saperti urang ka Ta'alluqkan ku 'ilmuna Alloh kana ayana urang, mangka mustahil euweuhna urang, anu asalna mah urang teh wenang ayana jeung wenang euweuhna, ngan ka Ta'aluqkan ku 'ilmuna Alloh ta'ala kana ayana ayana urang, mangka atuh mustahil euweuhna urang. Jadi mustahilna teh anyar-anyaran, nyaeta 'Aridly tea.

Tuesday, December 27, 2016

KASIMPULAN HUKUM AKAL JEUNG BAGIAN NANA

Jadi hasilna tina iyeu pasal, Ngaran Wajib teh nyaeta : Anu misti kudu aya, atawa salawasna kudu aya. Saperti ceuk akal Wajib ayana dzat Alloh.

Ari ngaran mustahil nyaeta : Anu misti kudu euweuhna ceuk akal atawa salilana kudu euweuh, saperti : Ceuk akal Mustahil aya pangeran salian Allob ta'ala.

Ari ngaran Jaiz ceuk atawa wenang, eta anu henteu kudu aya atawa henteu kudu euweuh, ceuj akal tapi bisa giliran saperti ayana jeung euweuhna makhluk.

Ari iyeu anu tilu (3) nyaeta : Wajib 'aqli, Mustahil 'aqli, jeung Jaiz 'aqli. 

Eta masing-masing kabagi kana dua bagian nyaeta kana DLORURI sareng NADHORI, jadi jumlahna hukum akal eta aya genep (6) iyeu gambaran nana :
Gambaran hukum akal


Wednesday, December 21, 2016

BABAGIAN JAIZ( WENANG)

Salajengna, Jaiz ceuk akal teh eta kabagi kana dua bagian, nyaeta : 

1. Jaiz 'akli Dloruri

2. Jaiz 'akli nadhori.

Ari Jaiz akli dloruri nyaeta :Sakur-sakur perkara anu Sah ayana atawa euweuhna bari langsung henteu merlukeun kana mikir jeung Dalil, nyaeta saperti conto anu tadi nyaeta : Aya Jirim Usik atawa cicing piligenti, atawa kiyeu Ku Zaed boga anak.

Dupi Jaiz aqli Nadhori nyaeta : 
Tiap-tiap perkara anu kaharti ayana jeung euweuhna, bari kahartina teh saba'da dipikir heula Dalil-dalilna tegesna henteu langsung kaharti sanalika. 

Contona saperti, Ceuk Akal mah wenang Alloh ngaganjar jalma anu kafir tur nyiksa kajalma anu tho'at tur tara ngalakukeun dosa, jeung wenang ngaganjar jalma anu kafir atawa jalma tukang ngalakonan doraka. 

Tah anu kitu teh, moal ujug-ujug kaharti ku akal. 
Kajaba kudu nganyahokeun heula dalilna sifat Wahdaniyyatna Alloh ta'ala. 
Sahingga nepi ka kanyaho yen Sakabeh Alam teh kagungan Alloh ta'ala, Tegesna ari salian Alloh mah henteu aya anu bisa mere tapak sama sakali.

Jadi lazimna; ku ayana akal nyaho, ngarti kana dalil-dalil sifat Wahdaniyyat, tangtu ngarti yen ari kufur, Iman, Tho'at, jeung Maksiat sarua bae mungguh akal mah, sarta hiji-hijina beunang dipake ciri kanu sejenna. 

Saperti Iman, eta ciri kana ka salametan, Kufur jadi ciri kana cilaka, atawa sabalikna oge bisa bae. 

Jeung tangtu akal teh ngartieun kana yen sayaktosna Alloh ta'ala teh Mustahil ka sifatan ku dholim, sanajan ngadamel nanaon bae oge, atawa kumaha bae oge. 

Da anu disebut dholim mah nyaeta : Ngajalankeun hiji perkara anu sulaya jeung parentahan atawa larangan, sedengkeun kapanan Alloh ta'ala mah tukang marentah jeung ngalarang (Henteu aya nu Ngalarang jeung nu marentah ka Alloh mah, da Alloh mah Ratu ning Ratu ), jadi Mustahil Alloh dholim. 

Atawa anu jadi sabab dholim teh nyaeta : 
Nempatkeun hiji perkara lain dina tempatna, atawa ngajalankeun hiji perkara lain dina haqna( dina hak batur) / lain dina mistina, sedengkeun kapan kabeh makhluk oge milk Alloh nyalira, damel Alloh nyalira, jadi Mustahil Aya Dholim di Alloh ta'ala.

Jadi beubeunangan akal mah eta Wenang (Jaiz) Aya Ganjaran atawa siksaan ka unggal mu'min anu Tho'at, ari siksa naraka eta ditangtukeun ka jalma kafir jeung anu doraka, eta mah lain panetepkeu akal, tapi samata-mata kurnia atawa Nugraha Alloh ta'ala jeung ka Adilan nana, nyaeta : 

Anu ditetepkeun ku Syara' kalawan jangjina Alloh ta'ala jeung ancaman nana. 
Alloh milih netepkeun Ganjaran pakeun jalma anu Mu'min anu Tho'at, kalawan sifat fadlolna, kalawan Nugraha.

Alloh netepkeun siksa naraka pakeun jalma anu Kafir jeung Maksiat, kalawan sifat 'Adilna, tah eta anu kitu disebut Wenang(Jaiz) akal Nadhori, karana ka hartina ku akal boh ayana atawa euweuhna teh saba'da dipikir heula jeung dipapay Dalilna.

JAIZ 'AQLI ( جائز عقل )

Ari ta'rifna Jaiz 'aqli nyaeta :

وَالْجَائِزُ الْعَقْلِيُّ مَا يَصِحُ فِى الْعَقْلِ وُجُوُدُهُ وَعَدَمُهُ 

WAL-JAAIZUL-'AQLIYYU MAA YASHIHU FIL-'AQLI WUJUUDUHU WA 'ADAMUHU

Hartosna : Ari palenggeran jaiz ceuk akal nyaeta : tiap-tiap perkara anu Sah ceuk akal dina ayana jeung euweuhna. Tegesna ka hati ku akal ayana atawa euweuhna piligenti. Lain ayana jeung euweuhna babarengan, tegesna ngaran Jaiz ceuk akal mah nyaeta perkara anu rek aya dibenerkeun ku akal, rek euweuhna oge nyakitu keneh dibenerkeun. 

Saperti di basakeun Aya hiji Benda usik atawa cicing piligenti ( lain ayana jeung euweuhna babarengan) tah eta disebut Jaiz 'aqli, tegesna wenang ceuk akal.

Tuesday, December 20, 2016

BABAGIAN MUSTAHIL

Salajengna, Mustahil ceuk akal oge kabagi kana dua (2)bagian, nyaeta :

1. Mustahil 'aqli dloruri

2. Mustahil 'aqli Nadhori

MUSTAHIL 'AQLI DLORURI
Ari Mustahil 'Aqli dloruri nyaeta : Mana-mana perkara anu henteu ka harti ku akal ayana bari kaharti secara langsung, tegesna henteu kudu dipikir heula. 

Contona saperti : Anu tadi, nyaeta Jirim henteu butuh kana tempat, atawa jirim henteu usik jeung teu cicing bareng dina hiji waktu, dina hiji jirim.

MUSTAHIL 'AQLI NADHORI
Ari Mustahil 'akli nadhori, nyaeta tiap-tiap perkara anu henteu kaharti ku akal ayana,bari kahartina teh henteu langsung, tapi merlukeun heula kana pikiran jeung dalil, Contona saperti ucapan : 

Mustahil Alloh anyar/ aya mimitina. Mustahil ruksak jeung sabangsana. Eta ka harti yen Mustahil Alloh Anyar, Mustahil Ruksak, jeung sabangsana saba'da dipikir heula, didalilan heula, sakumaha engke katerangan dipayun dina nyarioskeun shifat-shifat Alloh ta'ala.

Monday, December 19, 2016

{ MUSTAHIL}

Salanjengna ari ta'rifna Mustahil nyaeta : 

وَالْمُسْتَحِيْلُ مَا لاَيُتَصَوَّرُ فَىْ الْعَقْلِ وُجُوْدُهُ 

WAL-MUSTAHIILU MAA LAA YUTASHOWWARU FIL-'AQLI WUJUUDUHU.

Ari palenggeran Mustahil ceuk akal nyaeta: Tiap-tiap anu henteu kaharti ku akal ayana/buktina.

Jadi ka hartina ku akal teh kudu euweuh bae, tegesna Ari Mustahil ceuk akal teh nyaeta perkara anu sah euweuhna, henteu sah ayana, contona saperti :

Aya Jirimteu ngalap tempat, atawa aya Jalma heunteu ngabogaan warna, atawa henteu usik jeung henteu cicing. 

