Saturday, December 3, 2016

PERBEDAAN AMAL JEUNG IMAN



Ari perbedaan antara Amal jeung Iman aya sapuluh (10) nyaeta : 

1. Ari Amal mah milu kana Iman, ari Iman eta anu dipiluan.

2. Ari Iman mah langgeng ulah pegat-pegat, ari Amal mah aya waktuna.

3. Ari Iman mah Fardu ka Muslimin jeung ka Kafirin.

4. Hukum Islam di dagokeun kana Iman lain kana Amal, anu matak anu munafiq mah dihukuman ku hukum Islam pedah Iman dina lisanna, kitu soteh didunia anapon ari di akherat mah di sakomplotkeun jeung kafir.

5. Di tarima Iman sanajan henteu Amal, ngan ari Amal mah teu ditarima kajaba kudu Iman.

6. Surga ditetepkeun ku sarta na Iman, lain ku Amal. Anu matak jalma anu Iman bakal dijait(diangkat) tina naraka, sanajan henteu Amal.

7. Iman moal di timbang, tapi Amal anu ditimbang.

8. Anu buat dibikeun teh ganjaran Amal, lain ganjaran Iman. Da Iman mah jadi sarat kana Amal.

9. Ninggalkeun Iman jadi Kafir, lamun ninggalkeun Amal mah jadi Fasiq.

10. Para Nabi ti mimiti Nabi Adam Alayhis salam dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad shollallohu 'alayhi wasallam, eta kabeh sarua dina masalah Iman,tapi henteu sarua dina Amal da beda-beda Syari'atna. Nya kitu deui madzhab Ahlil Haqq/Ahlis sunnah wal Jama'ah sarua dina masalah Patekadan, tapi henteu sarua dina masalah Furu'iyyah, nurutkeun kana Ijtihadna masing-masing...

SYARAT ISLAM


Dupi Syarat Islam eta aya dalapan (8) nyaeta : 
1. Boga akal.
2. Baligh.
3. Ulah kapaksa, tegesna kudu kahayang sorangan.
4. Kudu ngucapkeun syahadat dua.
5. Tuluy nyambung dina macana eta syahadat anu dua, ulah kaselapan/kaselang ku ucapan nu sejen.
6. Tartib dina dua syahadat nyaeta :
اشهد ان لا اله الا اللّه و اشهد ان محمدارسول اللّه  macana ulah dibalikkeun.
7. Kudu nyaho hartina kalimah Syahadat.
8. Kudu ngamalkeun kana parentaha Alloh.

Tah iyeu anu dalapan (8) teh di nadzomkeun ku sapalih ulama :


شُرُطُ الْإِسْلَامِ بِلَااشْتِبَاهٍ # عَقْلٌ بُلُوْغٌ عَدَامُ الْإِكْرَاهِ

وَالنُّطْقُ بِالشَّهَادَتَيْنِ وَالْوِلاَ # وَالسَّادِسُ التَّرْتِيْبُ وَاعْلَمْ وَإِعٍمَلَا
SYURUTHUL ISLAAMI BILA ISTIBAAHIN# 'UQULUN BULUUGHUN 'ADAMUL IKROHI
WAN-NUTHQU BISY-SYAHADATAYNI WAL-WILAA#WAS-SAADISUT-TARTIIBU WA'LAM WA I'MAALA

Syarat islam teu samar aya dalapan # boga akal baligh jeung lain paksaan

Ngucap dua syahadat tuluy-tuluyna # tartib macana buktikeun ku amalna.

AL ISLAAM sareng RUKUN ISLAM

Ari ta'rifna Islam nyaeta :

اَْلإِسْلَامُ هُوَ اَلْإِنْقِيَادُ لِأَمْرِاللّٰهِ وَالْإِ جْتِنَابُ عَنْ نَوَاهِيْهِ
AL-ISLAAMU HUWA AL-INQIYAADU LI AMRILLAAHI WAL IJTINAABI 'AN NAWAAHIIHI.
Hartosna : Ari ngaran Islam teh nyaeta Turut, pasrah jeung rido kan hukum-hukum ti Alloh, ku jalan ngalaksanakeun kan parentahna jeung ngajauhan kana sagala larangan nana.


