Showing posts with label Hukum syara'. Show all posts
Showing posts with label Hukum syara'. Show all posts

Wednesday, January 25, 2017

TANBIH

Dina danget iyeu Sireum Ateul ka papancenan ngadugikeun hiji Peringetan ti Muallif iyeu seratan/kitab, kumargi bilih aya kakaliruan pikeun awam, margi dina Hukum Akal aya ucapan atanapi bahasan Wajib jeung wenang atawa Jaiz.
Nya kitu deui dina

Hukum Syara' oge kapendak deui eta ucapan Wajib sareng Wenang atawa Ibaahah.


Tah didieu ulah nepi ka pahili.
Dupi ucapan Wajib dina hukum akal mah maksudna nyaeta, sakur-sakur perkara anu misti ayana (kudu aya) jeung Mustahil euweuhna, nyaeta sabalikna tina Mustahil,
Contona saperti ucapan/kecap : Alloh Wajib ka Sifatan ku Sifat Qudrot, ( Alloh Misti kawasana tur henteu kaharti ku Akal lamun henteu kawasa, jadi mustahi Apes/lemah.

Dupi kecap Wajib dina Hukum syara' mah nyaeta, anu misti di pigawena atawa dilaksanakeun nana sabalikna tinu Haram.
Saperti conto : Wajib Shalat, tah maksudna eta shalat teh nyaeta kudu di pigawe, mangka bakal disiksa lamun ditinggalkeun nana atawa teu di pigawena.

Dupi kecap Wenang dina hukum Akal, nyaeta anu kaharti ayana jeung euweuhna. 
Saperti ucapan : Wenang Alloh ngadamel iyeu Alam, tah didieu maksudna eta ucapan teh, Alloh ta'ala ngayakeun jeung ngeuwueuhkeun nana kana iyeu Alam teh eta kaharti jeung dibenerkeun ku Akal.

Dupi kecap Wenang dina hukum Syara' mah nyaeta, perkara anu di pigawena atawa henteu migawena, eta henteu jadi ganjaran jeung henteu ngajadikeun siksaan.
Contona saperti : Wenangna dahar, sare, sareng anu sanesna.

Jadi dimana anjeun/paramaos manggih kecap Wajib, Wenang( Jaiz) atawa Mustahil dina nyipatan Alloh atawa Rosulna, tah eta teh tangtu anu dimaksudna teh ceuk hukum Akal.
Jeung upama manggih kecap : Wajib ka sakabeh jalma Mukalaf kudu nganyahokeun Rukun Iman, atawa Wajib ka sakur-sakur jalma anu mukalaf, kudu ngalakonan shalat lima(5) waktu, tah tangtu eta mah anu dimaksud teh Wajib ceuk hukum syara', nyaeta lamun dipigawe diganjar, jeung lamun ditinggalkeun bakal disiksa.

Tah dugi ka dieu TAMMAT ( والله أعلم )
Tammat dina Muqoddimah iyeu kitab/ seratan. Tegesna tamat nerangkeun bahan-bahan pikeun nempuh dina nganyahokeun atawa ngambah kana ilmu Ushuluddin.

Salajengna bade ngabahas anu ngarupakeun pokokna anu di maksud, nyaeta ( Ilmu Ushuluddin) atawa ilmu Tauhid.

والله ولي الهداية والتوفيق 


Tuesday, January 24, 2017

KASIMPULAN

Kasimpulan hukum Syara' :

Wal hasil, ari anu disebut hukum Syara' teh nyaeta, kabagi kana dua (2) nyaeta : 

1. Khithob Taklif

2. Khithob Wadl'i 

Anu dua (2) iyeu, eta masing- masing aya lima cabang, sarta hiji-hijina Khithob Taklif, eta di aturna ku khithob Wadl'i anu lima.

Jadi jumlah hukum syara' teh aya duapuluh lima(25), nyaeta hasil tina nikelkeun (ngali keun) lima khitob taklif (×) lima khithob wadl'i.

Supados kahartos iyeu dihandap kangge gambaran nana :
٥×٥=٢٥
Gambaran hukum syara'


FASAD

Khithob Wadl'i anu ka lima (5) nyaeta FASAD atawa BUTHLAN.

Ari ta'rifna Fasad atawa Buthlan teh nyaeta :

وَالْفَسَادُ اَوِ الْبُطْلَانُ هُوَ مُخَالَفَةُ ذِى الْوَجْهَيْنِ الشَّرْعَ

WAL-FASAADU AWIL-BUTHLAANU HUWA MUKHOLAFATU DZIL-WAJHAYNISY-SYAR'I.