Tah eta anu kitu teh Mustahil, karana henteu dibenerkeun ku akal ayana/buktina, karana tiap-tiap Jirim atawa Jalma, misti ngalap tempat, ngabogaan warna, jeung ka sifatan ku salasahiji usik jeung cicing.

Sunday, December 18, 2016

BABAGIAN WAJIB AKAL

'Aqiidatun najiin
Sireum ateul

Ari Wajib akal eta kabagi deui kana dua(2) bagian, nyaeta : 

1. Wajib 'aqli dloruuri ( واجب عقل ضَرُوْرِ )

2. Wajib 'aqli nadhori ( واجب عقل نَظَرِ )

Nyakitu deui Mustahil jeung Jaiz oge sami kabagi kana Dloruri sareng Nadhori.

Ari Ta'rifna Dloruri ( ضرور. ) nyaeta :

اَلضَّرُوْرِيْ هُوَ مَالاَ يَحْتَاجُ اِلٰى نَظْرٍ وَاسْتِدْلاَلٍ   

ADL-DLORUURII HUWA MAA LAA YAHTAAJU ILAA NADHRIN WA ISTIDLAALIN.

Hartosna : Ari dloruri teh nyaeta sakur-sakur perkara anu di kanyahokeun nana teh henteu butuh kana mikir jeung neangan dalil atawa alesan, tegesna sakur-sakur perkara anu langsung ka harti sa behan oge. 

Jadi ringkesna ngaran Dloruri mah anu langsung ka harti.

Ari Nadhori mah henteu langsung ka harti, tapi ka hartina teh kudu di pikir heula.

Ayeuna urang sambungkeun kcap dloruri oge kcap Nadhori kana wajib 'aqli/wajib ceuk akal. 

Jadi pi bahasaeun nana teh dina bagian anu kahiji WAJIB AQLI DLORURI, ari bagian kadua WAJIB AQLI NADHORI, jadi ari palenggeran nana Wajib aqli Dloruri nyaeta : 

sakur-sakur perkara anu kaharti ku akal ayana, henteu kaharti euweuhna bari kahartina teh langsung ( teu kudu dipikir heula) saperti ucapan :
Ari hiji eta saparo tina dua, atawa ucapan Jirim atawa Jisim boga tempat. 
Tah anu kitu teh disebut wajib aqli dloruri.

-Ari  Bagian kadua nyaeta "WAJIB AQLI NADHORI" ari palenggeran nana teh nyaeta : sakur-sakur anu kaharti ku akal ayana, henteu ka harti euweuhna bari ka hartina teh henteu langsung, ngabutuhkeun heula kana dipikir jeung dalil atawa alesan. 

Nyaeta saperti ucapan : 
Ari dalapan (8) teh eta dua pertiluna(⅔) tina dua belas(12), atawa saperti ucapan : Ari Alloh teh anu ka persifatan ku sifat Qudrot,Irodat, Ilmu, Hayat jeung salianna. Tah iyeu disebat Wajib 'aqli Nadhori. Sabab merlukeun heula kana dipikir jeung dalil.


Ari penjelasan Dalil, Insya Alloh engke dina nerangkeun Shifat-shifat Alloh.

BAGIAN HUKUM AKAL

Ari babagian Hukum akal eta aya tilu(3) nyaeta : 

1. Wujub ( وُجُوُب ) 

2. Istihaalah ( إسْتِحَالَه )

3. Jawaz (  جَوَازْ )

Dimana Hukum geus larap kana Mahkum bih, tina Wujub jadi "WAJIB" tina Istihaalah jadi "MUSTAHIL" tina Jawaz jadi "JAA-IZ" atawa Wenang.

Ta'rif  Wajib 'aqli nyaeta : 

فَالْوَاجِبُ مَالَا يُتَصَوَّرُ فِى الْعَقْلِ عَدَمُهُ  
FAL-WAAJIBU MAA LAA YUTASHOWWARU FIL-'AQLI 'ADMUHU.

Hartosna : Ari ngaran wajib ceuk akal nyaeta tiap-tiap perkara anu hanteu kaharti ku akal euweuhna eta perkara.

( Jadi kahartina teh kudu aya bae) jadi atuh ari ngaran Wajib ceuk akal teh nyaeta : Mana-mana anu sah ayana, henteu sah euweuhna. 

Tegesna henteu dibenerkeun ku akal euweuhna. 
Contona saperti ngalap tempatna Jirim dina lolowong sa mahina, tah eta nu kitu teh Wajib ceuk akal, da henteu ka harti ku akal upama aya Jirim/benda upama henteu boga tempat sa mahina.

Saturday, December 17, 2016

{ PASAL KAHIJI MERTELAKEUN HUKUM 'AKAL}

Ari ta'rifna Hukum 'akli nyaeta : 

وَالْحُكْمُ الْعَقْلِيُّ هُوَ اِثْبَاتُ اَمْرٍ لِأَمْرٍ اَوْ نَفْيُهُ عَنْهُ مِنْ غَيْرِ تَوَقُفٍ عَلٰي تِكْرَارٍ وَلاَ وَضْعِ وَاضِعٍ 

WAL-HUKMUL-'AQLIYYU HUWA ITSBAATU AMRIN LI AMRIN AW NAFYUHU 'ANHU MIN GHOYRI TAWAQUFIN 'ALAA TIKROORIN WA LAA WADL'I WAA DLI'IN.


Hartosna : Ari palenggeran Hukum akal teh nyaeta : Netepkeun perkara kana perkara anu sejen, atawa henteu netepkeun nana bari henteu nunggu kana sa babaraha kali kajadian, jeung henteu nunggu heula kana pangaturan anu ngatur. 

(Beda jeung hukum syara', da ari hukum syara' mah eta ngadago kana aturan anu ngatur. 

Oge beda jeung hukum Adat, da ari hukum adat mah eta nga dago kana sa babaraha kali kajadian. 

Ari hukum akal mah henteu ngadago kana nanaon).

Friday, December 16, 2016

HAKIM

Dupi Hakim ( anu netepkeun hukum/anu ngaturna) eta aya tilu(3), nyaeta :

1. Akal.
2. Adat.
3. Syara'.

Anu matak hukumna oge keur nalika nga i'tibar hakimna, eta dibagi tilu (3) nyaeta :

1. Hukum 'aqli ( عقلي ).
2. Hukum 'aadi( عاديٌّ )
3. Hukum Sar'iy ( شرعيٌّ )

Mangka bahasan anu katilu iyeu dibagi tilu (3) pasal.

Thursday, December 15, 2016

[RUKUN HUKUM]

Dupi rukun Hukum eta aya opat(4) nyaeta :

1. Hukum( حكم )

2. Hakim( حاكم ) anu ngahukuman

3. Mahkum bih ( محكم به ) pagawean nana

4. Mahkum Alayh ( محكم عليه ) anu dititah ku hukum/anu dikeunaan hukum. 

Contona saperti Dawuhan Alloh : وَاَقِيْمُوْا الصَّلَاة  WA AQIIMUSH-SHOLAAT. Hartina : Kudu ngadegkeun aranjeun kana sholat.

Wajib sholat eta di ngaranan Hukum, ari anu marentahna kana eta sholat nyaeta Alloh ta'ala, disebut Hakim. Ari pagawean Mukallaf anu diparentahkeun nana nyaeta sholat, eta di ngaranan Mahkum Bih. Ari jalma anu Mukalaf nyaeta anu diparentah sholatna, tegesna anu di keunaan ku hukum wajib, eta dingaranan Mahkum alayh.

Monday, December 12, 2016

{AL-HUKMU /hukum - الحكم}

Ari ta'rifna hukum nyaeta : 

اَلْحُكُمُ لُغَةً هُوَ : اِثْبَاتُ اَمْرٍ لِأَمْرٍ اٰخَرَ اَوْ نَفْيُهُ عَنْهُ

AL-HUKMU LUGHOTAN HUWA ITSBAATU AMRIN LI AMRIN AAKHORO AW NAFYUHU 'ANHU. 

Hartosna : Netepkeun nana hiji perkara kana perkara sejen atawa henteu netepkeun nana. 

Contona : saperti Netepkeun nana sifat nangtung ka ki Zaed dina pangucap : زَيْد قَائِمً  Zaedun Qooimun (Ari ki Zaed eta nangtung). 

Atawa nga euweuhkeun/ nga henteukeun sifat Nangtung ti ki Zaed dina pangucap : زيدٌ ليس بقائمٍ  ZAYDUN LAISA BI QOOIMIN ( ari ki Zaed eta henteu nangtung).