RUKUN ISLAM


Dupi rukun Islam eta aya Lima (5).
1. Ngucapkeun dua kalimah Syahadat nyaeta : 
اشهد ان لا اله الااللّه و اشهد ان محمدًا رسول اللّه
ASY-HADU AN LAA ILAAHA ILLALLOOH WA ASY-HADU ANNA MUHAMMADAN ROSUULULLOOH.
Hartosna : Nyaksian abdi (terang abdi, ngabenerkeun abdi, nekadkeun abdi, percaya abdi) kana yen sayaktosna henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kalayan saleresna anging gusti Alloh ta'ala sahiji, sareng nyaksian abdi kana yen sayaktosna Nabi Muhammad eta utusan Alloh. Insya Alloh bahasan syahadat dina iyeu bab ka opat bade dijelaskeun.
2. NGADEGKEUN SHALAT anu lima waktu.
3. MIKEUN ZAKAT ka mustahiqna diman geus nishob.
4. PUASA DI BULAN ROMADON.
5. MUNGGAH HAJI jeung umroh lamun kawasa, tegesna aya bekelna jeung pakeun ninggalan kulawarga, bekel di Mekkah jeung ongkos balik, maju sarta aman dijalanna.

KA SAMPURNAAN IMAN

KASAMPURNAAN IMAN
___________________
Dupi ka sampurnaan Iman eta aya opat (4) perkara, nyaeta :
1. IQROR BILLISAN ( اِقْرَرْ بِاللِّسَانِ  )
Iqror bi lisan tegesna ngaku ku lisanna nyaeta ngucapkeun dua kalimah Syahadat.
2. TASHDIIQUN BIL JINAAN ( تَصْدِيْقٌ بِالْجِنَانِ  )
Tashdiiqun bil jinaan tegesna ngabenerkeun ku hate.
3. 'AMALUN BIL-A'DLOI (  عَمَلٌ بِالْاَعْضَاءِ  )
Amalun bil-a'dloi tegesna ngalakonan ku anggaotana secara sholat lima waktu, zakat, shaum jeung sabangsana.
4. ITBAA'US-SUNNATI ( اِتْبَاعُ السُّنَّةِ  )
Itba'us sunnati tegesna tumut kana laku lampah patekadan sareng ucapan Kangjeng Nabi Muhammad shollallohu 'alayhi wa sallam.
Mangka saha jalma anu tinggal Iqror eta kafir.


Saha jalma anu tinggal Tashdiq eta munafiq. Ari kafir jeung munafiq eta langgeng dina Narakana
Saha jalma anu tinggal 'Amal eta fasiq.
Saha jalma anu tinggal Anut kana lakulampah Nabi, mangka eta ahli Bid'ah anu sasar, wajib ka jalma anu Fasiq jeung Ahli bid'ah kudu tobat.

Thursday, December 1, 2016

TINGKATAN IMAN


______________
Dupi martabat tingkatan Iman eta aya lima (5) nyaeta :
1. Iman Taqlid
2. Iman 'Ilmin
3. Iman 'Iyanin
4. Iman Haqqin
5. Iman Haqiiqotin


1. IMAN TAQLID (تَقْلِيْد  )
Ari ta'rifna Iman Taqlid nyaeta :
وَاِيْمَانُ تَقْلِيْدٌ : هُوَ اَلْجَزْمُ بِقَوْلِ الْغَيْر مِنْ غَيْرِ اَنْ يَعْرِفَ دَلِيْلًا
WA IMANU TAQLIID HUWA AL-JAZMU BIQAWLIL GHOYRI MIN GHOYRI AN-YA'RIFA DALIILAN
Hartosna : 

Ari Iman Taqlid teh nyaeta ngukuhkeun kecap batur bari henteu nyaho dalilna. Saperti jalma anu nyaho kana sifat-sifat pangeran, tapi sakadar tuturuti ti jalma anu ngarti, henteu apal kana dalilna.
Ari Imanna eta Sah, tapi bari doraka sabab tinggal mikir. Upama eta jalma otakna mampuh lamun dipake mikir, tapi upama eta jalma lain ahli mikir mah eta henteu doraka.