Hartosna : Ari fasad atanapi buthlan teh nyaeta, nyulayaan nana pagawean anu ngabogaan dua jalan kana syara' dina tumibana.

Tegesna henteu nyumponan syarat rukun, ngan aya Maani' (anu ngahalang/nyegah).

Jadi tiap-tiap ibadah atawa mu'amalah anu henteu nyumponan, atawa aya Maani' mangka eta ibadah atawa muamalah teh disebut Faasid atawa Buthlan/ Batal.

SHIHAH

Khithob Wadl'i anu ka opat (4) nyaeta SHIHAH( SAH ).

Ari ta'rifna Shihah nyaeta :

وَالصِّحَةُ هِيَ مُوَاقَفَةُ ذِى الْوَجْهَيْنِ الشَّرْعَ

WASH-SHIHATU HIYA MUWAAQOFATU DZIL-WAJHAYNISY-SAR'A.

Hartosna : Ari shihah teh nyaeta anu shohih, nyaeta ngamufakatan pagawean anu boga dua jalan kana aturan syara'. 

Tegesna eta pagawean teh nyumponan syarat jeung rukunna, ngajauhan anu ngabatalkeun.

Jadi tiap-tiap ibadah saperti Sholat, zakat jeung liyanna anu nyumponan sarat jeung rukunna jeung bari aya Sabab tur euweuh Maani'( ngahalang/nyegah), mangka eta ibadah atawa mu'amalah teh di ngaranan Shihah (Sah) /Shohih.

Monday, January 23, 2017

MAANI'

Khithob Wadl'i anu ka tilu nyaeta MAANI'.

Dupi ta'rifna Maani' teh nyaeta : 

وَالْمَانِعُ هُوَ وَصْفٌ وُجُوْدِيٌّ ظَاهِرٌ مُنْضَبِطٌ مُعَرٍّفٌ نَقِيْضَ حُكْمِ السَّبَبِ 

WAL-MAANI'U HUWA WASHFUN WUJUUDIYYUN DHOOHIRUN MUNDLOBITHUN MU'ARRIFUN NAQIDLO HUKMIS-SABABI.

Hartosna : Ari ngaran Maani' teh nyaeta, sifat anu bangsa aya, tur dohir. Anu ka palenggeran sarta mere nyaho kana lalawanan hukum sabab. 

Contona saperti Haid jadi Maani' ( Ngahalangan ) kana hukum wajib sholat, sanajan aya bukti saban. Atawa contona saperti Lingsirna panonpoe(matahari) dina waktu lohor.

Tah conto anu kitu teh disebatna Maani'( nyegah/ngahalangan).

Sunday, January 22, 2017

SYARAT

Khithob Wadl'i anu kadua (2) nyaeta SYARAT. 

Ari anu disebat Syarat teh nyaeta :

وَالشَّرْطُ هُوَ مَايَلْزَمُ مِنْ عَدَمِهٖ الْعَدَمْ وَلَايَلْزَمُ مِنْ وُجُوْدِهٖ وُجُوْدٌ وَلَا عَدَمٌ لِذَاتِهٖ 

WASY-SYARTHU HUWA MAA YALZAMU MIN 'ADAMIHIL-'ADAM, WA LAA YALZAMU MIN WUJUUDIHI WUJUUDUN WA LAA 'ADAMUN LIDZATIHI 

Hartosna : Ari ngaran syarat teh nyaeta perkara anu misti tina euweuhna eta perkara teh euweuhna Masyruth ( anu disyaratan nana), ngan henteu misti tina buktina eta syarat teh kudu buktina anu di syaratan nana ( henteu buktina).

Contona saperti Wudu, tah eta wudu teh ngajadi syarat kana sholat ( kana sah na sholat) jadi lamun euweuh wudu, atuh tangtu euweh sah (teu sah sholatna), tapi can tangtu ku ayana wudu teh ayana sholat (kadang wudu teh karana rek maca Qur'an, atawa rek thowwaf sareng nu sanesna).

Dupi syarat teh eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta :

1. Syarat ceuk akal, saperti HIRUP JADI SYARAT KANA AYANA 'ILMU.

2. Syarat ceuk syara', saperti susuci (wudu, tayamum, adus) eta jadi syarat kana sah na sholat.

3. Syarat ceuk adat, saperti nangtungna sigay(taraje/tangga) eta jadi syarat kana gampangna naek kana tangkal kawung (aren).