BAHASAN KA TILU MERTELAKEUN HUKUM

Ku margi dina Ilmu Ushuluddin teh aya ucapan Sifat Anu WAJIB, Anu MUSTAHIL jeung JAAIZ(wenang) Mangka peryogi urang kedah ngabahas naon hartina Wajib, Mustahil jeung jaiz. 

Ari iyeu anu tilu teh sok disebut hukum akal, jadi atuh ngaji kana hukum akal teh eta wajib hukumna kalawan wajib Syar'i, seperti wajibna ngaji kana Ilmu Ushuluddin eta ka lebet kana qoidah :

 مِنْ بَابِ مَالَمْ يَتِمُّ الْوَاجِبُ اِلَّا بِهٖ فَهُوَ وَاجِبٌ

MIN BAABI MAA LAM YATIMMUL- WAAJIBU ILLAA BIHII FAHUWA WAAJIBUN.

Hartosna : Ari perkara anu henteu bisa sampurna ngalaksanakeun Wajib anging ku eta perkara, mangka eta hukumna perkara teh hukumna jadi wajib.

Oge kumargi patali Hukum, mangka peryogi ka uninga hukum 'aadah jeung hukum sara' pakeun bahan ngabeda-bedakeun hiji-hijina, bilih pahili atawa kaliru.

Margi dina hukum akal aya kcap wajib jeung wenang, dina hukum Syara' oge aya kcap wajib jeung wenang. Mangka pikeun nolak ka saliruan, peryogi dinelaskeun hiji-hijina.

Saturday, December 10, 2016

[ MAKHLUK- مَخْلُوق ]

Ari ta'rifna Makhluk teh nyaeta :

وَالْمَخْلُوقُ هُوَ مَا يُوْجَدُ بِإِبْدَاعِ الصَّانِعِ  

-WAL MAKHLUUQU HUWA MAA YUUJADU BI-IBDAA'ISH-SHOONI'I.

Hartosna : Ari Makhluk teh nyaeta perkara anu di damel kalawan panghayangkeun nana anu ngadamel nyaeta Alloh ta'ala anu ( henteu kapiheulaan ku conto). 

Ari anu matak dingaranan makhluk, margi ayana teh aya anu ngadamelna nyaeta Alloh ta'ala. Mangka atuh sakabeh anu aya, boh bumi atawa langit, atawa anu dimana bae ayana, eta disebut makhluk, tegesna di damel ku Alloh ta'ala.

Dupi sadaya anu dalapan(8) nyaeta : MUMKIN, JAWHAR, JIRIM, JISIM 'ARODL, 'AALAM, MUHDATS, jeung MAKHLUK. Tah eta sadayana oge makhluk keneh (ANYAR) salian ti Alloh ta'ala. 

Beda ngaran soteh pedah beda Ijiran, menurut bahasa arab :

إِخْتِلَافُ الْعِبَارَاتِ بِاخْتِلَافِ الْإِعْتِبَارَاتِ  

- IKHTILAAFUL-'IBAAROOTI BIKH-TILAAFIL-I'TIBAAROOTI
Hartosna : Beda-bedana ngaran sabab beda-bedana Ijiran. 
Contona kiyeu : Zaed, pinter pedah loba elmuna, disebutna MUMKIN pedah ka harti ayana jeung euweuhna. 


Disebut Zaed teh Jirim pedah ngabutuhkeun kana tempat, disebut Jawhar pedah henteu ngabutuhkeun dzat saperti 'Arodl. Disebut Jisim pedah bisa dibagi-bagi, sifat pinterna Zaed disebut 'Arodl, disebut 'Aalam pedah salian ti Alloh. Disebut Muhdats pedah aya mimitina. Disebut makhluk, pedah didamel ku Alloh, da buktina mah eta-eta keneh nyaeta Zaed tea.

Friday, December 9, 2016

[ AL-MUHDATS-اَلْمُحْدَثْ ]

Ari ta'rifna Muhdats nyaeta :

مَا سَبَقَهُ الْعَدَمُ  

MAA SABAQOHUL-'ADAMU.
Hartosna : Ari muhdats teh nyaeta anu ayana teh ka piheulaan ku euweuh, jadi ayana teh aya mimitina.

Anu matak di ngaranan Muhdats, karana aya anu nganyarkeun, nyaeta di anayarkeun ku Alloh ta'ala. 
Jadi, sagala anu parantos di caritakeun nyaeta : 

MUMKIN, JAWHAR, 'ARODL, JISIM, 'AALAM, eta kabeh oge disebat Muhdats, da tadina mah henteu aya. Teras aya, anu ayana teh ka piheulaan ku euweuh tah eta anyar ngaranna, tegesna Muhdats tea.

Thursday, December 8, 2016

[AL-'AALAM- اَلْعَالَم ]

Ari ta'rifna Al-'aalam nyaeta :

اَلْعَالَمُ هُوَ مَا تَغَيَّرَ بِمُرُوْرِ الزَّمَانِ  
AL-'AALAMU HUWA MAA TAGHOYYARO BIMURUURIZ-ZAMAAN.

Hartosna : Ari 'aalam teh eta perkara anu sok robah-robahan ku sabab ngaliwatan nana zaman/waktu. Atawa ta'rifna 'aalam teh nyaeta :
 كُلُّ مَا سِوَى اللّٰه. 
KULLU MAA SIWALLLOH. 
Hartosna : Sagala perkara salian Alloh ta'ala.

Jadi Manusa, jin, sasatoan, bumi, langit, Malaikat, panonpoe, bulan, bentang, surga, naraka, Qolam, lauh mahfudz, Kursyi, 'Arasy, sakabeh eusi langit jeung bumi jeung sakirana anu kasebat, eta disebut 'Aalam, sabab kabeh oge osok robah-robahan(teu angger) dupi babagian 'aalam eta pohara seueurna, sahingga moal tiasa ka carioskeun didieu.

BABAGIAN 'ARODL

Dupi babagian 'ARODL eta aya opat (4) nyaeta :

1. 'Arodl Laazimah (عرض لازمه ) saperti beureumna Emas.


2. 'Arodl Nuurooniyyah ( عرض نورانيّه ) saperti Caang.


3. 'Arodl Mutafaariqoh ( عرض مُتفارقه ) saperti Pangangen sore, isuk.


4. 'Arodl Basyariyyah ( عرض بَشَرِيَّه ) tegesna sifat ka manusaan seperti Gering, Cageur, Faqir, Beunghar, Bungah, Susah, Hirup, Paeh, jeung sabangsana.

[ 'ARODL- عَرَضْ ]

Ari ta'rifna 'Arodl nyaeta :
اَلْعَرَضُ هُوَ مَايَقُوْمُ بِالْغَيْرِ  
AL-'ARODLU HUWA MA YAQUUMU BIL-GHOYRI.
Hartosna : Ari 'arodl teh eta perkara anu sok ngancik atawa cicing di anu sejen. 

Tegesna 'Arodl mah henteu bisa gular-goler sorangan contona seperti sifat beureum, bodas, hideung jeung sabangsana, usik jeung cicing, Kapan ayana dinu sejen. Iyeu anu kabeh moal bisa cicing sorangan seperti kcap beureum, tangtu aya perkara anu ka sifatan ku eta beureum kaya beureumna Cet, beureumna kopeah, jeung conto nu sanesna. 

Piraku aya kcap beureum wungkul, nyakitu deui kcap usik atawa kcap cicing, atuh tangtu aya perkara anu kasifatn nana ku eta usik jeung cicing. 

Anu matak disebat 'arodl, karana sok robah-robah alias henteu angger. Da 'arodl mah tara cicing dina dua(2) waktu. 
Insya Alloh penjelasan nana engke dina sifat Wujud.

[JISIM- جِسِمْ ]

Ari ta'rifna Jisim nyaeta :
اَلْجِسْمُ هُوَ مَا تَرَكَبَ مِنَ الْمَحَلِ وَالصُّوْرَةِ 
AL-JISMU HUWA MAA TAROKABA MINAL-MAHAALI WASH-SHUUROTI

Hartosna : Ari Jisim teh nyaeta perkara anu kasusun tina dzat jeung bentuk/rupa, nyaeta : 
مَا يُدْرَكُ بِالْخَوَاسِ الْخَمْسِ  
MAA YUDROKU BIL KHOWAASIL-KHOMSI, tegesna perkara anu kapanggih ku panca indera ( lima anggaota) nyaeta : 
Panon, Panangan, Cepil, Pangambung, sareng Lisan.

Jadi atuh anu ngaran Jisim teh, khusus kanu aya bentuk bungkeuleukna. 

Beda jeung Jirim da ari Jirim mah eta Umum boh anu ngabungkeuleuk atawa henteu. 

Jadi atuh, Jalma, Batu, hawa, malaikat, eta disebut oge Jirim.
Da ari Jisim mah eta ngabogaan juz atawa bagian tur bisa dibagi-bagi.

