Monday, January 9, 2017

{AL-KAROOHAH/MAKRUH}

Ari ta'rif Karoohah nyaeta :

اَلْكَرَاهَةُ هِيَ كَلًامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ تَرْكِ الشَّيْئِ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا

AL-KAROOHATU HIYA KALAAMULLOOHI TA'AALAA AL-MUTA'ALLIQU BITHOLABI TARKISY-SYAY_I THOOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.

Hartosna : Ari palenggeran Karohah nyaeta dawuhan Alloh ta'ala anu larap atawa patali kana nitah ninggalkeun kana perkaran kalawan panitah nana teh anu henteu kukuh.

Dupi contona saperti : Maca Qur'an dina nalika ruku atawa sujud, atawa dagang boeh khusus pikeun bungkus mayit bari ngaharepkeun loba anu maraot.

Ari ta'rif makruh nyaeta : 

مَا يُثَابُ عَلٰى تَرْكِهٖ وَلَا يُعَاقَبُ عَلٰى فِعْلِهٖ

MAA YUTSAABU 'ALAA TARKIHII WA LAA YU'AAQOBU 'ALAA FI'LIHII.

Hartosna : Sakur-sakur perkara anu di ganjar anu ninggalkeun nana, jeung henteu di siksa anu migawena.

Sunday, January 8, 2017

{ANNADBU/SUNNAH}

Ari ta'rifna Nadbu teh nyaeta :

اَلنَّدْبُ هُوَ كَلاَمُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ فِعْلِ الشَّيْئٍ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا 

AN-NADBU HUWA KALAAMULLOOHI TA'AALAA AL-MUATA'ALLIQU BITHOLABI FI'LI SYAY_I THOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.

Hartosna : Ari palenggeran Nadbu nyaeta Dawuhan Alloh ta'ala anu larap kana nitah migawe hiji perkara kalawan panitah anu henteu kukuh.

Saperti dawuhan Alloh ta'alaa : 
" WA MINAL-LAYLI FATAHAJJAD BIHII NAAFILATAN LAKA (Al-isro : 79) 
anu pihartoseun nana : Jeung tina sabagian peuting, Tahajud anjeun halna tambahan pikeun anjeun. 

Tah iyeu ayat teh, nuduhkeun kana Nadbu atawa sunnah Tahajud nisbat ka urang, da pikeun kangjeng Nabi Muhammad mah wajib tahajud teh, anu jadi tambahan sholat anu lima.
Sireum ateul

Ari hukum Tahajud eta Nadbu atawa sunnah, ari pagawean Tahajud eta disebut Mandub. 

Ari ta'rif Mandub nyaeta : 

مَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَلاَ يُعَاقَبُ عَلٰى تَرْكِهٖ 

MAA YUTSAABU 'ALAA FI'LIHII WA LAA YU'AAQOBU 'ALAA TARKIHII

Hatrosna : Ari Mandub teh nyaeta sakur-sakur perkara anu jadi ganjaran dina dipigawena jeung teu jadi siksaan ditinggalkeun nana.