2. IMAN 'ILMIN (عِلْمٍ  )
Ari ta'rifna Iman 'Ilmin nyaeta :
وَاِيْمَانُ عِلْمٍ هُوَ مَعْرِفَةُ الْعَقَائِدِ بِاَدِلَّتِهَا  :
WA IMANU 'ILMIN HUWA MA'RIFATUL 'AQOOIDI BIADILLATIHA
Hartosna :

 Ari Iman Ilmu teh,nyeta  nganyahokeun kana sagala anu wajib ditekadkeun nana bari jeung dalilna. Tah iyeu anu dua (2) nyaeta Iman Taqlid jeung Iman 'Ilmu, eta anu bogana, masih dihijab atawa dihalang tina dzat Alloh. Tegesna henteu acan tepi kana pangkat Taqorrub( dipikadeuheus) ku Alloh.

3. IMAN 'IYAN (عِيَانْ  )
Ari ta'rifna Iman ,Iyan nyaeta :
وَاِيْمَانُ عِيَانٍ هُوَ مَعْرِفَةُ اللّٰهِ بِمُرَاقَبَةِ الْقَلْبِ فَلَا يَغِيْبُ عَنْ خَاطِرِهٖ طَرْفَةَ عَيْنٍ بَلْ هَيْبَتُهُ دَائِمًا فِيْ قَلْبِهٖ كَاَنَّهُ يَرَاهُ
WA IMAANU 'IYAANIN HUWA MA'RIFATULLOOHI BIMUROQOBATIL QOLBI FALAA YAGHIITsU 'AN KHOOTHIRIHII THORFATA 'AYNIN BAL HAYBATU DAAIMAN FII QOLBIHII KA ANNAHU YAROOHU.
Hartosna : 

Ari Iman 'Iyan te, nyaeta nyaho ka Alloh teh bari langgeng eling ka Alloh dina Ati (Muroqqobah) mangka sakiceup panon oge henteu samar ka Alloh tina akalna, balikta salamina ajrih tur banget isin hatena ku Alloh salawasna secara ningali ka Alloh ta'ala. Dupi Iman 'Iyan teh eta disebat maqom MUROQQOBAH (Maqom Ihsan) anu disebat 'Aynul Yaqiin.

4. IMANUL HAQ ( اِيْمَانُ الْحَقِّ  )
Ari ta'rifna Imanul Haqq nyaeta : وَاِيْمَانُ الْحَقِّ هُوَ رُؤْيَةُ اللّٰهِ تَعَالَى بِقَلْبِهٖ
10
WA IMAANUL HAQQI HUWA RU-YATULLLOHI TA'ALAA BIQOLBIHI
Hartosna : 

Ari Imanul Haqq nyaeta ningali ka Alloh ku hatena 
(ceuk ulama : اَلْعَارِفُ يَرٰى رَبَّهُ فِي كُلِّ شَيْئٍ  YAROO ROBBAHU FII KULLI SYAY-IN. Hartosna : Ari jalma anu geus jadi ahli ma'rifat eta sok ningali( inget hatena ) ka Alloh dina saban-saban perkara.
 Tegesna sagala damelan Alloh anu katingal ku ahli Ma'rifat, eta sadayana jadi bahan pikeun eling kana kakawasaan jeung ka agungan Alloh anu ngadamel kana sagala saban-saban perkara, terus manehna muji ka Alloh. Ari Iman Haqq eta maqom MUSYAHADAH atawa disebut HAQQUL YAQIIN.
Mangka saha jalma anu geus boga pangkat Haqqul Yaqiin, eta dihalangan atina tina sakabeh anu anyar ( tegesna moal kapincut ku haliayah kaduniaan).

Estu sagala perkarana ditujukeun ka Alloh ta'ala wungkul.