Anu matak di ngaranan Jisim oge karana pedah bisa dibagi-bagi.

Dupi Jisim eta aya dua(2) warna, nyaeta : 

- Jisim Murookab (مُرَاكَبْ ) secara badan, batu jeung bangsana.

- Jisim Ta'limiy ( تَعْلِمِيّ ) secara jero, rubak/lebar jeung panjang.

JAWHAR [ جَوْهَرْ ]


Dupi ta'rifna Jawhar nyaeta :
وَالْجَوْهَرُ هُوَ اَلْغَنِيُّ عَنِ الْمَحَلِ اَوْ مَاقَامَ بِنَفْسِهِ 
WAL-JAWHARU HUWA AL-GHONIYYU 'ANIL-MAHALU AW MAA QOOMA  BINAFSIHI.
Hartosna : Ari Jawhar teh nyaeta perkara anu sugih atawa heteu butuh kana Dzat, atawa perkara anu ngadeg sorangan, henteu butuh kana Dzat, ngan butuh kanu ngadamel.
Upama Jawhar mah henteu butuh kana Dzat, Mangka ari 'Arodl (عَرَضْ )mah eta sifat, cara beureum, bodas, usik cicing, jangkung, pendek. 
Jadi 'arodl mah butuh kana dzat pikeun ngancikna. Da 'arodl mah tara gular-goler sorangan, tapi sok cicing dibatur.

Dupi contona perbedaan antara JIRIM, JAWHAR jeung 'ARODL nyaeta saperti ucapan : Aya jalma Jangkung hideung keur nangtung. 
Tah ari bungkeuleukna eta Jalma, disebut JAWHAR, Ari Jangkung hideungna eta disebut 'Arodl, ari sakumplitna Jawhar jeung 'Arodl eta disebut JIRIM.

Dupi Jawhar eta aya genep(6) warna, nyaeta : 

1. Jawhar Mujarrod ( جوهر مجرد ) secara Kilat.

2. Jawhar Khuyuuli ( جوهر خيولى ) secara dzat anyar.

3. Jawhar Shuuroh ( جوهر صوره ) secara sifat anyar.

4. Jawhar Tashriifii ( جوهر تصريفي ) secara nafas.

5. Jawhar Taqwiim ( جوهر تقويم ) secara akal.

6. Jawhar Fardun/ Firid ( جوهر فردٌ/ فِرِد ) secara seuneu dina batu.

BAGIAN JIRIM

Dupi Jirim eta aya dua(2) warna, nyaeta : 

1. Jirim lathif hartina anu lemes/halus cara hawa(angin).

2. Jirim Tajassud tegesna anu ngajasad kasar cara batu, kayu, cai, hayawan, jalma jeung sabangsana.

Dupi kawajiban Jirim, atawa ciri khosna(khususna) Jirim eta aya opat (4) nyaeta :

- Jirim kudu ngalap tempat.
- Jirim kudu usik jeung cicing piligenti.
- Jirim kudu ngabogaan sifat warna, seperti : bodas, hideung jeung bangsana, pendek jangkung, leutik, gede.
- Jirim kudu kabungkus ku Arah ( jihat) anu genep : Luhur, handap, hareup, tukang, kenca jeung katuhu.

Dupi ka Mustahilan Jirim, eta aya opat(4) nyaeta :
- Mustahil tegesna henteu ka harti ku akal upama jirim henteu ngabogaan tempat.
- Mustahil Jirim henteu usik, henteu cicing, babarengan dina dina hiji Jirim, dina hiji waktu
- Mustahil Jirim henteu boga sifat.
- Mustahil Jirim henteu kabungkus kua arah anu genep (6).

Dupi ka wenangan Jirim eta aya opat (4) nyaeta : 
- wenang Jirim rek diditu rek didieu.
- wenang Jirim rek bodas, hideung jeung bangsana.
- wenang Jirim rek diluhur atawa dihandap.
- wenang Jirim usik atawa cicing.

Dupi katerangan Jirim eta aya opat(4) nyaeta :
- اَيْن = Ayna= dimana
- مَتَى = Mataa= iraha
- كَيْف = Kayfa = kumaha
- كَمْ = Kam=Sabaraha.

Jadi Jirim mah bisa ditangtukeun ku anu opat pertanyaan tadi.
Beda jeung Alloh, Alloh mah henteu bisa ditanyakeun ku pertanyaan anu opat(4) tadi, da Alloh mah lain Jirim, beda jeung sakabeh Makhlukna.

Dupi kabogana Jirim eta aya sapuluh perkara nyaeta :
- Cageur
- Gering
- Beunghar
- Malarat
- Bungah
- Susah
- Jagjag
- Ripuh
- Hirup
- Paeh.

Wednesday, December 7, 2016

JIRIM

Ari ta'rifna Jirim nyaeta :

مَا يَتَحَيَّزُ قَدْرًا مِنَ الْفِرَاغِ


MAA YATAHAYYAZU QODRON MINAL-FIROOGHI

Hartosna : Ari Jirim teh nyaeta sakur-sakur perkara anu sok ngalap tempat, tegesna anu sok ngabutuhkeun kana tempat kalawan saukuran eta Jirim, tina kokosong. 


Sakur-sakur benda anu ka tingali oge henteu katingali, tah eta disebat Jirim. 
Ari anu matak disebat jirim teh, karana pedah ngalap tempat.

Tuesday, December 6, 2016

BABAGIAN MUMKIN

Ari babagian Mumkin eta aya opat (4)


1. Al-Mumkinul wujudu ba'dal 'adam ( الممكن وجود بعد العدم ) 
Al Mumkinul wujudu ba'dal 'adam teh nyaeta mumkin anu ayana teh saba'da euweuh.
Saperti urang jeung makhluk-Makhluk liyanna, kapan asalna teu aya.

2. Al-Mumkinul ma'dumu ba'dal mawjud 
( الممكن المعدوم بعد الموجود)
Al-Mumkinul ma'dumu ba'dal mawjud teh nyaeta mumkin anu geus euweuh saba'da aya,nyaeta saperti jalma-jalma anu ayeuna parantos maraot.

3. Mumkinun Sayuujadu ( ممكن سيوجد )
Mumkinun Sayuujadun teh nyaeta Mumkin anu bakal aya(can aya) tapi dikersakeun ku Alloh buat diayakeun.

4. Mumkinun 'alimalloh annahu laa yuujadu ( ممكن علِمَ اللّه انه لايوجد ) 

Ari Mumkinun 'alimalloh annahu laa yuujadu teh tegesna mumkin anu ka uninga ku Alloh yen eta mumkin moal di ayakeun, contona saperti : Tanduk dina hulu ucing. 
Tah eta wenang ayana, henteu mustahil ceuk akal, da Alloh maha kawasa. 
Tapi henteu didamel ku Alloh tanduk dina hulu ucing.

MUMKIN ممكن

Ari ta'rifna Mumkin atawa jaiz teh nyaeta :

اَلْمُمْكِنُ هُوَ مَا يَصِحُ وُجُوْدُهُ وَعَدَمُهُ 
AL-MUMKINU HUWA MAA YASHIIHU WUJUUDUHU WA 'ADAMUHU.

Hartosna : Ari ngaran mumkin teh nyaeta anu Sah ayana jeung euweuhna. 
Tegesna sakur-sakur perkara anu ayana ka harti ku akal, oge nyakitu euweuhna kaharti ku akal, tapi piligenti. 

Saperti urang jeung makhluk anu sakabehna eta disebut Mumkin. Anu matak di ngaranan Mumkin sabab kaharti ayana jeung euweuhna.

TANBIH

[ IYEU HIJI PENERANGAN]

Pikeun jalma anu ngaji Ilmu Akal,mangka penting pikeun anu rek nganyahokeun Ilmu akal, nganyahokeun heula sakabeh perkara anu kapanggih ku akal salian Alloh ta'ala jeung sifatna, nyaeta anu dalapan (8) nyaeta : 

- MUMKIN ( ممكن  )
- JIRIM( جرم )
- JAWHAR ( جوهر )
- JISIM (جسم )
- 'ARODL (عرض )
- 'ALAM ( عالم )
- AL MUHDATS ( محدث )
MAKHLUK ( مخلق )

Iyeu anu kabeh teh anyar jeung tangtu makhluk, da asalna mah euweuh, ayana di ayakeun atanapi didamel ku Alloh ta'ala.

PENJELASAN BAGIAN ANU KATILU

Dupi bagian anu katilu tadi anu disebat MUDRIK MUTA'ARIF eta aya sapuluh(10) perkara, anu lima perkara aya dina anggaota lahir, ari anu lima deui aya dina anggaota bathin.