Saturday, January 21, 2017

SABAB

Ayeuna urang ta'rifan(kanyahokeun) hiji-hijina Khithob Wadl'i anu lima (5) tea, nyaeta anu nomer hiji SABAB.

Ari ta'rifna Sabab nyaeta :

جَعْلُ وَصْفٍ ظَاهِرٍ مُنْضَبَطٍ مَنَاطًا لِوُجُوْدِ الْحُكْمِ اَيْ مَا يَسْتَلْزِمُ وُجُوْدُهُ وُجُدَ الْحُكْمِ

JA'LU WASHFIN DHOOHIRIN MUNDLOBATHIN MANAATHON LI WUJUUDIL-HUKMI AY MAA YASTALZIMU WUJUUDUHUU WUJUUDAL-HUKMI.

Hartosna : Ari ngaran sabab teh nyaeta, ngajadikeun shifat anu dohir, tur ka palenggeran/ ka cangreud jadi percantelan kana eta hukum.

Penjelasan nana, saperti jalma Zina. Alloh ta'ala ngajadieun dua hukum dina eta zina, nyaeta : 

1. Hukum Taklif, nyaeta wajib Had.

2. Wadl'i, nyaeta zina teh jadi sabab kana wajibna Had.

Karana ari Dzatna zina mah henteu ngawajibkeun kana Had, tapi di jadieun Had mah ku hukum syara', atawa hukum taklif.

Jeung ari sabab, eta oge kabagi kana dua(2) bagian, nyaeta :

1.  SABAB WAQTIYYAH, tegesna sabab anu patali jeung waktu, contona saperti : Ari lingsirna panonpoe teh eta ngajadi sabab kana wajibna sholat Dzuhur.

2. SABAB MA'NAWIYYAH, tegesna sabab anu patali jeung makna, contona saperti : Weureu( mabok), eta jadi sabab kana haramna anu matak ngaweureukeun( memabukkan).

Oge maksiat jadi sabab kana siksaan, jeung sabangsana.

Thursday, January 19, 2017

[BABAGIAN KHITHOB WAD'I]

Salajengna dupi babagian khithob Wad'i, eta kabagi kana lima (5) bagian, nyaeta :

1. Sabab

2. Syarat

3. Maani'

4. Shihhatun

5. Fasad/Buthlaanuun

Ari eta anu lima ngatur kana hiji-hijina Khithob Taklif anu lima tea. 

Jadi jumlahna hukum syara' teh upama diperinci mah aya salawe (25) hasil tina nikelkeun lima Khithob Taklif kana lima khithob Wadl'i.

{ KHITOBUL-WADL'IYYI}

Ari ta'rif khithob wadl'i nyaeta :

وَالْخِطَابُ الْوَضْعِيُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِفِعْلِ الشَّخْصِ مِنْ حَيْثُ الْوَضْعُ

WAL-KHITHOOBUL-WADL'IYU HUWA KALAAMULLOOHI TA'ALAA AL-MUTA'ALLIQU BIFI'LISY-SYAKHSHI MIN HAYTSUL-WADL'U.

Hartosna : Ari khithob wadl'i teh nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu patali kana pagawean jalma anu mukallaf (baligh tur boga akal) tina palebahan ngatur Khithob taklif.

Sunday, January 15, 2017

{AL-IBAAHAH/MUBAH}

Ari ta'rifna Al-Ibahah nyaeta :

اَلْاِبَاحَةُ هِيَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلًِقُ بِالتَّخْيِيْرِ بَيْنَ فِعْلِ الشَّيْئِ وَتَرْكِهٖ 

AL-IBAAHATU HIYA KALAAMULLOOHI TA'ALAA AL-MUTA'ALLIQU BIT-TAKHYIIRI BAYNA FI'LISY-SYAY_I WA TARKIHII.

Hartosna : Ari ngaran Ibahah teh nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu larap kana meunang milih antara meunangna migawe jeung ninggalkeun migawe hiji perkara.

Sapertu dawuhan Alloh ta'ala : " KULUU WASYROBUU MIN RIZQILLAAH" (Al-Baqoroh 60) anu hartosna : Pek dalahar, ngarinum aranjeun tina rizqi Alloh.

Tah eta hukumna dahar jeung nginum teh eta Ibahah / wenang ceuk syara'. 