5. IMAN HAQIQOH ( اِيْمَان حَقِيْقَة. )
Ari ta'rifna Iman Haqiqot nyaeta :
وَاِيْمَانُ حَقِيْقَةٍ هُوَ اَلْفَنَاءُ بِاللّٰهِ وَالسَّكَرُ بِحُبِّهٖ فَلَا يَشْهَدُ اِلَّا اِيَّاهُ كَمَنْ غَرَقَ فِيْ بَحْرٍ لَمْ يَرَلَهُ سَاحِلَا
WA IIMAANU HAQIIQOTIN HUWA AL-FANAAU BILLAAHI WAS SAKARU BIHUBBIHII FALAA YASYHADU ILLAA IYYAAHI KAMAN GHOROQO FII BAHRIN LAM YARO LAHUU SAAHILAN.
Hartosna : Dupi Iman Haqiiqot nyaeta fana akal jadi Bengong ku banget Ma'rifat ( ngarti kana ka Agungan Alloh jeung kana ka kawasaan Alloh ) dugi ka weureu mahabbah cinta, mangka henteu aya anu ka saksi anging Alloh, Mahabbah anu henteu aya wates wangenna, lir jalma anu ti teuleum di tengah lautan henteu katingal sisina.
Dupi anu wajib ka tiap mukalap mah anu dua(2) nyaeta : Iman Taqlid jeung Iman 'Ilmu. Anapon ari anu tilu deui nyaeta : Iman 'Iyan, Iman Haq jeung Iman Haqiqat, eta mah persenan langsung ti Pangeran anu henteu bisa di Kasab, anu dipasihkeun ka sing saha jalma anu tangtu kalayan sakersana Alloh ta'ala.


JALAN IMAN


JALAN IMAN
Dupi jalan iman eta aya lima (5) nyaeta :

1. Iman مَطبُوعْ  (Mathbu') 
Tegesna anu jadi watek,  sacara Imanna para Malaikat.

2. Iman مَعْصُومْ  ( Ma'shum) 
Tegesna anu diraksa, sacara Imanna para Nabi.

3. Iman مَقْبُولْ  ( Maqbul) 
Tegesna Iman anu ditarima, nyaeta Imanna para mu'minin Ahlis sunnah wal jama'ah.

4. Iman مَوْقُوفْ  ( Mawquf) 
Tegesna anu masih ditunggukeun, henteu acan puguh ditarima jeung henteuna. Nyaeta Imanna ahli Bid'ah anu patekadan nana nyaliwang anu tujuhpuluh dua(72) golongan.

5. Iman مَرْدُودْ  (Mardud) 
Tegesna anu ditolak, nyaeta Imanna jalma munafik, karana Imanna dina LETAH wungkul/ henteu nepi kana hatena.

Wednesday, November 30, 2016

IMAN

IMAN

_________
Ari Ta'rifna Iman nyaeta :

تَصْدِيْقُ الْقَلْبِ بِمَا جَاءَ بِهٖ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم، مِمَّا عُلِمَ مِنَ الدِّيْنِ بِالضَّرُوْرَةِ

(TASHDIIQUL QOLBI BIMAA JAA_A BIHIN NABIYYU SHOLLALLOOHU 'ALAYHI WASALLAM, MIMMA 'ULIMA MINAD DIINI BIDL-DLORUUROTI)

Hartosna : Ari Iman teh nyaeta ngabenerkeun hate kana sakabeh perkara anu disumpingkeun ku Nabi Muhammad shollalloohu 'alayhi wasallam, nyaeta sagala perkara anu geus ma'lum dina agama kalawan pertela. 

Saperti ngabenerkeun kana ayana Alloh jeung sifat-sifatna, kana ayana Rosululloh jeung sifat-sifatna, kana kitab-kitabna Alloh, para Malaikatna Alloh, poe Qiyamah, jeung kana Qodar, ngabenerkeun kana wajibna Sholat, Zakat, Puasa, Munggah Haji jeung sabangsana.

Dupi Rukun Iman eta aya genep(6) nyaeta :
1. Iman ka Alloh.
2. Iman ka para Malaikatna Alloh.
3. Iman kana Kitab-kitabna Alloh.
4. Iman ka Rosul-Rosulna Alloh.
5. Iman kana poe Qiyamah.
6. Iman kana Qodar tegesna papasten anu sae_na anu awonna eta ti Alloh ta'ala.