Dupi anu lima (5) anu aya dina anggaota lahir nyaeta :


1. Paningali anu aya dina panon, Ta'alukna atawa larapna kana sabelas perkara, nyaeta:
Caang
Poek
Rupa jisim
Latarna
Bangunna
Sifatna
Anggangna
Deukeutna
Gerakna
Cicingna
Jeung bilangan nana.


2. Pangdenge anu aya dina ceuli, ari ta'allukna kana dua perkara nyaeta :
Suara tarik
Suara alon.


3. Pangambeu anu aya dina irung Ta'alukna kana dua perkara, nyaeta :
Bau
Seungit/wangi.


4. Pangrasa anu aya dina letah, ta'alukna kana tujuh perkara, 

nyaeta :
Amis
Haseum
Pait
Asin
Kesed(sepet)
Keutar
Tiis.


5. Panyabak/pangraba anu aya dina dampal leungeun jeung baturna, ta'alukna kana sapuluh perkara, nyaeta :
Panas
Tiis
Baseuh
Garing
Lemes
Kasar
Teuas
Hipu
Beurat
Hampang.


Dupi anu lima deui eta aya dina anggaota Bathin, nyaeta :

HISSUL MUSYTAROK

Hissul Musytarok nyaeta anu ngabuktikeun nangkep sagala gambaran-gambaran bangsa Hisi tegesna anu bisa kapanggih ku panca indera anu kasebat tadi. Tah eta Hissul musytarok teh eta anu aya dina gurat polo/otak beulah hareup.

AL-QUWWATUL KHOYYAALI

Al-quwwatul khoyyaali nyaeta gudangna hissul musytarok, tempatna dina tukangeun hissul musytarok.

AL-QUWWATUL WAHIMMAH

Al-quwwatul wahimmah nyaeta anu ngabuktikeun kana rupa-rupa perkara anu bangsa ma'aniy 'aqliyyi nyaeta anu henteu bisa kapanggih ku salasahiji panca indera ( lain bangsa hissi) dupi tempatna dina gurat anu tengah.

AL-QUWQATUL HAAFIDHOH

Al-quwwatul Haafidhoh nyaeta anu jadi gudangna Al-quwwatul wahimmah, tempatna dina gurat anu pang tukangna.

AL-QUWWATUL MUTASHIRRIFAH


Al-quwqatul mutashirrifah nyaeta anu ngatur, ngarobah, nyusun, misahkeun ngumpulkeun, nepungkeun, jeung sabangsana. Tempatna anu ngalintang ditengah.

Iyeu Gambaran nana :
1. Tempat Hissu Musytarok
2. Tempat Khoyyali
3.Tempat Al-Wahimmah
4. Tempat Al-Mutashorrifah ( anu malintang)

5. Tempat Al-Hafidhoh



BALADNA AKAL

Dupi baladna Akal eta aya opat(4) nyaeta :

1. Baa'its Mustahats ( باعث مستحث )


Baaits mustahats nyaeta tukang ngabangunkeun, ngajurung kalawan narik sagala perkara anu dipikabutuh anu manfaat  nyaeta syahwat, jeung ngajurung nolak kana sagala perkara anu matak ngaruksak jeung matak madarat, nyaeta Ghodlob tegesna ambek. Ari anu kahiji eta disebut IRODAH HADITSAH, tegesna pasejaan anu anyar.

2. MUHARRIK ( محرك )


Muharrik nyaeta anu ngagerakkeun kana sakabeh anggaota supaya ngahasilkeun kana sagala perkara anu dimaksud nyaeta anu disebut QODAR HADITSAH, tegesna kakawasaan anyar, anu aya dina sakabeh anggaota badan.

3. MUDRIK MUTA'ARRIF ( مدرك متعارف )


Mudrik muta'arif nyaeta anu mapay nganyahokeun jeung ngabuktikeun kana sagala perkara, iyeu bagian (mudrik muta'arif) aya sapuluh (10) perkara engke dipayun.

4. DALIL ( دليل )


Dalil nyaeta anu anu tukang nuduhkeun kana jalan, nyaeta (Ilmu) jeung Musyir tukang ngadfis ngabimbing nyaeta pikiran.


BAGIAN AKAL

Dupi bagia akal eta aya lima(5) nyaeta : 

1. Akal GHARIZIY

Akal gharizi nyaeta anu dicawiskeun buat ngabuktikeun ilmu-ilmu anu bangsa Nadhori.

2. Akal KASBIY

Akal kasbiy nyaeta akal anu dipake milih mana perkara hade.

3. Akal 'ATHOI

Akal 'athoi nyaeta akal HIDAYAH TAUWFIQ kana Iman Islam.

4. Akal ZUHAD

Akal zuhad nyaeta akal anu dipake tapa( henteu ka sengsrem) kana haliah dunia.

5. Akal SYAROFI

Akal syarofi nyaeta akal Nubuwwah/akal ka Nabiyan, saperti akal anu dipapatinkeun ka Nabi Muhammad shollalloohu 'alayhi wa sallam.
Dupi ka ayaan akal dina badan jalma eta saperti ka ayaan Raja diluhur bumi, tur ngabutuhkeun kana balad.

KA UTAMAAN AQAL

Dupi ka utamaan Akal, nyaeta Akal teh anu jadi asal kana urusan dunia jeung urusan agama, kana rupa-rupa  adab kasopanan.

Dupi martabatna Akal eta aya opat(4), nyaeta :


1. AKAL HUYUULAAII ( عقل هيولائي  )


Akal huyuulaaii nyaeta akalna budak anu acan bisa mikir.

2. AKAL  MALAKATUN (  عقل ملكة )


Akal malakatun nyaeta akalna jalma anu geus bisa mikir.

3. AKAL BIL-FA'LI ( بالفعل  )

Akal bil-fa'li nyaeta akalna jalma anu geus faham tur ngarti.


4. AKAL MUSTAFAD ( عقل مستفاد )


Akal mustafad nyaeta akalna jalma anu geus pinter( anu nyata-nyata buah fikiran nana di alaf faidah ku balarea.

العقل/ AKAL

Ari ta'rifna akal nyaeta :

اَلْعَقْلُ هُوَ لَطِيْفَةٌ رَبَّانِيَّةٌ رُوُحَانِيَّةٌ وَهِيَ حَقِيْقَةُ الْإِنْسَانِ وَهُوَ اَلْمُدْرِكُ اَلْعَالِمُ اَلْعَارِفُ مِنَ الْإِنْسَانِ وَهُوَ اَلْمُخَاطَبُ وَالْمُعَاقَبُ وَالْمُعَاتَبُ وَالْمُطَا لَبُ.

AL-'AQLU HUWA LATHIIFATUN ROBBAANIYYATUN RUUHAANIYYATUN WA HIYA HAQIIQOTU AL-INSAANI WA HUWA AL-MUDRIKU AL-'AALIMU AL-'AARIFU MINAL-INSAANI WA HUWA AL-MUKHOOTHOBU WA AL-MU'AAQOBU WA AL-MU'AATABU WA AL-MUTHOOLABU.

Hartosna: 
Ari akal eta JISMUN LATHIIFUN ( lembut/halus) bangsa Ruh anu moal aya anu uninga kana sajatina anging Alloh ta'ala, akal teh eta haqiqatna jalma anu jadi sabab bisa ngabuktikeun jeung ngarti, anu nyaho jeung Ma'rifat ti eta jalma, anu jadi sabab diparentahna jeung dipenta pertanggungan jawabna, jeung anu dipangloh(di nahakeun)nana jeung anu di tagihna ti eta jalma.

Monday, December 5, 2016

NAFSU


[ اَلنَّفْسُ  ]


Ari nafsu eta aya dua warna nyaeta : 

1. ( نَفْسُ غَرِيْزِيٌ ) NAFSU GHORIZIYYUN,  Tegesna nafsu anu manceb ngengket di eta jalma disatiap jalma anu hirup, dicawiskeun pikeun ngabuktikeun, misalna dahar, nginum, birahi, ngabela diri jeung bangsana. Malah disato oge aya nafsu ghorizi iyeu, lamun dijalma sok dipake alat ku Setan, sok diarahkeun kana rupa-rupa ka jahatan.

2. ( نَفْسُ لَطْفَةٌ مُدْرِكَةٌ  ) NAFSU LATHIIFATUN MUDRIKATUN, Nyaeta perkara anu kacida lemesna(lembutna)  anu jadi sabab ngabuktikeun kana papanggihan nana. Tah nafsu anu iyeu kabagi deui kana sapuluh (10) bagian, nyaeta : 

1. Nafsu AMARAH

Nafsu amarah teh nyaeta nafsuna jalma anu masih LIAR, anu hanteu dipager ku pager-pager watesan ka Islaman.