Ari pagawean dahar jeung nginum eta eta disebut mubah (wenang).
Ari ta'rifna (Mubah) wenang nyaeta : 

مَالَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ اَوْ تَرْكِهٖ

MAA LAA YUTSAABU 'ALAA FI'LIHII AW TARKIHII
Mana-mana perkara anu henteu diganjar jeung henteu disiksa anu migawena jeung ninggalkeun nana. Jadi sarua henteu jadi ganjaran jeung teu jadi siksaan.

Monday, January 9, 2017

{AL-KAROOHAH/MAKRUH}

Ari ta'rif Karoohah nyaeta :

اَلْكَرَاهَةُ هِيَ كَلًامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ تَرْكِ الشَّيْئِ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا

AL-KAROOHATU HIYA KALAAMULLOOHI TA'AALAA AL-MUTA'ALLIQU BITHOLABI TARKISY-SYAY_I THOOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.

Hartosna : Ari palenggeran Karohah nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu larap atawa patali kana nitah ninggalkeun kana perkaran kalawan panitah nana teh anu henteu kukuh.

Dupi contona saperti : Maca Qur'an dina nalika ruku atawa sujud, atawa dagang boeh khusus pikeun bungkus mayit bari ngaharepkeun loba anu maraot.

Ari ta'rif makruh nyaeta : 

مَا يُثَابُ عَلٰى تَرْكِهٖ وَلَا يُعَاقَبُ عَلٰى فِعْلِهٖ

MAA YUTSAABU 'ALAA TARKIHII WA LAA YU'AAQOBU 'ALAA FI'LIHII.

Hartosna : Sakur-sakur perkara anu di ganjar anu ninggalkeun nana, jeung henteu di siksa anu migawena.

Sunday, January 8, 2017

{ANNADBU/SUNNAH}

Ari ta'rifna Nadbu teh nyaeta :

اَلنَّدْبُ هُوَ كَلاَمُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ فِعْلِ الشَّيْئٍ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا 

AN-NADBU HUWA KALAAMULLOOHI TA'AALAA AL-MUATA'ALLIQU BITHOLABI FI'LI SYAY_I THOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.

Hartosna : Ari palenggeran Nadbu nyaeta Dawuhan Alloh ta'ala anu larap kana nitah migawe hiji perkara kalawan panitah anu henteu kukuh.

Saperti dawuhan Alloh ta'alaa : 
" WA MINAL-LAYLI FATAHAJJAD BIHII NAAFILATAN LAKA (Al-isro : 79) 
anu pihartoseun nana : Jeung tina sabagian peuting, Tahajud anjeun halna tambahan pikeun anjeun. 

Tah iyeu ayat teh, nuduhkeun kana Nadbu atawa sunnah Tahajud nisbat ka urang, da pikeun kangjeng Nabi Muhammad mah wajib tahajud teh, anu jadi tambahan sholat anu lima.
Sireum ateul

Ari hukum Tahajud eta Nadbu atawa sunnah, ari pagawean Tahajud eta disebut Mandub. 

Ari ta'rif Mandub nyaeta : 

مَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَلاَ يُعَاقَبُ عَلٰى تَرْكِهٖ 

MAA YUTSAABU 'ALAA FI'LIHII WA LAA YU'AAQOBU 'ALAA TARKIHII

Hatrosna : Ari Mandub teh nyaeta sakur-sakur perkara anu jadi ganjaran dina dipigawena jeung teu jadi siksaan ditinggalkeun nana.

Tuesday, January 3, 2017

{ AT-TAHRIIM/HARAM}

Ari ta'rifna At-Tahrim nyaeta : 

اَلتَّحْرِيْمُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٓى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ تَرْكِ الشَّيْئِ طَلَبًا جَازِمًا

AT-TAHRIIMU KALAAMULLOOHI TA'ALAA AL-MUTA'ALLIQU BITHOLABI TARKISY-SYAY_I THOLABAN JAAZIMAN.

Hartosna : Dupi Tahrim teh nyaeta dawuhan Alloh ta'ala, anu patali kana nitah ninggalkeun perkara kalawan nitah anu kukuh.

Saperti dawuhan Alloh ta'ala : " WALAA TAQROBUZ ZINAA " ( AL-Isro' 32) anu hartosna : Ulah dukeut-deukeut aranjeun kabeh kana zina.
Ari hukum zina eta disebut Tahrim, ari pagawean zina eta disebutna Haram( larangan ).
#sireum ateul


Ari ngaran ( Ta'rif ) haram nyaeta : 

مَا يُعَاقَبُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَيُثَابُ عَلٰى تَرْكِهٖ 

MAA YU'AQOBU 'ALAA FI'LIHII WA YUTSABU 'ALAA TARKIHII

Hartosna : Nyaeta sakur-sakur perkara anu jadi siksaan dipigawena jeung jadi ganjaran ditinggalkeun nana, tapi lamun make niyat karena Alloh ninggalkeun nana teh.