Iyeu anu genep(6) Insya Alloh dina iyeu kitab/tulisan dibahas ku bahasan nu rada panjang lebar.

RUKUN AGAMA

Ari rukun Agama di candak tina kecap DIN, eta aya Lima :

1. DAA-IN, Tegesna Jalma anu nyekel kana agama.

2.MADIIN, Tegesna hukum-hukum jeung aturan anu dicekelna.

3. MADIINUN BIHI, tegesna anu sabab dihukuman ku anu nyekel, nyaeta 'akil baligh.

4. MADIINUN ILAYIHI, tegesna HAAKIM nyaeta anu netepkeun nana eta hukumnyaeta Alloh.

5. DIINUN, tegesna pagawean nana, ngajalankeun hukum anu dicandak ku Rosululloh shollallohu 'alayhi wasallam......................................

Ari cirina jalma anu ber agama eta aya opat(4) nyaeta :

1. صِدْقُ الْقَصْدِ  ( SHIDQUL QASDI) tegesna bener pasejaan nana ku jalan ngalakukeun ibadah anu make niyat jeung ikhlas.

2. وَفَاءُ الْعَهْدِ  ( WAFAAUL 'AHDI) tegesna nyumponan sagala perjanjian ku jalan nga laksanakeun ka farduan.

3. تَرْكُ الْمَنْهِي. (TARKUL MANHII) tegesna ninggalkeun sagala larangan ku jalan ngajauhan kana sagala paharaman lahir batin.

4. صِحَةُ الْعَقْدِ  (SHIHATUL 'AQDI) tegesna sah patekadan jeung ka yakinan nana, ku jalan nyepeng kana patekadan Ahlus sunnah wal jama'ah. ( نور الظلام  )...


Salajengna dupi anu jadi syarat kana ngadegna agama eta 
aya tilu perkara :

1. Iman : Anu dikanyahokeun nana teh ku Ilmu Ushuluddin, insya Alloh anu bakal dibahas dina iyeu kitab/tulisan.


2. Islam : Anu dikanyahokeun aturan nana teh ku Ilmu Fiqih.


3. Ihsan : Anu dikanyahokeun aturan nana teh ku Ilmu tashouwuf.


Mangka atuh wajib ka sakur jalma anu mukalap kudu nganyahokeun tur ngusahakeun anu Tilu nyaeta Iman, Islam jeung Ihsan ku Ilmu anu tilu, nyaeta : Ushuluddin, Ilmu Fiqih jeung Ilmu Tashawwuf. 


Karana moal bisa ngadeg Agama iwal ku anu Tilu anu jadi syarat dina Agama, sedeng kapan ari Syarat mah eta kudu aya kabehan nana, henteu sah Masyrut (anu disyaratan ) tegesna Agama lamun euweuh salasahijina anu tilu.

Ari jalma anu henteu ngarti kana Ilmu Ushuluddin, manehna moal nyaho kana sifat-sifat Alloh jeung Rosulna, jeung henteu nyaho kana 'Aqooid sam'iyyat mangka eta jalma teh masih keneh KUFUR , henteu sah wudluna, sholatna jeung sakabeh amalna.


Ari jalma anu henteu nyaho kana Ilmu Fiqih, eta jalma FASIK, doraka gede kadang-kadang nibakeun kana Kufur.


Ari jalma anu henteu make Ilmu Tashawwuf, eta henteu ditarima amalna, saperti henteu Ikhlas eta dipikarempan SUUL KHOTIMAH (goreng tungtung) Na'udzubillaahi min dzaalik. 


Atuh hukumna ngaji kana Ilmu anu tilu teh eta Fardu 'Ain ( wajib ka tiap-tiap sirah), komo Ilmu Ushuluddin mah kedah diheulakeun, sabab ari jalma anu kufur eta langgeng dina narakana. 

Ari Ilmu anu tilu eta kedah lengkep kabeh, sabab ari Iman eta ibarat Nyawa, Islam ibarat Badan jeung ari Ihsan eta ibarat Rasa diri. 

Upama jalma anu parantos ngalengkepan jiwana ku iyeu anu tilu rupa, eta geus nyumponan Syarat ngalaksanakeun Syari'at, tur geus ngabdikeun dirina ka Alloh ta'ala.