2. Nafsu LAWWAAMAH

Nafsu Lawwamah teh nyaeta Nafsuna jalma anu sok Tobat jeung nyela kana dirina diman tiba kana kamaksiatan.

3. Nafsu ASSAASAH

Nafsu Assaasah teh nyeta Nafsuna jalma anu masih kotor ku rupa-rupa maksiat.

4. Nafsu MUTHMAINNAH

Nafu Muthmainnah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus anteng dina Imanna tur jongjon, sarta tenang dina Ma'rifat jeung ibadah ka Alloh ta'ala.

5. Nafsu MUSYTAROH

Nafsu Musytaroh teh nyaeta nafsuna Jalma anu dijual ka Alloh ta'ala kana ka ridoan jeung ni'matna lantaran sampurna Iman Tho'at jeung ibadahna.

6. Nafsu SAWWAALAH

Nafsu Sawwalaah teh nyaeta nafsuna jalma anu tukang nyieun jalan-jalan kajahatan jeung macem-macem kagorengan.

7. Nafsu ZAKIYYAH

Nafsu Zakiyyah teh nyaeta nafsuna jalma tukang beberesih, anu geus beresih lahir bathin tina sagala kokotor anu ngahijab.

8. Nafsu DzAKIRAH

Nafsu Dzakirah teh nyaeta nafsuna jalma anu geua tara poho ka Alloh ta'ala.

9. Nafsu MAMLUUKAH

Nafsu Mamluukah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus menyerah ka Alloh Dhohir batin dina sagala hal, geus Fana ka Alloh ta'ala.

10. Nafsu 'ILMIYYAH

Nafsu 'Ilmiyyah teh nyaeta nafsuna jalma anu geus pinuh ku ilmu Kamaalat nyaeta ku ilmu anu nepikeun kana sagala kasampurnaan.

BAHASAN KADUA MERTELAKEUN BATHIN MANUSA

Dupi anu di sebat batin manusa dina iyeu Fan nyaeta lain anu dimaksud ku Dokter badan, bagian jero badan bangsa Hisi, tapi didieu rek nerangkeun batin manusa bangsa ma'nawi. Margina tangtos aya perbedaan misalna : 
Menurut hasil pemeriksaan, iyeu si Fulan Ati na sehat tegesna henteu aya panyakitan, tapu ceuk jalma anu mariksa bagian Ma'nawi mah, iyeu si Fulan teh gering Atina tur aya panyakitan lantaran iyeu si Fulan teh ka batur sok Hasud, Takabur, ibadahna henteu ikhlas (hayang pamuji makhluk) malah aqidahna oge nyaliwang. Ku iyeu conto, jelas bedana manusa dina bagia Hisi jeung bagian Ma'nawi.

Salajengna ku margi anu dimaksud ku iyeu kitab/tulisan teh rek mertelakeun USHULUDDIN, anu iyeu ilmu teh patali jeung hukum akal, mangka langkung tipayun perlu ngabahas heula ngeunaan : 
Akal, Nafsu, jeung Ruh sangkan bisa ngabeda-bedakeun hiji-hijina.

(فاعلم  ) 

Mangka kedah di uningakeun yen dina badan manusa teh aya tilu (3) perkara: 

1. Ruh (nyawa) anu jadi sabab hirupna badan, anu jadi syarat kana sagala perkara. Tah iyeu mah moal bisa dipertelakeun, sabab haqiqatna Ruh mah rahasiah, uruseun Pangeran, sakumaha dawuh Alloh dina surat Isro' ayat 85 anu uni na
 ( قُلِ الرُّحُ مِنْ أَمْرِ رَبِّيْ  ) 
Hartosna : Caritakeun, ari Ruh mah eta urusan Pangeran kami.

2. Nafsu, anu jadi tetepna hirup.

3. Akal, Nyaeta Haqiqatna manusa anu jadi nyaho jeung ma'rifat tina eta jalma, ku eta akal bisa ngabedakeun antara sato jeung manusa.

Sunday, December 4, 2016

IHSAN

Ari ta'rifna IHSAN nyaeta :

اَلْإِحْسَانُ هُوَ اَنْ تَعْبُدَ رَبَّكَ كَأَنَّكَ تَرَاهُ، فَإِنْ لَمْ تَكُنْ تَرَاهُ فَإِنَّهُ يَرَاكَ 

AL IHSAANU HUWA ANTA'BUDA ROBBAKA KA-ANNAK TAROOHU, FA IN-LAM TAKUN TAROOHU, FA INNAHU YAROOKA.

Hartosna : Ari ngaran Ihsan teh nyaeta : Ibadah( nyembah jeung Nauhidkeun ) anjeun ka Pangeran anjeun sing cara anjeun ningali ka Pangeran, lamun anjeun henteu bisa sacara ningali, mangka sing alus bae amal anjeun, Da ari Pangeran mah ningali ka anjeun. Atuh anjeun sing boga rasa ditingali ku pangeran.

Dupi anu awal nyaeta lafadz : KA-ANNAKA TAROOH, Eta isyarah kana maqom Musyahadah nyaeta Haqqul Yaqin, anu tadi dina Martabat atanapi tingkatan Iman. Karana ari jalma anu atina ningali ka pangeran mah tangtu khusu'na, ikhlas, sareng isin moal ngalirik anu sejenna, tah iyeu lebet kana maqom SHIDDIQIN

Dupi anu kadua nyaeta lafadz : FA-IN LAM TAKUN TAROOHU FA-INNAHUU YAROOKA, eta isyarah kana kana iman 'Iyan, anu disebat maqom MUROQOBAHtea. 

Dupi Muroqqobah aya dua puluh ngan berhubung teu kaserat didieu. Mangka tasa dipilari dina kitab 'Umdatus saalik karya Asy-Syekh Mushlih al-Muroqiy ti halaman 86 dugi ka halaman 141, didinya tiasa jelas hiji-hijina.

Saturday, December 3, 2016

PERBEDAAN AMAL JEUNG IMAN



Ari perbedaan antara Amal jeung Iman aya sapuluh (10) nyaeta : 

1. Ari Amal mah milu kana Iman, ari Iman eta anu dipiluan.

2. Ari Iman mah langgeng ulah pegat-pegat, ari Amal mah aya waktuna.

3. Ari Iman mah Fardu ka Muslimin jeung ka Kafirin.

4. Hukum Islam di dagokeun kana Iman lain kana Amal, anu matak anu munafiq mah dihukuman ku hukum Islam pedah Iman dina lisanna, kitu soteh didunia anapon ari di akherat mah di sakomplotkeun jeung kafir.

5. Di tarima Iman sanajan henteu Amal, ngan ari Amal mah teu ditarima kajaba kudu Iman.

6. Surga ditetepkeun ku sarta na Iman, lain ku Amal. Anu matak jalma anu Iman bakal dijait(diangkat) tina naraka, sanajan henteu Amal.

7. Iman moal di timbang, tapi Amal anu ditimbang.

8. Anu buat dibikeun teh ganjaran Amal, lain ganjaran Iman. Da Iman mah jadi sarat kana Amal.

9. Ninggalkeun Iman jadi Kafir, lamun ninggalkeun Amal mah jadi Fasiq.

10. Para Nabi ti mimiti Nabi Adam Alayhis salam dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad shollallohu 'alayhi wasallam, eta kabeh sarua dina masalah Iman,tapi henteu sarua dina Amal da beda-beda Syari'atna. Nya kitu deui madzhab Ahlil Haqq/Ahlis sunnah wal Jama'ah sarua dina masalah Patekadan, tapi henteu sarua dina masalah Furu'iyyah, nurutkeun kana Ijtihadna masing-masing...

SYARAT ISLAM


Dupi Syarat Islam eta aya dalapan (8) nyaeta : 
1. Boga akal.
2. Baligh.
3. Ulah kapaksa, tegesna kudu kahayang sorangan.
4. Kudu ngucapkeun syahadat dua.
5. Tuluy nyambung dina macana eta syahadat anu dua, ulah kaselapan/kaselang ku ucapan nu sejen.
6. Tartib dina dua syahadat nyaeta :
اشهد ان لا اله الا اللّه و اشهد ان محمدارسول اللّه  macana ulah dibalikkeun.
7. Kudu nyaho hartina kalimah Syahadat.
8. Kudu ngamalkeun kana parentaha Alloh.