Monday, January 2, 2017

{ IJAB/WAJIB}

Ari ta'rifna wajib nyaeta :

اَلْاِيْجَابُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلِبِ فِعٍلٍ الشَّيْئِ طَلَبًا جَازِمًا 

AL-IJAABU HUWA KALAAMULLOOHI TA'ALAA AL-MUTA'ALLIQU BITHOOLIBI FI'LISY-SYAY_I THOLABAN JAAZIMAN.

Hartosna : Dupi palenggeran Ijab nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu patali kana nitah migawe hiji perkara kalawan panitah anu kukuh, tegesna anu misti dipigawena.

Saperti dawuhan Alloh ta'ala " WA AQIIMUSH-SHOLAATA WA AATUZ-ZAKAATA " Hartosna kudu ngadegkeun aranjeun kana sholat, jeung kudu pada mikeun aranjeun kabeh kana zakat. (Al-baqoroh).

Mangka hukum Ijab dimana geus patali jeung pagawean, eta disebutna Wajib, saperti dina conto anu nembe. 

Ari hukumna eta disebut Ijab, ari sholatna jeung zakatna eta disebut Wajib, saperti conto anu nembe.

Ari ta'rifna Wajib ceuk syara' nyaeta :

مَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَيُعَاقَبُ عَلٰى تَرْكِهٖ 

MAA YUTSAABU 'ALAA FI'LIHII WA YU'AAQOBU 'ALAA TARKIHII

Hartosna : Ari teh sakur perkara anu jadi ganjaran dipigawena, jeung jadi siksaan di tinggalna.

[ KHITHOB TAKLIF]

Ari anu disebat Khithob Taklif teh nyaeta : 

هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَلِّقُ بِفَعْلِ الشَّخْصِ مِنْ حَيْثُ التَّكْلِيْفِ اَوِ التَّخْيِيْرِ

HUWA KALAAMULLOOHI TA'ALAA AL-MUTA'ALLIQU BI FI'LISY-SYAKHSHI MIN HAYTSUT-TAKLIIFI AWIT-TAKHYIIRI.

Hartosna : Ari palenggeran Khitob Taklif teh nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu hubungan patali jeung pagawean mukallaf tina palebahan nitah migawe atawa milih.

Salajengna dupi khitob difaham tina ta'rif, eta aya lima (5) bagian, nyaeta :

1. Ijab ( wajib).

2. Tahriim ( haram ).

3. Nadbu ( sunnah ).

4. Karoohah ( makruh ).

5. Ibaahah ( wenang ceuk syara' ).

Sunday, January 1, 2017

{PASAL KATILU MERTELAKEUN HUKUM SYARA'}

Fasal ka3
Sireum ateul

Ari ta'rifna hukum syara' nyaeta : 

وَالْحُكْمُ الشَّارِعُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِفِعْلِ الشَّخْصِ مِنْ حَيْثُ التَّكْلِيْفُ اَوِالْوَضْعُ لَهُ 

WAL-HUKMUSY-SYARI'U HUWA KALAAMULLOOHI TA'ALA AL-MUTA'ALLIQU BIFI'LISY-SYAKHSHIN MIN HAYTSUT-TAKLIIFU AWIL-WADL'U LAHUU

Hartosna : Dupi palenggeran Hukum syara' teh nyaeta ; Dawuhan Alloh ta'ala anu hubungan jeung pagawean Mukallaf ( jalma baligh tur boga akal) tina palebahan nitah jeung migawe atawa ngatur kana panitah. 

Mangka atuh bisa difaham tina eta ucapan " MIN HAYTSUT TAKLIIFU " eta isyarah kana khithob taklif, dupi ucapan " AWIL-WADL'U " Eta isyarah kana kana khithob wadl'i. 

Jadi atuh hukum syara' teh kabagi kana dua (2) bagian, nyaeta :

1. Khithob Taklif nyaeta ; parentahan boh nitah migawe, saperti Migawe wajib jeung migawe Sunnah. Atawa nitah eureun migawe, saperti ; migawe anu Haram jeung Makruh.

2. Khithob Wadl'i nyaeta anu ngatur kana khithob taklif.