Tuesday, November 29, 2016

BAHASAN KAHIJI MERTELAKEUN AGAMA


AGAMA bahasa arabna :

(DIIN,دين  ) sok disebut deui 

(SYARI'AT, شريعة )

(SYARA', شرع ) jeung 

( MILLAH,ملة ). 

Iyeu anu opat kecap sami maknana ku bahasa sunda disebut Agama. 

Ari pangna Agama disebat DIIN anu eta tina sapalihna makna DIIN teh Tho'at, margi eta Agama anu ku urang sok di To'ati peraturan nana. 

Ari pangna di sebat Syari'at jeung Syara', margi hartina Syare'at atawa Syara' teh hatina Gelaran, pedah Agama teh ku Alloh digelarkeun jeung dijelaskeun ku Rosulna. 

Ari pangna disebat MILLAH anu ngadung harti Ngabejakeun, pedah Agama dibejakeun ku Malaikat Jibril ka Rosul, teras ku Rosul ditepikeun ka umatna, anu akhirna dugi ka urang sadaya.

Salajengna eta kecap DIN /Agama teh aya tilu harti, Nyaeta :

1. Ceuk Lughot, nurut asal bahasana.
2. Ceuk Syara'
3. Ceuk Istilah tegesna ka tetepan dipakena eta kecap dina hiji pan anu dimaksud.

- Ari kecap DIN ceuk Lughot, eta sok ditujukeun kana sababaraha harti tina sapalihna saperti : Tho'at, ibadah, hisaban, pembalasan.
- Ari kecap DIN ceuk Syara' nyaeta :
 مَا شَرَعَهُ اللّٰهُ تَعَالَي مِنَ الْاَحْكَامِ عَلَي لِسَانِ نَبِيِّهٖ صلي الله عليه وسلم. 
Hartina, Ari agama teh ceuk syara' mah nyaeta : Aturan-aturan atawa hukum-hukum anu digelarkeun ku Alloh ta'ala kalawan perantaraan lisan anu janten Nabina shollallohu 'alayhi wasallam.

- Ari DIN ceuk Istilah nyaeta :
 وَضْعُ اِلٰهِيٌّ سَائِقٌ لِذَوِ ى الْعُقُوْلِ السَّلِيْمَةِ، بِاخْتِيَارِهِم اَلْمَحْمُوْد اِلٰى مَاهُوَ خَيْرٌلَهُمْ بِالذَّات 
Hartosna ari ngaran Agama ceuk Istilah mah nyaeta: aturan kapangeranan tegesna henteu aya anu ngatur anging Pangeran, anu ngajurung ka jalma anu boga akal salamet, ku pamilihna anu terpuji pakeun ngudag ka alusan manehna, boh anu mangrupa ka alusan didunia atawa kabagjaan di akherat.

Jadi atuh agama teh pangaturan Pangeran, lain pangaturan Nabi Muhammad jeung lain pangaturan makhluk sejenna. Oge eta Agama teh ngatur kana ka maslahatan hirup di dunia jeung kabagjaan akherat.

__________

Monday, November 28, 2016

MUKADDIMAH




MUQODDIMAH

بسم الله الرحمن الرحيم

Alhamdulillaahi wahdahu* Wash-sholaatu was-salaamu 'alaa Rosuulillaah~ Sayyidinaa Muhammadin wa 'alaa Aalihii wa man waalaah...

Mangka iyeu kitab di Namian 'AQIIDATUN NAAJIIN FII USHUULIDDIIN . Hartosna: Patekadan jalma-jalma anu pada salamet, dina dasar agama anu katelah ilmu USHULUDDIIN. Atawa disebat Ilmu tauhid,tegesna ilmu paranti nepikeun kana kayaqinan yen Alloh Ta'ala SAHIJI.