Tah iyeu anu dalapan (8) teh di nadzomkeun ku sapalih ulama :


شُرُطُ الْإِسْلَامِ بِلَااشْتِبَاهٍ # عَقْلٌ بُلُوْغٌ عَدَامُ الْإِكْرَاهِ

وَالنُّطْقُ بِالشَّهَادَتَيْنِ وَالْوِلاَ # وَالسَّادِسُ التَّرْتِيْبُ وَاعْلَمْ وَإِعٍمَلَا
SYURUTHUL ISLAAMI BILA ISTIBAAHIN# 'UQULUN BULUUGHUN 'ADAMUL IKROHI
WAN-NUTHQU BISY-SYAHADATAYNI WAL-WILAA#WAS-SAADISUT-TARTIIBU WA'LAM WA I'MAALA

Syarat islam teu samar aya dalapan # boga akal baligh jeung lain paksaan

Ngucap dua syahadat tuluy-tuluyna # tartib macana buktikeun ku amalna.

AL ISLAAM sareng RUKUN ISLAM

Ari ta'rifna Islam nyaeta :

اَْلإِسْلَامُ هُوَ اَلْإِنْقِيَادُ لِأَمْرِاللّٰهِ وَالْإِ جْتِنَابُ عَنْ نَوَاهِيْهِ
AL-ISLAAMU HUWA AL-INQIYAADU LI AMRILLAAHI WAL IJTINAABI 'AN NAWAAHIIHI.
Hartosna : Ari ngaran Islam teh nyaeta Turut, pasrah jeung rido kan hukum-hukum ti Alloh, ku jalan ngalaksanakeun kan parentahna jeung ngajauhan kana sagala larangan nana.


RUKUN ISLAM


Dupi rukun Islam eta aya Lima (5).
1. Ngucapkeun dua kalimah Syahadat nyaeta : 
اشهد ان لا اله الااللّه و اشهد ان محمدًا رسول اللّه
ASY-HADU AN LAA ILAAHA ILLALLOOH WA ASY-HADU ANNA MUHAMMADAN ROSUULULLOOH.
Hartosna : Nyaksian abdi (terang abdi, ngabenerkeun abdi, nekadkeun abdi, percaya abdi) kana yen sayaktosna henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kalayan saleresna anging gusti Alloh ta'ala sahiji, sareng nyaksian abdi kana yen sayaktosna Nabi Muhammad eta utusan Alloh. Insya Alloh bahasan syahadat dina iyeu bab ka opat bade dijelaskeun.
2. NGADEGKEUN SHALAT anu lima waktu.
3. MIKEUN ZAKAT ka mustahiqna diman geus nishob.
4. PUASA DI BULAN ROMADON.
5. MUNGGAH HAJI jeung umroh lamun kawasa, tegesna aya bekelna jeung pakeun ninggalan kulawarga, bekel di Mekkah jeung ongkos balik, maju sarta aman dijalanna.

KA SAMPURNAAN IMAN

KASAMPURNAAN IMAN
___________________
Dupi ka sampurnaan Iman eta aya opat (4) perkara, nyaeta :
1. IQROR BILLISAN ( اِقْرَرْ بِاللِّسَانِ  )
Iqror bi lisan tegesna ngaku ku lisanna nyaeta ngucapkeun dua kalimah Syahadat.
2. TASHDIIQUN BIL JINAAN ( تَصْدِيْقٌ بِالْجِنَانِ  )
Tashdiiqun bil jinaan tegesna ngabenerkeun ku hate.
3. 'AMALUN BIL-A'DLOI (  عَمَلٌ بِالْاَعْضَاءِ  )
Amalun bil-a'dloi tegesna ngalakonan ku anggaotana secara sholat lima waktu, zakat, shaum jeung sabangsana.
4. ITBAA'US-SUNNATI ( اِتْبَاعُ السُّنَّةِ  )
Itba'us sunnati tegesna tumut kana laku lampah patekadan sareng ucapan Kangjeng Nabi Muhammad shollallohu 'alayhi wa sallam.
Mangka saha jalma anu tinggal Iqror eta kafir.


Saha jalma anu tinggal Tashdiq eta munafiq. Ari kafir jeung munafiq eta langgeng dina Narakana
Saha jalma anu tinggal 'Amal eta fasiq.
Saha jalma anu tinggal Anut kana lakulampah Nabi, mangka eta ahli Bid'ah anu sasar, wajib ka jalma anu Fasiq jeung Ahli bid'ah kudu tobat.

Thursday, December 1, 2016

TINGKATAN IMAN


______________
Dupi martabat tingkatan Iman eta aya lima (5) nyaeta :
1. Iman Taqlid
2. Iman 'Ilmin
3. Iman 'Iyanin
4. Iman Haqqin
5. Iman Haqiiqotin


1. IMAN TAQLID (تَقْلِيْد  )
Ari ta'rifna Iman Taqlid nyaeta :
وَاِيْمَانُ تَقْلِيْدٌ : هُوَ اَلْجَزْمُ بِقَوْلِ الْغَيْر مِنْ غَيْرِ اَنْ يَعْرِفَ دَلِيْلًا
WA IMANU TAQLIID HUWA AL-JAZMU BIQAWLIL GHOYRI MIN GHOYRI AN-YA'RIFA DALIILAN
Hartosna : 

Ari Iman Taqlid teh nyaeta ngukuhkeun kecap batur bari henteu nyaho dalilna. Saperti jalma anu nyaho kana sifat-sifat pangeran, tapi sakadar tuturuti ti jalma anu ngarti, henteu apal kana dalilna.
Ari Imanna eta Sah, tapi bari doraka sabab tinggal mikir. Upama eta jalma otakna mampuh lamun dipake mikir, tapi upama eta jalma lain ahli mikir mah eta henteu doraka.


2. IMAN 'ILMIN (عِلْمٍ  )
Ari ta'rifna Iman 'Ilmin nyaeta :
وَاِيْمَانُ عِلْمٍ هُوَ مَعْرِفَةُ الْعَقَائِدِ بِاَدِلَّتِهَا  :
WA IMANU 'ILMIN HUWA MA'RIFATUL 'AQOOIDI BIADILLATIHA
Hartosna :

 Ari Iman Ilmu teh,nyeta  nganyahokeun kana sagala anu wajib ditekadkeun nana bari jeung dalilna. Tah iyeu anu dua (2) nyaeta Iman Taqlid jeung Iman 'Ilmu, eta anu bogana, masih dihijab atawa dihalang tina dzat Alloh. Tegesna henteu acan tepi kana pangkat Taqorrub( dipikadeuheus) ku Alloh.

3. IMAN 'IYAN (عِيَانْ  )
Ari ta'rifna Iman ,Iyan nyaeta :
وَاِيْمَانُ عِيَانٍ هُوَ مَعْرِفَةُ اللّٰهِ بِمُرَاقَبَةِ الْقَلْبِ فَلَا يَغِيْبُ عَنْ خَاطِرِهٖ طَرْفَةَ عَيْنٍ بَلْ هَيْبَتُهُ دَائِمًا فِيْ قَلْبِهٖ كَاَنَّهُ يَرَاهُ
WA IMAANU 'IYAANIN HUWA MA'RIFATULLOOHI BIMUROQOBATIL QOLBI FALAA YAGHIITsU 'AN KHOOTHIRIHII THORFATA 'AYNIN BAL HAYBATU DAAIMAN FII QOLBIHII KA ANNAHU YAROOHU.
Hartosna : 

Ari Iman 'Iyan te, nyaeta nyaho ka Alloh teh bari langgeng eling ka Alloh dina Ati (Muroqqobah) mangka sakiceup panon oge henteu samar ka Alloh tina akalna, balikta salamina ajrih tur banget isin hatena ku Alloh salawasna secara ningali ka Alloh ta'ala. Dupi Iman 'Iyan teh eta disebat maqom MUROQQOBAH (Maqom Ihsan) anu disebat 'Aynul Yaqiin.

4. IMANUL HAQ ( اِيْمَانُ الْحَقِّ  )
Ari ta'rifna Imanul Haqq nyaeta : وَاِيْمَانُ الْحَقِّ هُوَ رُؤْيَةُ اللّٰهِ تَعَالَى بِقَلْبِهٖ
10
WA IMAANUL HAQQI HUWA RU-YATULLLOHI TA'ALAA BIQOLBIHI
Hartosna : 

Ari Imanul Haqq nyaeta ningali ka Alloh ku hatena 
(ceuk ulama : اَلْعَارِفُ يَرٰى رَبَّهُ فِي كُلِّ شَيْئٍ  YAROO ROBBAHU FII KULLI SYAY-IN. Hartosna : Ari jalma anu geus jadi ahli ma'rifat eta sok ningali( inget hatena ) ka Alloh dina saban-saban perkara.
 Tegesna sagala damelan Alloh anu katingal ku ahli Ma'rifat, eta sadayana jadi bahan pikeun eling kana kakawasaan jeung ka agungan Alloh anu ngadamel kana sagala saban-saban perkara, terus manehna muji ka Alloh. Ari Iman Haqq eta maqom MUSYAHADAH atawa disebut HAQQUL YAQIIN.
Mangka saha jalma anu geus boga pangkat Haqqul Yaqiin, eta dihalangan atina tina sakabeh anu anyar ( tegesna moal kapincut ku haliayah kaduniaan).

Estu sagala perkarana ditujukeun ka Alloh ta'ala wungkul.

5. IMAN HAQIQOH ( اِيْمَان حَقِيْقَة. )
Ari ta'rifna Iman Haqiqot nyaeta :
وَاِيْمَانُ حَقِيْقَةٍ هُوَ اَلْفَنَاءُ بِاللّٰهِ وَالسَّكَرُ بِحُبِّهٖ فَلَا يَشْهَدُ اِلَّا اِيَّاهُ كَمَنْ غَرَقَ فِيْ بَحْرٍ لَمْ يَرَلَهُ سَاحِلَا
WA IIMAANU HAQIIQOTIN HUWA AL-FANAAU BILLAAHI WAS SAKARU BIHUBBIHII FALAA YASYHADU ILLAA IYYAAHI KAMAN GHOROQO FII BAHRIN LAM YARO LAHUU SAAHILAN.
Hartosna : Dupi Iman Haqiiqot nyaeta fana akal jadi Bengong ku banget Ma'rifat ( ngarti kana ka Agungan Alloh jeung kana ka kawasaan Alloh ) dugi ka weureu mahabbah cinta, mangka henteu aya anu ka saksi anging Alloh, Mahabbah anu henteu aya wates wangenna, lir jalma anu ti teuleum di tengah lautan henteu katingal sisina.
Dupi anu wajib ka tiap mukalap mah anu dua(2) nyaeta : Iman Taqlid jeung Iman 'Ilmu. Anapon ari anu tilu deui nyaeta : Iman 'Iyan, Iman Haq jeung Iman Haqiqat, eta mah persenan langsung ti Pangeran anu henteu bisa di Kasab, anu dipasihkeun ka sing saha jalma anu tangtu kalayan sakersana Alloh ta'ala.


JALAN IMAN


JALAN IMAN
Dupi jalan iman eta aya lima (5) nyaeta :

1. Iman مَطبُوعْ  (Mathbu') 
Tegesna anu jadi watek,  sacara Imanna para Malaikat.

2. Iman مَعْصُومْ  ( Ma'shum) 
Tegesna anu diraksa, sacara Imanna para Nabi.

3. Iman مَقْبُولْ  ( Maqbul) 
Tegesna Iman anu ditarima, nyaeta Imanna para mu'minin Ahlis sunnah wal jama'ah.

4. Iman مَوْقُوفْ  ( Mawquf) 
Tegesna anu masih ditunggukeun, henteu acan puguh ditarima jeung henteuna. Nyaeta Imanna ahli Bid'ah anu patekadan nana nyaliwang anu tujuhpuluh dua(72) golongan.

5. Iman مَرْدُودْ  (Mardud) 
Tegesna anu ditolak, nyaeta Imanna jalma munafik, karana Imanna dina LETAH wungkul/ henteu nepi kana hatena.

Wednesday, November 30, 2016

IMAN

IMAN

_________
Ari Ta'rifna Iman nyaeta :

تَصْدِيْقُ الْقَلْبِ بِمَا جَاءَ بِهٖ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم، مِمَّا عُلِمَ مِنَ الدِّيْنِ بِالضَّرُوْرَةِ

(TASHDIIQUL QOLBI BIMAA JAA_A BIHIN NABIYYU SHOLLALLOOHU 'ALAYHI WASALLAM, MIMMA 'ULIMA MINAD DIINI BIDL-DLORUUROTI)

Hartosna : Ari Iman teh nyaeta ngabenerkeun hate kana sakabeh perkara anu disumpingkeun ku Nabi Muhammad shollalloohu 'alayhi wasallam, nyaeta sagala perkara anu geus ma'lum dina agama kalawan pertela. 

Saperti ngabenerkeun kana ayana Alloh jeung sifat-sifatna, kana ayana Rosululloh jeung sifat-sifatna, kana kitab-kitabna Alloh, para Malaikatna Alloh, poe Qiyamah, jeung kana Qodar, ngabenerkeun kana wajibna Sholat, Zakat, Puasa, Munggah Haji jeung sabangsana.

Dupi Rukun Iman eta aya genep(6) nyaeta :
1. Iman ka Alloh.
2. Iman ka para Malaikatna Alloh.
3. Iman kana Kitab-kitabna Alloh.
4. Iman ka Rosul-Rosulna Alloh.
5. Iman kana poe Qiyamah.
6. Iman kana Qodar tegesna papasten anu sae_na anu awonna eta ti Alloh ta'ala.

Iyeu anu genep(6) Insya Alloh dina iyeu kitab/tulisan dibahas ku bahasan nu rada panjang lebar.

RUKUN AGAMA

Ari rukun Agama di candak tina kecap DIN, eta aya Lima :

1. DAA-IN, Tegesna Jalma anu nyekel kana agama.

2.MADIIN, Tegesna hukum-hukum jeung aturan anu dicekelna.

3. MADIINUN BIHI, tegesna anu sabab dihukuman ku anu nyekel, nyaeta 'akil baligh.

4. MADIINUN ILAYIHI, tegesna HAAKIM nyaeta anu netepkeun nana eta hukumnyaeta Alloh.

5. DIINUN, tegesna pagawean nana, ngajalankeun hukum anu dicandak ku Rosululloh shollallohu 'alayhi wasallam......................................

Ari cirina jalma anu ber agama eta aya opat(4) nyaeta :

1. صِدْقُ الْقَصْدِ  ( SHIDQUL QASDI) tegesna bener pasejaan nana ku jalan ngalakukeun ibadah anu make niyat jeung ikhlas.

2. وَفَاءُ الْعَهْدِ  ( WAFAAUL 'AHDI) tegesna nyumponan sagala perjanjian ku jalan nga laksanakeun ka farduan.

3. تَرْكُ الْمَنْهِي. (TARKUL MANHII) tegesna ninggalkeun sagala larangan ku jalan ngajauhan kana sagala paharaman lahir batin.

4. صِحَةُ الْعَقْدِ  (SHIHATUL 'AQDI) tegesna sah patekadan jeung ka yakinan nana, ku jalan nyepeng kana patekadan Ahlus sunnah wal jama'ah. ( نور الظلام  )...


Salajengna dupi anu jadi syarat kana ngadegna agama eta 
aya tilu perkara :

1. Iman : Anu dikanyahokeun nana teh ku Ilmu Ushuluddin, insya Alloh anu bakal dibahas dina iyeu kitab/tulisan.


2. Islam : Anu dikanyahokeun aturan nana teh ku Ilmu Fiqih.


3. Ihsan : Anu dikanyahokeun aturan nana teh ku Ilmu tashouwuf.


Mangka atuh wajib ka sakur jalma anu mukalap kudu nganyahokeun tur ngusahakeun anu Tilu nyaeta Iman, Islam jeung Ihsan ku Ilmu anu tilu, nyaeta : Ushuluddin, Ilmu Fiqih jeung Ilmu Tashawwuf. 


Karana moal bisa ngadeg Agama iwal ku anu Tilu anu jadi syarat dina Agama, sedeng kapan ari Syarat mah eta kudu aya kabehan nana, henteu sah Masyrut (anu disyaratan ) tegesna Agama lamun euweuh salasahijina anu tilu.

Ari jalma anu henteu ngarti kana Ilmu Ushuluddin, manehna moal nyaho kana sifat-sifat Alloh jeung Rosulna, jeung henteu nyaho kana 'Aqooid sam'iyyat mangka eta jalma teh masih keneh KUFUR , henteu sah wudluna, sholatna jeung sakabeh amalna.


Ari jalma anu henteu nyaho kana Ilmu Fiqih, eta jalma FASIK, doraka gede kadang-kadang nibakeun kana Kufur.


Ari jalma anu henteu make Ilmu Tashawwuf, eta henteu ditarima amalna, saperti henteu Ikhlas eta dipikarempan SUUL KHOTIMAH (goreng tungtung) Na'udzubillaahi min dzaalik. 


Atuh hukumna ngaji kana Ilmu anu tilu teh eta Fardu 'Ain ( wajib ka tiap-tiap sirah), komo Ilmu Ushuluddin mah kedah diheulakeun, sabab ari jalma anu kufur eta langgeng dina narakana. 

Ari Ilmu anu tilu eta kedah lengkep kabeh, sabab ari Iman eta ibarat Nyawa, Islam ibarat Badan jeung ari Ihsan eta ibarat Rasa diri. 

Upama jalma anu parantos ngalengkepan jiwana ku iyeu anu tilu rupa, eta geus nyumponan Syarat ngalaksanakeun Syari'at, tur geus ngabdikeun dirina ka Alloh ta'ala.