Dupi anu janten margi disusunna iyeu kitab teh,nyaeta seueur Ikhwanul Muslimin ti antawisna Ahli madrasah AL- FALAH- KUBANG, CONDONG, CI BEUREUM TASIKMALAYA. Nyaeta murid-muridna AlMarhum Syekhuna Ahmad Atsiruddin Kubang aranjeunna nyuhunkeun supados pang ngumpulkeun hasil-hasil tina wejangan syekhuna Al-Marhum Atsiruddin, utamina tina Ilmu Ushuludiin anu biasa sok diwurukkeun ku anjeunna dina Pangaosan Mingguan.

Ku ayana kitu, mangka simkuring anu dlo'if tur hina, maksakeun milari seratan Syekhuna Ahmad Atsiruddin anh wafatna dina kaping 22 Mulud 1394., Kaleresa kana kaping 15 April 1947.M. Oge tina seratan Syekhuna Muhammad Dimyathi Al-Marhum, oge ningalian tina kitab-kitab Ilmu Ushuluddin, ti antawisna : 

Fathul Majiid

As-sanusiyah

Kifayatu 'awam

Jawhar Tauhid

Tanwiirul Qulub

Tijan Daruri
Nuurudh-dholam
Kasyifatus-saja
sareng anu sanesna, jadi jala. Ikhtiyar simkuring nyusun iyeu kitab teh mung kadar Nuqil.
Salajengna upami para maos mendakan kalepatan dina iyeu kitab, eta timbul tina ka kaliruan simkuring. Diharep kalayan Hurmat supados para maos kersa ngalereskeun nan,sa ba'da leres-leres ditaliti heula, simkuring ngahaturkeun timpah Nuhun.
Pamungkas, mudah-mudahan iyeu kitab ageung manfaatna khusus ka simkuring, umumna ka para maos dulur-dulur kaum muslimin. Aamiin.

Wassalaam:
Al-Jaami' wan-naaqil Adz-dzaliil
Wal haqiir, wal muqtarir ilaa Rohmatil-Mannaan
Wa maghfirotir-rohman
م
محمد عمران بن أحمد أثر الدين
$
$
$
بسم الله الرحمن الرحيم

Alhamdulillaahil ladzii qoola fii kitaabihil 'aziiz :
اِنّ الدِّينَ عِنْدَ اللّٰهِ الْاِسْلَام
 Asyhadu an-laailaaha illalloohu wahdahuu laa syariikalahul malikul 'alaam.
Wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhuu wa rosuuluhuul mab'uutsu ilaa kaafatil anaam.
Wash sholaatu was salaamu 'alaa sayyidinaa Muhammadin asyrofil anaam wa 'alaa aalihi wa ash-haabihil kiroom wa man tabi'ahum ilaa waqtil ma'luum. ( Ammaa ba'du) :
Fa'lam, Mangka kedah uninga yen anu pang payunna kawajiban pikeun jalma Mukallaf, tegesna ka jalma anu ngabogaan akal tur baligh teh nyaeta kedah lebet kana agama Islam, nyaeta agama anu dipikarido ku Alloh, ku ngucapkeun Dua kalimah Syahadat nyaeta : 
اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلٓهَ الَّااللّٰه وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا رَّسُول اللّٰه
Hartosna : Nyaksian abdi kana yen saleresna henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan kalawan sabenerna anging Alloh ta'ala sahiji. Jeung nyaksian abdi kana saleresna Nabi Muhammad eta utusan Alloh.
Salajengna, wajib pasrah narima katetepan sagala hukum ti Alloh : Parentahna, larangan nana sareng anu sanesna. Oge wajib ngajaga dirina sing tetep dina Islam dugi ka maotna. Sakumaha dawuh Alloh dina al-Qur'an, dina surat Ali Imron ayat: 102 : وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُن  Hartosna : Peupeujeuh ulah maraot aranjeun, kajaba aranjeun keur Islam. Mangka didieu bade mayunkeun heula Harti Agama jeung anu aya patalina. 
.

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Bismillaahirrohmaanirrohiim...
Postingan perdana di blog ini...
Semoga kedepannya bisa lebih baik dan ada manfaatnya bagi saudaraku yang singgah kesini.

Terima kasih telah meluangkan waktu sejenak walau hanya mampir sebentar.
@sireum ateul
©Aqidatun najin bahasa sunda
Blog nyunda